Tandang

Dr. Dra. Hj. Eni Sumarni, S.T., M.Kes.: Dasa Daya Waluya, Ubar Mujarab Nyegah Runtagna Nagara

Lir binih tutuwuhan pinilih nu dipelakeun dina lahan subur. Ari alus piara tina rupa-rupa gangguan hama mah, bisa mekar sakumaha mistina. Kitu deui, jelema nu kaaping tur kaatik ti leuleutik, moal salempang dina kamekaranana. Da, kuatna ‘akar’ kahirupan sarta wanoh kana jalan sorangan, moal matak salempang dina nyorang jalan kahirupan.

Lir binih tutuwuhan pinilih nu dipelakeun dina lahan subur. Ari alus piara jeung dijaga tina gangguan hama mah, bisa mekar sakumaha mistina. Kitu deui, jelema nu kaaping tur kadidik ti leuleutik, moal salempang dina kamekaranana gé. Da, kuatna ‘akar’ kahirupan sarta wanoh kana jalan nu disorangna, moal matak salempang dina nyorang lalampahan.
Taksiran, kawas kitu lalampahan Dr. Dra. Hj. Eni Sumarni, S.T., M.Kes., dina ngambah kahirupanana téh. Inyana tigin geusan babakti kalayan tujuan geusan nepi kana tujuan nu hakiki, nyorang jalan kasalametan lahir- batin.
Lobana luang jeung pangalamanana, inyana ngarasa yakin, salah moal pahili jeung bener. Ku lantaran kitu, ieu Senator atawa anggota Dewan Perwakilan Daérah Republik Indonésia (DPD RI), dua kali mangsa bakti (2014-2024), asal Jawa Barat téh nyadiakeun jampé-pamaké kekecapan kaarifan lokal luluhur Sunda, melak cabé moal jadi bonténg, melak hadé moal jadi goréng; melak kahadéan moal jadi kagoréngan. Jurus jétu bénténg paripolah nu kawas kitu téh, keur Bunda Eni (kitu katelahna ku balaréa) palias ukur lalambé!
“Kasakit urang salaku bangsa ayeuna, utamana mah, ilangna kajujuran ti masing-masing pribadi sawatara nu matéahkeun kakawasaan,” ceuk Hj. Eni Sumarni, ka Ligar sawatara poé sabada bangsa urang miéling ka-81 HUT Kamerdékaan Republik Indonésia.
Suasana miéling kamerdékaan nu ngancik dina dirina téh nyésakeun pait-amisna lalampahan. Ngan, dina manggihan ‘nu paitna’ gé, teu disumput-sumput, da najan nyamuni, awal ahir mah, moal bisa dibuni-buni. Cindekna, keur inyana mah, bruk-brak gé, moal aya basa heurin ku létah.
“Upama ayeuna loba aparat atawa pajabat nu kajiret ku hukum alatan korupsi lantaran henteu siap narima gogoda, henteu siap narima pangbibita, nu antukna, ngalanggar aturan moral nu sakuduna jadi bébénténg keur masing-masing pribadina,” pokna tandes naker.
Taksiran, ieu akademisi nu ancrub kana dunya pulitik téh, wanoheun pisan kana kecapan Lord Acton nu ngawawadian yén power tends to corrupt, absolute power tends to corrupt absolutely. Éta pépéling téh ku nu néangan kasalametan moal dibantah, da kitu kanyataanana kakawasaan téh mahala-mahayu. Leuwih luhur kakawasaan leuwih gedé deui poténsi nyalahgunakeunana.
Paripolah salah jeung sarakah pihak-pihak nu boga kakawasaan gedé mamalana keur balaréa. Anggaran nagara nu mangrupa amanah, ari ‘sapalih’ diséngsarkeun keur pribadi mah, jadi masalah. Da, dana nu sakuduna cukup téh geus ‘ditilep’ sawaréh, komo deui kabéh, jadi mamala, matak nyangsarkeun rahayat nu saéstuna pemilik kadaulatan.
“Paripolah teu hadé pihak-pihak nu teu tigin ngalaksanakeun ‘kawajibanana’, nu baris ngarandapan mamalana mah rahayat. Penggunaan anggaran anu teu luyu jeung katangtuan anu samistina, ngabalukarkeun program keur rahayat henteu maksimal. Antukna, hak-hak nu sakuduna nepi ka rahayat téh, henteu luyu jeung harepan rayat,” ceuk ieu teureuh Sumedang Jawa Barat téh.
Paripolah atawa kalakuan anu teu jujur, dina tilikan Bunda Eni mah, sakuduna disinglar jeung ‘diperangan’. Ngan, inyana gé, sadar teu kabéh pajabat ngarasa ‘aéb’ atawa ‘dosa’ dina ngalakukeun hal-hal nu dipahing boh ku agama boh darigama téh. Malah, ceuk Bunda mah, ku oknum-oknum pajabat, milampah basilat gé, dianggap biasa!
“Kitu téa mah, da geus ilahar! Apan, kasus-kasus korupsi gé, sumebar di mana-mana; teu di pusat teu di daérah,loba nu milampahna,” pokna bangun kuciwa.

Miang tina Harepan
Upama Bunda Eni, ludeung nembrakkeun kamandang jeung pangalamanana, lantaran ti leuleutik gé dibekelan étika jeung moral nu mangrupa tetekon kahirupan. Lingkungan kulawarga, nini, bapa, jeung indungna, teu weléh ngaping anak incuna boh lahirna, boh batinna.
Narima pépéling kajujuran, boh ti nini, boh ti ibu-ramana, lain ukur lalambé, jeung lain élmu ajug; bisa nyaangan batur tapi pribadina poékeun. Salah sahiji sahiji rule model nu nyata, ti antara, ti ramana.
Dina taun 1983, Bunda kuliah di IKIP Bandung (UPI ayeuna). Harita, aya sakelompok guru honorer nu diangkat jadi PNS, ditugaskeun pamaréntah disebarkeun di Sumedang. Sababarah urang ditempatkeun di Kacamatan Cikeruh, Sumedang nu harita ramana Bunda Eni, jadi Kepala Dinas P&K di éta kacamatan.
Ieu mahasiswa puteri Kepala Dinas P&K Cikeruh téh hadir minangka pangbagéa ka koléha saprofesi. Atuh, nu nyemah gé, bungaheun lantaran suasan obrolan gé henteu formal teuing, da nyantey.
Daratangna ka dinya, semah téh henteu léngoh. Masing-masing barang bawa, oléh-oléh nu diwadahan kana kantong. Eusin, kabutuhan dapur.
Sanggeus réngsé kapereluanana, semah amitan. Ngan, sanggeus ti rohangan Kepala Kandep mah, teu gura-giru balik, meureun hayang leuwih wanoh ka sabudeureun lingkungan Kandep téa.
Sanggeus sémah di luar, oléh-oléh téh ditingalian. Aya béas, gula, kopi minyak, jeung sajabana. Lian ti éta, aya amlop bodas. Ku Bunda Eni jeung ramana éta amplop téh dibukaan. Eusina duit, rata-rata Rp 150.000. Nu aya amlopan téh lima kantong, nu dua kantong mah teu aya amplopan.
Ku ramana, sémah nu keur wawanohan jeung pagawé di éta lingkungan kantor téh digeroan deui sina ka jero. Pa Kepala nganuhunkeun kana babawaanana, ngan ulah méré duit sagala.
“Aranjeun nu barutuh duit mah. Bapa moal narima duit ti aranjeun. Keun baé béas jeung nu séjénna mah ditarima da meureun geus ngahaja éta oléh-oléh téh ti kolot aranjeun keur bapa! Sok cokotan duitna tina kantong masing-masing,” ceuk Hj. Eni malikan kekecapan ramana.
Saenyana, harita Bunda Eni gé nganaha-naha ka ramana nu teu narima duit paméré. Padahal, Bunda gé butuheun keur ngawaragadan tugas-tugas kuliah.
“Bapa mah, moal méré nafkah keur kulawarga tina duit nu teu jelas halalna,” ramana tandes naker.
Ngadéngé kekecapan ramana saperti kitu, ieu putri Kepala Dinas téh ‘ngarénjag’, ngarasa ajrih ku ramana téh. Mémang, remen pisan boh ninina, ibuna, jeung ramana mapatahan kudu jujur. Horéng ramana mah, papatah kituna téh, lain ukur lalalambé.
“Mémang papatah nu tiasa diturut mah, anu luyu sareng kanyataanana,” cek Hj. Eni Smarni nyoréang mangsa ka tukang.

Kairut Papatah Karuhun
Kaludeungna ancrub ka dunya pulitik, boga bekel ti anggalna. Atikan, di lingkungan kulawargana gedé pisan pangaruhna kana sikep jeung pilihan hirupna. Papatah nini, cenah, ulah leungiteun jati diri, ulah poho ka pamiangan.
“Pun nini mah, teu weléh mépélingan malar turunanana henteu lali ka luluhuruna, kaasup kana papatah-papatahna” ceuk ieu urang Sumedang nu resep jarah ka tempat-tempat karuhunna téh.
Ninina, ceuk Hj. Eni biasa nyaritakeun silsilah karuhunna. Papatahna kitu téh terus dibalikan-balikan deui nu disurahan ku Bunda mah, bukti kanyaah ninina malar turunanana henteu pareumeun obor sarta henteu mopohokeun ajaran-ajaran karuhunna nu leubeut ku pépéling.
“Ti kampungkur, ti leuleutik, biasa para sepuh téh mapatahan barudakna, silih asah, silih asih, silih asuh sareng sajabana,” pokna basa ngawangkong di bumina, di Kawasan Dago, Kota Bandung, Jawa Barat.
Papatah nini jadi tuturus lalakon kahirupanana. Da, karepna sakola gé, hayang loba kanyaho. Apan, boh saur ninin, boh saur ramana, tutulung gé butuh bekel kaboga jeung élmu keur nulunganana. Malah, saperti waktu mikiran naon waé nu baris mangpaat keur balaréa, pilihan kuliahna téh, jadi guru, milih kuliah di UPI Bandung, jurusan Elektro.
Ramana miharep pisan Eni jadi guru. Profési kitu téh cocog pisan keur kaum wanoja mah. Kahirupan rumah tangga gegedéna mah, tanggung jawab kaum wanoja. Atuh guru nu lian ti ngajar téh deuih ngadidik, merenah pisan upama ngabogaan kasang tukang paélmuan nu luyu jeung widang pendidikan.
Kahayang ramana, Eni jadi guru, laksana. Ngajarna, lain di SD, SMP atawa SMA, da ieu mah jadi dosén di Surabaya, Jawa Timur. Ngan, pakarepanana, hayang ngabogaan kamampuh keur nulungan masarakat, Bunda kuliah deui, nyokot jurusan Pertanian. Saterusna kuliah deui, S-2. Angen-angenna,hayang boga kamampuhan geusan méré mangppaat keur masarakat, kalayan nyangking gelar Magister Kasehatan (M.Kes).
Ngalarapkeun Kamampuhan
Tigin kana patékadan geusan méré mangpaat keur balaréa dilarapkeun dina prak-prakanana. Matak, sabada marén pancén tina jadi anggota DPD RI kasibukanana mah henteu ngurangan. Da remen jadi nara sumber dina riungan-riungan, seminar, sawala, jeung sajabana.
Tina biasa cacarita, loba nu katajieun ku kamampuh jeung sikepna. Ku lantaran kitu, dina mangsana ganti kapamingpinan Pasundan Istri (PASI) Puseur, Dr.,Dra. Hj. Eni Sumarni, S.T., M.Kes., kapilih ngemban amanah jadi Pupuhu Puseur (Ketua Umum) PASI mangsa bakti 2025-2030.
Garapan gawé (Program kerja) Pasundan Istri dina kapamingpinan Hj. Eni Sumarni, mokus kana visi “Ngawujudkeun organisasi Pasundan Istri anu nanjung tur linuhung”. Gawé nu dirarancangna ngadumaniskeun modernisasi emansipasi wanoja kalayan ngalanggengkeun akar budaya lokal di Tatar Sunda.
Sawatara angen-angen Hj. Eni napakkeun ugeran hirup nu katelah Dasa Daya Waluya nu eusina ajaran moral, etika, jeung ageman nu diembarkeun ka balaréa ku Rd. Ema Puradireja taun 1930-an. Cindekna mah, PASI téh kudu jadi palita nu nyaangan Nusantara.
“Ajén-inajén kahirupan nu ditebarkeun PASI ngawengku tilu perkara, Nyantri, Nyakola, sareng Nyunda,” pokna tandes naker.
Ari larapna dina tataran prakték, ngawengku aplikasi tina tekad, ucap, paripolah jeung kalakuan, nu dirangkum dina Dasa Daya Waluya! Tah, naon téa nu sapuluh kakuatan jeung kawaluyaan lahir batin téh? Cageur, bageur, bener, pinter, singer, jujur, junun, akur, teuneung, jeung ludeung. Éta padika hirup téh bisa jadi ubar bangsa jeung nagara nu kaayaanana, sedang tidak baik-baik saja. Dasa Daya Waluya, ceuk Bunda mah, bisa jadi panolak balai tina rupa-rupa ancaman ruksak jeung runtagna nagara, malar tetep waras tur waluya. (*)/Tim Ligar. edisi 05, 7 September 2026

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *