Tandang

Kang KF (H. Khairil Fikri); Manajemén Risiko Energi, Engké Kumaha, Lain Kumaha Engké

Anugerah alam keur bangsa Indonésia mah, luar biasa! Sapertina waé, minyak, gas, jeung geotéhrmal nu aya di Jawa Barat, bisa jadi cukang lantaran karaharjaan masarakatna. Ngan, kumaha cara ngokolakeunana? Ligar ngawangkong jeung salah saurang professional ahli migas di lingkungan Pertamina,
nu biasa disebut “Kang KF”.

Tina nyaritakeun sumber daya alam sacara umum, brasna mah, kana poténsi di lembur sorangan, di Jawa Barat. Di Tatar Jabar téh, dtilik tina potensi energi mah, kaasup provinsi anu beunghar kacida.
“Poténsi sumber daya alam sapertos energi, Jawa Barat mah luar biasa. Kitu deui kamajenganana gé, langkung ti payun batan daérah sanésna. Apan, munggaran aya sumur eksplorasi téh kapanggihna di Jawa Barat (Sumur Minyak Maja), persisna di Desa Maja Selatan – Kecamatan Maja – Kabupatén Majalengka taun 1871. Pangeboranana kalayan dilakukeun ku pangusaha Belanda Jan Reerink mangpaatkeun peta Art Oli (Bahasa kolonial nandaan lokasi rembesan minyak) taun 1855 karya Franz Wilhelm Junghuhn,” pokna ngingetan.
Ilaharna, boga ‘barang’ nu dipikabutuh balaréa, bisa jadi cukang lantaran naékna tarap kahirupan keur masarakat sabudeureunana. Malah, beungharna ku energi, lain ukur minyak, tapi deuih gas, jeung panas bumi atawa geotéhrmal. Éta panas bumi téa, pangheulana kapanggihna ogé di Jawa Barat nyaeta di Kamojang, perbatesan Kabupaten Bandung & Garut.
“Eksplorasi geothermal munggarana taun 1926. Harita Belanda ngebor 60 méter sumur di Kawah Kareta Api. Sarta saterusna, ngahasilkeun listrik 0.25 MW tina éta uap panas bumi, mimiti taun 1978. Saterusna sacara komersil ngahasilkeun produksi listrik 30 MW taun 1983 proyékna diresmikeun Presiden Soeharto munggaran PLTP pengheulana di Asia Tenggara nu dikelola palaputra daérah ku pausahaan PT Pertamina Geothermal Energy Tbk”, pokna deui.
Nilik ka dinya, ceuk Kang KF salaku Sarjana Ilmu Kebumian & Magister Teknik Perminyakan, Jawa Barat téh kaasup nu nyumbang migas panglobana keur ieu nagri téh. Apan nepi ka ayeuna ogé, Jabar masih kénéh ngahasilkeun energi kabutuh balaréa, di antarana, ti Indramayu jeung Cirebon.
“Janten dugi ka ayeuna mah, Jawa Barat téh kalebet, ‘gudangna’ energi nu mangapaatna sumebar ka balaréa,” pokna semu reueus.
Kanyataan nu saperti kitu, keur urang Jawa Barat gé matak reureus jeung gedé harepan geusan nyorang kahirupan nu leuwih hadé. Nepi ka ayeuna, Pembangkit Listrik Tenaga Panasbumi anu katelah (PLTP), ngalirkeun listrikna ka rupa-rupa daérah di area JAMALI (Jawa – Madura – Bali).
“Sumber panasna, lain ukur ti PLTP Kamojang nu ngahasilkeun listrik 235 MW, tapi ogé aya di tempat séjén, seperti PLTP Wayang Windu (dikelola ku Star Energy Geothermal Ltd) di Kecamatan Pangaléngan – Kabupatén Bandung, terus aya ogé PLTP Darajat nu ngahasilkeun listrik 270 MW di Kacamatan Pasirwangi – Kabupatén Garut (dikokolakeun ku konsorsium PT Pertamina Geothermal Energy & Star Energy Geothermal Ltd)”, ceuk ieu putra cikal Prof. Dr. H. Abdus Salam MM & Prof. Dr. Hj. Eti Nurhayati MSi.
Lian ti nu geus disebutkeun tadi, aya ogé “PLTP Salak di perbatesan Kabupatén Bogor & Sukabumi ayeuna ngahasilkeun listrik 495 MW (dikokolakeun ku kon-sorsium PT Pertamina Geothermal Energy, PT PLN Persero & Star Energy Geothermal Ltd), PLTP Patuha di Ciwidey Kabupaten Bandung kapasitas terpasang 60 MW (dikelola ku PT Geo Dipa Energi Persero), PLTP Karaha di perbatesan Kabupaten Tasikmalaya & Garut ngahasilkeun listrik 30 MW (dikokolakeun ku PT Pertamina Geothermal Energy).”
Anapon anu keur jadi bahan carita di lingkungan praktisi energy nasional, nyaéta poténsi panas bumi di Gunung Ciremai, Kuningan téa. Tapi, cenah, hanjakalna aya panolakan langsung ti masarakat. Sok padahal mah, urang gé kudu ningali sisi mangpaatna.
“Dina jaman kolonial, Kamojang bisa nyaangan listrik keur (sabagéan) masarakat Jawa Barat. Bawirasa, urang kuningan ogé sakuduna, ‘welcome’, ulah nutup diri. Lantaran, dina mangsana urang bisa ngaéksplorasi panas bumi, hartina, urang gé bisa ngurangan ketergantungan kana migas,” ceuk ieu téknokrat nu ngahontal ogé gelar Doktor Teknik Mesin.
Ku lobana sumber daya alam, saéstuna mah mawa anugerah keur ieu bangsa. Ngan nyakitu, dina waktuna rék dimangpaatkeun mah, teu gampang, da sok aya waé halangan téh. Apan, teu kabéh masarakat ngarti kana mangpaatna sumber daya alam téh. Ku lantaran kitu, dina waktuna rék dimangpaatkeun, teu jarang aya panolakan ti warga. Kituna téh, lantaran sok ‘diangsonan’ ku pihak-pihak nu hayang ngabogaaan ‘kauntungan pribadi jeung saharitaeun’. Oknum masarakat nu can ngarti kana untung jeung rugina saupama sumber daya alam éta dimangpaatkeun, sok leuwih ti heula nolak, nu tungtungna mah, sok ménta ‘tanjakan’ hayang kitu, hayang kieu.
“Padahal, alusna mah, mun nolak gé jeung alesan anu jelas, anu pikahartieun. Da, mun pihak nu nolak téh aya kapaur lantaran can ngarti, bisa dijelaskeun ku diskusi bareng, bisa dibébérés ku babadamian,” pokna semu nyarankeun.
Sumber daya alam, saperti migas, ayana gé dina kawatesanan. Gagantina, ti antarana geothérmal téa. éta sumber daya nu kawas kitu téh, ngabogaan poténsi panggedéna di Indonésia, malah di saamparing jagat. Dibandingkeun jeung di New Zealand, Australia ogé di urang mah masih kénéh nu panggedéna.
“Urang masih gaduh sisimpenan anu can kaolah, masih seueur poténsi anu can kamangpaatkeun tur generasi penerus kapayun,” saur ieu carogé Hj. Nova Nurfadhilah, SE téh.
Ngamangpaatkeun kabeungharan alam, gumantung ka nu ngurus atawa nu ngokolakeunana. Bisa jadi mawa kahadéan keur masarakat, tapi bisa ogé sabalikna, jadi mamala.
“Patalina sareng kabeungharan energi di urang, pihak asing gé seueur nu gaduh ‘kapentingan’. Ku lantaran kitu, pihak urangna anu kedah langkung ati-ati dina mangsana gawé bareng sareng pihak asing. Upama henteu ati-ati sarta urangna teu ngagaduhan kamampuhan ngokolakeunana, tangtosna ogé batur nu untungna, urang nu rugina. Margi seueur kapentingan pihak asing anu tiasa waé ngabalukarkeun karugian kanggo bangsa urang,” ceuk aktivis organisasi profesi migas nasional & global (Ikatan Ahli Teknik Perminyakan Indonesia, Ikatan Ahli Fasilitas Migas Indonesia, Indonesian Petroleum Association & Society of Petroleum Engineers).
Mémang, cenah, kangaranan pausahaan, udaganana ngalap kautungan sagedé-gedéna. Ngan, nyakitu, ari pihak asing mah, moal mikirkeun mamalana keur jangka panjang. Sabalikna, ceuk Kang KF, ari nu ngokolakeunana bangsa sorangan mah, tujuanana keur kamaslahatan bangsa bari tetep untung ulah rugi.
“Janten, urang nu ngokolakeunana mah, kedah leres-leres asak balitunganana. Salah sahiji padomanana, ngamangpaatkeun sumber daya alam téh, nguntungkeun sareng henteu jantén mamala,” saur ieu ahli manajemen risiko anu gaduh sertifikasi profesi lengkap ti kawit Qualified Internal Audit (QIA), Project Management Professional (PMP), Certified Risk Professional (CRP) & Certified Risk Management Professional (CRMP).
Upama urang sagawayah ngamang-paatkeun sumber daya alam kalayan ngan sakadar hayang untung nu saloba-lobana, hartina urang téh, henteu mikirkeun mangsa ka hareupna, henteu nyaah ka generasi sapandeurieunana.
“Upama urang terus-terusan ngaékplorasi sumber daya alam, tapi henteu dibarung ku parawatanana anu hadé, karugianana mah sanés ukur karandapan ku generasi ayeuna, tapi ogé ku generasi urang ka payunna. Janten, miara pakaya téh sanés kumaha engké, tapi engké kumaha,” pokna semu ngingetan.
Taksiran, ieu téknokrat nu masih kalebet kulawarga Sunan Gunung Jati (Syarif Hidayatullah) ti garis turunan Kiai Adroi & Kiai Sujai mah, sadareun pisan yén kakayaan nu aya di lemah cai urang téh, keur kama’muran ieu bangsa sakumna. Cindekna mah, saha waé nu boga kasempetan meunang kapercayaan dina ngokolakeun sumber daya alam, tujuanana mah keur karaharjaan ieu bangsa ti mangsa ka mangsa.
Dina kamandang Kang KF, ngokolakeun sumber daya alam saperti minyak, gas bumi, geothérmal jeung sajabana, sakuduna ngadumaniskeun sakumna poténsi panghadéna nu dipimilik ‘anak bangsa’. Lian ti kitu, dibarung deuih ku ugeran paripolah, boh tina budaya boh dumasar kana tungtunan agama.
“Sapertos urang Sunda nu nyepeng salah sahiji kalungguhan, dina ngalaksanakeun pancén gawéna ogé payus pisan nganggo dadasar agama sareng kaarifan lokal Sunda, kalayan profesional dina widangna,” pokna témbrés pisan.
Cindekna, ceuk Kang KF mah, ajaran kahadéan téh kudu larap dina kahirupan nyata. Kituna téh, cenah, lian ti migawé pagawéan anu sahadé-hadéna, ogé dibarung ku rambu-rambu paripolahna.
“Bawirasa, nyorang kahirupan mah kedah saimbang, saperti kasaimbangan hirup dunya sareng ahérat atawa duniawi sareng ukhrowi,” ceuk ieu pajabat nu pancénna ngamekarkeun pausahaan Pertamina di area luar negeri téh sapertos ayeuna aya di Afrika, Eropa, Asia & Amerika.

Milih nu Leuwih

Kabeungharan alam di urang, ceuk Kang KF, salah sahiji modal geusan ngahontal kamajuan. Ku lantaran kitu, ceuk inyana mah, titimbangan anu asak téh, kacida alusna. Komo tinimbangan-tinimbangan nu patali jeung kabeungharan alam mah, neueulna téh kana urusan mangpaat atawa sabalikna, madorot.


Dina harepan jeung kahariwang saperti kitu, cenah, mémang sakuduna, bisa ‘mastikeun’ yén paripolah jeung cara urang matéahkeun sumber alam téh, kudu loba mangpaatna sarta mahing hal-hal nu teu dipiharep!
“Tah hal éta, kontribusi abdi di Pertamina ayeuna kalayan satékah polah ngajaga naon waé nu kudu kajaga ku pausahaan janten tiasa diukur risikona. Apan, prinsip urang Sunda mah, aya mendingan atawa mendingna nyaéta salah sahiji cara milih léngkah, malar éta pilihan téh leuwih alus, leuwih mangpaat, leuwih maslahat ditaker nu bener sabaraha penting risikona,” pokna.
Upama pausahaan saperti Pertamina bisa efektif & efisien, pasti bakal loba mangpaatna, Lian ti pausahaan leuwih séhat, apan mangpaatna éta pausahaan ogé bakal karasa ku masarakat. Pausahaan nu bisa naker risikona, bakal bisa leuwih maju. Tapi sabalikna, upama pausahaan téh moal nyaah kana manajemen risiko, loba hal nu teu perelu, malah nyedot waragad, moal bisa diprediksi kahareupna jeung kudu kumaha ngalolana, pangaruhna ka pausahaan gé bakal goréng, lain untung, tapi malah rugi.
Mémang cenah, ngajak paham risiko gé teu gampang. Tapi, ngaliwatan alesan nu jelas, argumén nu pikahartieun, pihak séjén gé bakal ngartieun. Ngan tangtuna, dina nepikeun pamanggih gé, kudu ku basa nu ‘merenah’, sarta dumasar kana pakta & analisa risiko nu didukung ku kajian data statistik, évaluasi data historis tur monitoring kajian ilmiah. Ku cara kitu, usulan gé moal hésé dihaminanana ku pihak séjén.

Sakola jeung Masantrén

Sakola jeung masantrén, dibiasakeun ti bubudak nepi ka SMA. Nya, di sakola deuih, waktu di SMP, bisa nambahan élmu agama leuwih daria bari jeung mondok téa. Salah sahiji kagiatan di pasantrén diajar basa asing, Arab jeung Inggris. Dipraktékkeun unggal poé kudu apal tilu kosa kata, boh basa Arab boh basa Inggris.
“Alhamdulillah, dina salebet sataun, tiasa apal langsung sarébu kosa kata, boh Inggris boh basa Arab,” ceuk ieu incu Alm. KH. Masduki Mz bin KH Muallim Marzuki bakal pangadeg Pondok Pesantren di Kabupaten Majalengka & Cirebon, nyoréang mangsa ka tukang.


Tina bisa basa asing, indit ka luar negeri gé jadi ludeung. Kituna téh, saperti papatah sepuhna, mun indit ka luar nagri, najan teu boga duit gé, ari bisa basa asing mah, teu kudu salempang.
Bisa basa asing ngadorong kalancaran tolab élmu di mancanagara. Kuliah di luar nagri atawa ditugaskeun ku pausahaan mancén gawé di nagri deungeun, bisa ngalaksanakeun pancén dina widangna.
Tina remen ka luar nagri, cenah, opat benua mah alhamdulillah geus kasabaan. Remen ka luar nagri, teu ngarasa bosén. Da, tetep aya nu nyantel dina haténa, angen-angenna lain ngan ukur nyaba ka tempat-tempat éndah atawa nu sohor atawa lain ka tempat nu kawas kitu.
“Upama aya nu naros, naha habén waé indit-inditan ka luar nagri? waleran abdi mah, margi hoyong ruku sujud dina amparan jagat di saban tempat nu kasabaan. Apan Gusti Nu Kawasa nyiptakeun bumi anu lega pikeun didatangan supados janten hamba anu cerdas sareng bersyukur,” pokna mungkas wangkongan. (*) Tim Ligar. *Edisi 08, 22 Oktober 2026

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *