Pikeun nu resep  momotoran, ulin ka basisir mangrupa hal nu kudu dilaksanakeun. Salah sahijina Paguyuban Momotoran Déglénk ti Komplék Bumi Langgeng, Kabupatén Bandung. Siga kumaha  lalampahan ka Basisir Karang Papak téh? Ligar ngobrol jeung Haji Hariyanto, salah saurang anggota Déglénk. ***

Alam Kabupatén Garut geus teu diragukeun deui soal kaéndahanana. Ti mimiti gunung nepi ka basisirna. Henteu anéh upama wisatawan loba anu hayangeun wisata ka Garut. Salah sahijina udagan keur nu resep ulin téh nyaéta Basisir Karang Papak anu perenahna di Kacamatan Cikelét, Kabupatén Garut.

Haji Hariyanto.

Ku hal éta, komunitas atawa pakumpulan Momotoran Déglénk ti Désa Cinunuk, Komplék Bumi Langgeng, Kacamatan Cileunyi Kabupatén Bandung ngarasa panasaran hayang ngalanto ka éta tempat.

“Ulah saukur béja wungkul,” ceuk Haji Hariyanto salah saurang anggota Déglénk.

Nya dina poé Saptu, 19 Séptémber 2026 rombongan Haji Hariyanto ngabring ka Basisir Karang Papak tarumpak motor bareng jeung para istrina séwang-séwangan.

“Sadayana 12 motor boncéngan. Ngan aya ogé anu nyandak murangkalihna,” ceuk Haji Hariyanto deui.

Nurutkeun Haji Hariyanto, teureuh Jawa Tengah nu kungsi bubuara di Kalimantan, Jakarta jeung sababaraha kali pundah pindah imah di Kota Bandung sarta kiwari tetep renggenek di Komplék Bumi Langgeng, ‘touring’ momotoran téh lain kakara. Tapi geus aya puluhan kalina. Diantarana nu kungsi dipilampah téh ka Masjid Al Kamil Jatigedé, ka Majaléngka, Kawah Drajat  jeung tempat tempat séjénna.

Ngan reremenna mah tara nepi ka mondok. Paling indit nyubuh, mulang téh peuting dina poé éta kénéh. Tapi ku sabab lalampahan ka Basisir Karang Papak mah bisa disebutkeun jauh, anu ti Kota Garut gé masih kudu milampah kurang leuwih 90 km, antukna kudu meuting.

“Kirang langkung 7 jam ti rorompok dugi ka lokasi téh,” ceuk Haji Hariyanto.

Tapi lila di perjalanan téh loba dibalukarkeun ku seringna istirahat. Kadang bari muka babawaan dahareun botram jeung nungguan sababaraha anggota anu ngajalankeun motorna teu bisa gancang.

Teu jadi soal najan jauh gé. Sabab nurutkeun Haji Hariyanto, sakabéh anggota Momotoran Déglénk téh jalma-jalma nu geus pangsiun tina gawéna. Nu tangtu umurna ge geus leuwih ti 50 taun. Jadi kabéhanana gé boga waktu anu rinéh.

Karang Papak

Basisir Karang Papak, najan henteu sasohor basisir lianna siga Pananjung Pangandaran, tapi geus katelah tempatna éndah. Kitu deui di jalanna saméméh nepi ka tempat anu dituju, wisatawan bakal disuguhan pamandangan anu éndah.

Ibu-Ibu Déglénk ngaramékeun Karang Papak.

Suasana basisir anu henteu saramé di di tempat séjén, tangtuna malah leuwih matak ningtrimkeun pipikiran. Angin ngahiliwir ciri di basisir, malah nambah betah hayang lila cicing di éta patempatan. Hal kitu dimangpaatkeun ku para anggota Déglénk téh pikeun ngumbar kagumbiraan jadi pangalaman nu bakal hésé dipopohokeun.

Mulang ti Basisir Karang Papak téh poé Mingguna. Sanggeus nepi ka imahna séwang-séwangan. Tangtu aya anu ngarasa capé jeung anu henteu. Ari Haji Hariyanto mah ngakuna henteu capé. Nu jelas sagala lalampahan téh ti indit nepi ka mulangna deui ka imah, jadi pangalaman éndah nu hésé dipopohokeun. Malah ngarencanakeun rék ‘touring’ deui ka tempat séjénna nyaéta Pangandaran.

Haji Hariyanto jeung istrina.

“Ngan ku margi ka Pangandaran mah kedah mondok téa, janten saméméhna bakal ‘touring’ heula ka nu caket. Supados tiasa ngawadahan ka para anggota anu teu tiasa ngiring ka Pangandaran,” Haji Hariyanto mungkas obrolan. *** (éép nr)

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *