Pikeun nu resep suasana alam, naék gunung mangrupa hal nu kaasup penting. Komo keur rumaja mah. Lian ti hobby kaasupna gaya hirup. Saperti nu dilakukeun ku Sena Seftia Fajar jeung babaturanana. Siga kumaha pangalaman ka Papandayan téh? Ligar Basa Sunda ngobrol jeung Sena. ***
Gunung Papandayan, kaasup Gunung nu jadi tujuan pangjugjugan kaum rumaja. Sabab lian ti alamna nu éndah, réa oge tangtanganana. Ulah ceuk béja, tapi kudu ngalaman dipilampah. Komo deui kiwari mah geus mangrupa Taman Wisata Alam anu tangtu hal kasalametan ka éta tempat téh kajamin.
Sabenerna béda-béda pamaksudan ulin ka Taman Wisata Gunung Papandayan téh. Aya anu saukur hayang naék atawa ‘mendaki’, aya anu hayang popotrétan wungkul, aya ogé anu hayang ngararasakeun suasana peuting sakaligus isuk-isukna bari siduru jeung nyuruput cai haneut.
“Parantos sababaraha kali sim kuring sareng réréncangan ka Papandayan téh. Resep alamna,” ceuk Sena, guru olahraga di salah sahiji sakola nu aya di Kota Bandung.

Nurutkeun Sena, pikeun nu can ahli naék ka gunung, ka Papandayan cukup wé ka Hutan Mati ogé. Sabab di éta tempat geus alus kacida pikeun kaperluan nyieun vidéo atawa popotrétan. Alamna garing, tatangkalan paraéh balukar gunung bitu. Jalan anu ditempuhna ogé rada tarahal cenah.
“Ti gapura tempat ngical karcis ka Hutan Mati, wisatawan bakal ngalangkungan batu-batu. Boh nu mangrupi batu alam atanapi anu ngahaja didamel tina semén. Kitu deui di sisi-sisina bakal kapireng haseup-haseup nu ka luar tina taneuh sarta bau walirang,” ceuk Sena deui.
Ngan ceuk Sena, aya istilah keur nu sok naék gunung mah. Lalampahan ka Hutan Mati disebutna ‘Ték Tok’. Nyaéta bisa dipilampah bulak balik dina poé éta kénéh.
Upami hoyong ka puncakna mah tebih kénéh. Nyaéta salah sahiji jalurna ka Pondok Saladah. Nya di dinya mah tiasa ngadegkeun ténda,” ceuk Sena deui.
Anu dilakukeun ku Anisa Fitri Wulansari mah ka TWA Papandayan téh ukur nepi ka Hutan Mati. Sabab kawatesanan ku waktu cenah.

“Tapi alhamdulillah sugema. Popotrétan sareng ngadamel vidéo hasilna lumayan,” ceuk Anisa, mahasiswi Hukum UIN Sunan Gunung Djati Bandung nu taun 2025 geus ngaréngsékeun S1-na sarta sarua warga Kota Bandung.
Nurutkeun Sena, lamun naék gunung komo bari rék meuting aya sababaraha hal anu henteu meunang poho. Diantarana anu kudu dibekel téh ténda, obat-obatan pribadi, cai nginum, dahareun saperti mie instan jeung anu lianna.
Kitu deui pakéan atawa sapatu anu husus pikeun naék gunung. Ngan ceuk Sena, najan henteu boga gé kiwari mah geus réa anu nyéwakeun éta barang.
Udagan Rumaja
Taman Wisata Alam Gunung Papandayan (TWA Gunung Papandayan) lokasina di Désa Simajaya jeung Désa Keramat Wangi, Kacamatan Cisurupan, Kabupatén Garut, sarta Désa Néglawangi, Kacamatan Kertasari, Kabupatén Bandung. Legana kurang leuwih 225,27 héktar anu ditetepkeun dumasar S.K Menteri Pertanian tanggal 8 Méi 1990 No. 226/Kpts/11/1990.

Lamun ditempuh ti Kota Bandung mah Gunung Papandayan nu aya di 2665 mdpl kurang leuwih 89 km kalawan jalanna genaheun pisan anu jalurna ka Cikajangkeun. Kaasup gunung nu masih aktip. Pernah bitu taun 1772, 1923, 1942 jeung 2002.
Nu matak narik kaum rumaja, di Taman Wisata Alam (TPA) Gunung Papandayan réa pisan jugjugeunana. Kawah gé aya sababaraha hiji saperti Kawah Emas, Kawah Pengantin, Kawah Nangklak jeung Kawah Baru anu réréana mah aya mitosna.
Harga tikét ‘hiking’ ka TWA Gunung Papandayan Rp.30.000,- nepi ka Rp. 40.000,-. Lamun kémping Rp. 35.000,-. Éta téh can kaabus waragad asup jeung biaya parkir. Kitu deui foto pra wedding jeung anu lianna kudu mayar deui. ***

