Lembur Urang Warta

Masarakat Ngadongsok Transum Bandung Dibebenah

Komunitas warga Bandung nguji coba angkot feeder mandiri pikeun nagih komitmen Pemkot jeung Pemprov Jabar dina nangtukeun anggaran transportasi umum di APBD 2027.

Koalisi Demokrasi Kita jeung Aliansi Warga Bandung ngayakeun gempungan nu jejerna Anggarkan Transum

Bandung, ligar.id — Patalimarga beuki macét, padedet, samalah mah dina sakali mangsa rajeun kateug jam-jaman. Pasualan éta gé pikiraneun masarakat. Komunitas warga Kota Bandung ngagelar kagiatan nu ngadongsok kapastian anggaran keur angkutan umum. Nu dipiharep ku arinyana mah lain ukur pangwangunan halteu atawa sérémonial koridor anyar. Leuwih ti kitu, kudu aya jaminan operasional transportasi massal nu maneuh, murah, jeung ngadongkang paimahan.
Aspirasi éta jadi jejer dina gerakan Anggarkan Transum! Nu diluluguan ku koalisi Demokrasi Kita jeung Aliansi Wargi Bandung Peduli Transformasi Angkot di Museum Kota Bandung, Salasa, 13 Oktober 2026. Éta acara téh medar rancangan APBD 2027. Nagih komitmen politisi dina metakeun waragad.
Akademisi Institut Teknologi Nasional Bandung, Ratna Agustina, nandeskeun yén dina raraga nyumponan hak mobilitas masarakat téh pamaréntah teu semet nyadiaan infrastruktur jeung armada. Nu kudu dipaliré téh lebah ningkatkeun layanan nu mayeng nu ngarojong kana kagiatan warga.
“Pamaréntah kedah nyadiaan anggaran subsidi kanggo transportasi umum!” ceuk Ratna tandes naker.
Aspirasi éta beuki keuna lantaran pamaréntah keur ngeureuyeuh megaproyek Bus Rapid Transit (BRT) Cekungan Bandung. Koordinator Politik dan Kebijakan Demokrasi Kita, Alia Sarastita, nétélakeun yén kabutuhan dana operasional sistim BRT jeung angkutan panyambung (feeder) téh ijiran mah nepi Rp 633 miliar. Kota Bandung kudu nutupan 42,9 persén (kira-kira Rp 257 miliar), Pamaréntah Provinsi Jawa Barat kabagéan 30,9 persén (Rp 185 miliar). Biaya sésana dibagi ka pamaréntah kabupaten/kota di wewengkon Bandung Raya.
“Tanpa alokasi pasti di APBD, skema integrasi moda éta téh mung janten rarancang, ukur angen-angen,” pokna.
Dina éta gempungan gé, komunitas warga boga rarancang aksi ngaliwatan kagiatan Pekan Raya Angkot dina tanggal 15–29 Nopémber 2026. Arinyana baris ngayakeun uji coba Angkot Feeder Do It Yourself (DIY) di rute Pusdai–Kalapa. Salila dua minggu, armada nu didesain estetik ku seniman lokal téh ngaliwatan 38 titik—kaasup Alun-Alun, Taman Lalu Lintas, jeung Cihapit. Uji coba éta dina raraga ngalarapkeun aturan anyar nu wincikanana: jadwal nu maneuh, henteu ngetem, katalingakeun GPS, ongkosna puguh, sarta ngahiji jeung Metro Jabar Trans (MJT).
Tarékah warga téh luyu jeung rarancang panataan angkutan kota nu dipigawé ku Dinas Perhubungan Kota Bandung. Kepala Bidang Angkutan dan Pengujian Kendaraan Bermotor (PKB) Dishub Kota Bandung, Asep Kurnia, nétélakeun yén angkot téh keur digiring kana modél bisnis anyar—tina sistim setoran konvensional ka “Angkot Pintar” atawa armada listrik nu jadi feeder BRT.
Dina danget ayeuna di Kota Bandung téh aya 35-39 trayék resmi. Nu 14 rute mah geus diperenahkeun jadi feeder. Demi trayék lianna mah keur rerouting atawa diobah jadi sistim grid.
“Dikirangan téh sanés hartos nutup rejeki. Nanging dikirangan sangkan angkutan henteu patumpuk di puseur dayeuh. Dirobih tah supados nyambung sareng TMB/MJT, ogé tiasa lebet ka padumukan,” ceuk Asep écés naker.
Kawijakan éta dirojong ku Ketua Umum Koperasi Kobanter Baru Jawa Barat, Dadang Hamdani. Nurutkeun Dadang, guyub rempug jukung sauyunan mah baris medalkeun mangpaat nu karasa ku balaréa, lain ukur méré bati ka salasahiji pihak. Inyana sumanget pisan dina rampak gawé nu di jerona dieusian ku leuwih ti 100 élémén masarakat—ti mimiti supir, akademisi, nepi ka seniman.
Ngan inisiatif ti sipil mah kawatesanan. Injeksi anggaran jeung kereteg pulitik (political will) nu bisa nangtukeun mah. Cara mairan Pamaréntah Kota Bandung jeung Pemprov Jawa Barat mah ditilik tina kawijakan APBD 2027. Naha transportasi umum di Kota Bandung téh angger kitu-kitu kénéh, atawa aya nu dibebenah nu luyu jeung harepan masarakat.***

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *