Ku Prof. Chye Retty Isnendes
Aya kecap-kecap dina basa Sunda anu pondok wangunna, tapi jero hartina. Salah sahijina nyaéta kecap ligar. Lamun maca salah sahiji kamus, meureun urang manggihan harti ligar téh ngan ukur “kembang nu geus muguran”. Tapi teu kitu upama urang ngabanding-banding éta kecap dina sababaraha kamus mah. Geuning lamun diteuleuman mah kecap ligar téh sabenerna ngandung palasipah anu éndah, yén aya mangsana pikeun mekar, aya mangsana pikeun mu- ragkeun kembang, sangkan aya nu bisa jadi buah.
Ampir kabéh kamus Sunda méré harti nu méh sarua. Dina Kamus Umum Basa Sunda LBSS citakan kadua (1980: 285), ligar dihartikeun minangka (kembang) anu maruragan daun kembangna. Dina Kamus Basa Sunda R.A. Danadibrata citakan ka-4 (2015: 407) dihususkeun kana pucuk kawung, pucuk jambé, janur nu geus ‘mekar’ misah-misahkeun manéh tina nu asalna ngahiji téh. Dina Soendaas-Nederlands Woordenboek F.S. Eringa (1984: 407) jeung dina Soendaneecsh Hollandsch Woordenboek S. Cools- ma (1913: 344), kateranganana leuwih jembar: heulayan kembang nu henteu pugur sakaligus, tapi muguran hiji-hiji, nepi ka ahirna nyésakeun pentol kembangna. Anapon Jonathan Rigg (1862: 646-647) dina A Dictionary of the Sunda Language méré tilu wangenan, nu salah sahijina nyebutkeun ligar kawung atawa saludang bungkus kembang kawung nu mekar; muka.
Harti kamus nu Rigg rada relate jeung harti kamus nu Danadibrata, nyabit perkara kawung, najan nu hiji kana kembangna nu hiji kana pucuk (daun)-na. Bisa jadi ogé, nu Rigg dianggap leuwih orisinil lantaran leuwih kolot umur kamusna –sabenerna aya nu pangkolotna deui nyaéta kamus Andries de Wilde (1841) tapi sanggeus disalusur teu mendakan kecap ligar, nu aya téh logor, nu konotasina ampir sarua jeung nu Rigg; jembar, lega.– Salian ti éta, kaorisinalan harti ligar dina kamus Rigg lantaran ngantetkeun kecap ligar jeung kawung jadi ligar kawung, sedengkeun kawung kapan bagian tina flora Sunda nu buhun nu geus hirup dina mitos Sunda. Hartina geus kainternalisasi ku urang Sunda kacida kahotna.

Tapi mun éta rupa-rupa harti dihijikeun, écés yén ligar lain ukur nyaritakeun hiji kajadian botanis. Ieu kecap nyaritakeun hiji prosés. Prosés tina mekar kana buah. Prosés tina pinuh kana kosong. Prosés tina nyepeng kana ngaleupaskeun. Kembang moal jadi buah lamun teu daék ligar. Heulayan kembang anu salila ieu ngajaga kaéndahanana kudu daék murag. Anu tadina dipikaresep kudu daék nyingkir supaya kahirupan anyar bisa tumuwuh. Dina ekosistem hayati mah, teu aya nu ngaranna gagal waktu heulayan kembang murag. Sabalikna, éta téh tanda yén kahirupan geus asak geus mapan geus ninggang kana wayahna.
Sigana, manusa ogé kitu.
Urang remen kagoda ku hal-hal anu mekar: gelar, jabatan, pangkat, pangajén, atawa pujian. Padahal éta ukur heulayan. Mun terus dicekel pageuh, urang bisa waé terus mekar, tapi moal kungsi buahan. Ku kituna, jalma anu wijaksana nyaéta jalma anu wani ligar: wani ngantep égo ragrag, wani ngabagikeun élmu, wani méré kasempetan ka nu ngora, jeung wani narima yén unggal jaman miboga mangsa mekarna séwang-séwang.
Hal séjén nu matak mincut, dina dunya seni Sunda, kecap ligar meunang harti anu leuwih anteb. Dina buku Ensiklopedi Sunda (2000: 382) disebutkeun yén ligar nyaéta sora rebab anu digésék tanpa téngképan ramo. Hartina, sora anu kaluar téh can kabendung ku pola atawa aturan nada. Sora nu handaru, bedas, kabuka, lega, bébas, tapi henteu sakahayang. Sora éta jadi panganteur dina ngawangun lagu, disebutna gé sora barang ageung.
Éta téh lir ibarat kahirupan. Saméméh aya wirahma, kudu aya sora. Saméméh aya wangunan, kudu aya rohangan. Saméméh aya karangan anu hadé, kudu aya pikiran anu dibébaskeun heula tina sagala kasieun. Ku kituna, ligar dina seni lain ngan ukur sora, tapi lambang kabébasan pikeun nyipta.
Urang balik deui kana harti ligar dina kamus Jonathan Rigg (1862: 646-647) nu jembar jeung matak kataji. Harti ligar nu dua deui lain ngan ukur patali jeung bungkus kembang kawung nu mekar atawa ragragna kembang nu muguran heulayanana sakumaha kamus-kamus béh dieu, tapi dina Rigg disebutkeun yén ligar téh pagawéan nyieun jeung muka lapang; palataran; rohangan; sang- kan lega. Rohangan pikeun nu séjén. Rohangan pikeun pama- degan anyar. Rohangan pikeun béda. Rohangan pikeun tumuwuh.
Kiwari, dina mangsa kahirupan remen dipinuhan ku sora-sora silung nu silih hualkeun silih bolékérkeun, silih dedetkeun silih goréngkeun ku pamadegan nu hayang meunang sorangan, meureun urang perelu leuwih loba “ligar”. Ligar dina harti daék ngadéngé; daék méré tempat; daék ngahargaan batur, sabab rohangan anu muka sok leuwih subur tibatan tempat anu pinuh ku kacupetan jeung kaadigungan diri.
Éta sababna, ligar téh sabenerna lain lambang mungkasan hirup, tapi lambang parobahan hirup. Kembang anu ligar lain kembang anu paéh, tapi kembang anu geus aya dina tahapan satuluyna. Rebab anu ligar lain rebab anu kosong sora, tapi sora anu keur néangan lagu. Rohangan anu ligar lain tempat anu euweuh eusian, tapi tempat anu nyiapkeun kahirupan anyar.
Meureun éta ogé kudu jadi cara, siga urang nenjo budaya Sunda. Budaya nu moal hirup lamun ngan ukur dipiara siga kembang palastik: éndah tapi henteu baro- bah. Budaya mah kudu wani ligar. Wani muka rohangan pikeun tafsir anyar, pikeun karya anyar, pikeun téknologi anyar, tanpa pegat tina akar ajén-inajénna. Basa Sunda ogé kitu, moal manjang lana ku cara diteundeun dina kamus wung- kul, tapi ku cara dilarapkeun, di- tuliskeun, dipadungdengkeun, dipikaresep, jeung dipikacinta ku unggal generasi.
Ku kituna, kecap ligar lain saukur éntri dina kamus. Ligar téh hiji piwuruk. Hirup lain ngan ukur ngeunaan kumaha urang mekar, tapi ogé ngeunaan iraha urang kudu daék ngaleupaskeun, sabab dina unggal heulayan kembang anu muguran, aya jangji buah anu bakal asak. Dina unggal rohangan anu muka, aya kasempetan anyar pikaharepan, jeung dina unggal ligar, salawasna aya kamungkinan pikeun hirup anu leuwih jembar.
Hayu urang maca LIGAR, nu muga baé ieu majalah jadi rohang nu lega dina ngawadahan rupining aspirasi sareng inspirasi urang Sunda. Hayu urang maca LIGAR, nu muga baé ieu majalah jadi média anu muka cakrawala anyar urang Sunda.* Cigugur Girang, 10 Juli 2026 (Ligar, 02, 22 Juli 2026)

