Uncategorized

Neng Sonia; Majalah Ligar, Média Kanyaah Nonoman kana Budayana

Nonoman mikanyaah kana budaya Sunda, lain ukur midangkan pagelaran atawa miara duduluran, tapi deuih miara médiana. Kitu ceuk Neng Sonia mahasiswi FIP UPI mah.

Lantaran kitu, maca Majalah Ligar ogé, ceuk wanoja urang Sriwijaya Kopo téh, sami sareng miara Sunda.

“Mani resep maosna, ngiring bingah ku ayana ieu majalah,” pokna bari imut.

Upama nonoman bisa mikaresep kana bacaan Sunda, lantaran aya médiana. Tah, masih ceuk Neng Sonia, pami barudak ayeuna kasebutna rada ‘asing’ kana kekecapan Sunda atawa kana pangaweruhna, lantaran langki aya médiana. “Utamina média citak. Margi pami ngandelkeun média sosialna, narepna ogé asa kirang,” ceuk Neng Sonia deui.***

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *