Kiwari paragi balakécrakan nu bari nyadiakeun tempat genaheun keur meujeuhna jadi udagan masarakat. Salah sahijina nyaéta Kampung Aseupan di Tanjungsari Sumedang. Siga kumaha éta patempatan? Jeung naon nu matak narik atina? ***
Disebutkeun biasa-biasa baé bisa, disebut aya onjoyna oge pantes. Ngan nya kitu, kasebutna tempat dahar tangtuna oge ampir sarua siga di tempat séjén. Lamun disebut aya onjoyna batan tempat dahar nu lian, mungkin ku sabab perenahna Kampung Aseupan mah teu jauh teuing ti kota, tapi suasana lemburna karasa pisan.

Nu dijual di éta tempat, umum siga di tempat séjén. Kuliner Sunda saperti liwet, goréng hayam, beuleum hayam, tahu, témpé, goréng atawa beuleum lauk, asin, lalab sambel sapuratina lengkep aya. Kitu deui dawegan ogé aya ajangkeuneun ka tatamu nu mungkin waé ngarasa hanaang sabab saméméh nepi ka éta tempat téh di jalanna kapanasan ku morérétna panonpoé. Sagala rupa pesenan téh dibawana kana nyiru leutik.
Paragi balakécrakan téh ampir sakabéhna perenahna luhureun balong anu teu sabaraha lega. Istiméwana, nu dalahar téh bisa bari nyerangkeun pamandangan sawah anu lamun keur héjo mah matak waas. Jeungna deui, hareupeun tempat dahar anu ampir kabéh mangrupa ‘léséhan’ téh dipelakan tangkal kaktus anu nya gedé nya jangkung.
“Biasana tatamu téh sok diparoto di dieu,” ceuk salah saurang pagawena bari nunjukkeun kana tangkal kaktus téa.

Kampung Aseupan tempatna teu pati lega, méja tempat dahar gé sigana moal leuwih ti 20, tapi perenahna sisi jalan pisan nyaéta di Kampung Ciseupan, Désa Sukasari, Kacamatan Sukasari, Kabupatén Sumedang.
Ditempuh ti pasar Tanjungsari mah kurang leuwih 5 km, nyaéta lamun ti Bandung ka Sumedangkeun mah, sanggeus ngaliwatan pasar Tanjungsari, méngkol ngénca. Nanjak saeutik tapi jalanna kawilang alus najan teu rubak ogé.
Kahontal Ku Jalma Leutik
Nu cenah sok jadi matak panasaran, tatamu nu ka Kampung Aseupan lian ti rék ngabuktikeun patempatanana anu cenah genaheun téh bari hayang apal soal hahargaanana. Ceuk karéréaanana nu geus ka dinya nyebutna bisa kahontal ku nu boga pésak leutik.

Hanjakalna basa Ligar ka dinya mah teu bisa ngobrol jeung anu bogana. Sabab keur réa pisan anu daratang. Ngan ceuk salah saurang karyawanna, Kampung Aseupan téh can pati lila cenah ayana.
“Nembé sataun langkung,” cenah.
Nurutkeun tukang parkir, Kampung Aseupan téh unggal poé buka. Ngan bukana tara nepi ka liwat magrib komo deui nepi ka peuting, tapi ukur nepi ka jam 5 burit.
“Demi kaamanan. Intina mah bisi aya nanaon di jalanna. Najan teu acan kabéjakeun aya itu ieuna di jalan mah. Ngan nanaon gé mending kénéh mahing tibatan tos kajantenan,” tukang parkir nerangkeun.
Panasaran? Mending langsung datangan. Mun ti puseur dayeuh Bandung mah paling gé ukur 30 km. *** (éép nr)

