Susul Tepus

Urang Sunda Leungiteun Pangan Hasil Alamna

Alam mawa barokah, kari ngamangpaatkeun jeung matéahkeunana. Kitu deui alam tatar Sunda, keur padumukna mah, sumber pangan ‘anugerah’ alam. Ku lantaran kitu, dina ngamangpaatkeunana mah, kawas ceuk kekecapan karuhun, upama butuh supana kudu daék miara catangna.

Upama urang Sunda baheula ngarasa cukup ku pangan hasil alam sabudeureunana, mémang lantaran alam Sunda téh subur mamur. Sagala kabutuh, teu kudu nguyang ka batur, da nyampak dina lahan sabudeureunana.
Nu kacatur bieu téh, ayeuna mah kari dongéngna. Da, urang Sunda umumna kiwari mah, henteu deui ngandelkeun hasil alamna.
“Mangga tengetan, saha nu masih kénéh nuang jamlang, huni, kérsen, sareng sajabana?” ceuk Prof. Yaya Rukayadi, guru besar Food Science and Technology Universitas Putra Malaysia ka Ligar basa ngawangkong di Kampus Universitas Pendidikan Indonesia, waktu anjeunna ngahadiran Gelaring Majalah Ligar di Kampus UPI.

Jauh ti Alam Sunda

Karuhun mépélingan, sangkan lembur téh ngabogaan ciri masing-masing. Kekecapanana ogé, ciri sabumi cara sadésa. Kitu deui dina sual pangan, teu perelu disaragamkeun, lantaran masing-masing tempat téh béda lahanna, béda tutuwuhanana.
“Alloh mah Mahaadil, nempatkeun manusa di wewengkon séwang-séwangan. Ku lantaran kitu, dina sual pangan gé loba béda karesepna; lantaran béda hasil alamna, jadi béda karesep atawa kabeukina,” ceuk ieu Assoc. Prof. Yaya Rukayadi, P.hD., pakar biotéknologi, teureuh Sunda téh.
Katuangan keur padumuk di hiji wewengkon, nyampak di sarakanana. Kamurahan Gusti Nu Mahasuci, nempatkeun manusa sakalian jeung nyadiakeun kabutuh panganna.
Ari katuangan, apan lain padu seubeuh, da kudu mangpaat keur kaséhatan. Tah, cenah, inyana jeung Prof. Jim Kaput, guru Kang Ya, hususna widang “Nutragenomic”, ngulik pangaweruh ngeunaan kaséhatan manusa.
“Kaséhatan manusa, kapangaruhan ku dua paktor penting. Kahiji, asupan kadaharan (diet) jeung paktor genetik. Hartosna, upama urang hoyong hirup séhat, nu kedah janten tinimbangan téh, dua paktor. Naon téa? Kahiji kudu ‘milih’ luluhur urang; indung-bapa, aki-nini, anu saréhat sangkan urang boga genetik anu séhat,” ceuk Kang Ya nu kiwari ogé sok ngadosénan di Sekolah Tinggi Farmasi Indonesia jeung di International Research Fellow, ogé di IBS (Institute of Bioscience) dibarung mésem.
Mémang, Kang Ya mah, siga lulucon ngeunaan milih luluhur mah, da mémang pamohalan. Maksud inyana mah, yén miara kaséhatan masing-masing pribadi téh, aya hubunganana jeung kaséhatan luluhur masing-masing, anu teu mungkin, lantaran urang mah geus lahir kalayan genetikna geus aya dina masing-masing urang.
Kumaha atuh carana ngajaga jeung ngariksa kaséhatan urang téh? “Jalan urang geusan milih kaséhatan téh, kedah kersa nuang kadaharan anu ‘bener’ atawa anu matak séhat,” pokna semu ngingetan.
Tah cenah, milih kadaharan téh, apan urang mah dumasar kana kabiasaan, gaya hirup, jeung sajabana. Hartina, pilihan katuangan nu dianggap penting nyaéta kaséhatan téa, remen teu kapaliré!
”Alloh parantos nyiptakeun konéng gedé pikeun urang Sunda, dikonsumsi ku urang Sunda, séhat. Kitu deui Alloh nyayagikeun ginséng keur urang Korea. Tah, upama ayeuna dibalikeun, urang Korea ngadahar produk tina konéng gedé jeung urang Sunda nginum ginseng, naha pangaruh kaséhatannana sarua? Can tangtu, sabab kapangaruhan ku genetik téa,” ceuk Kang Ya ngingetan deui.
Ku lantaran kitu, ceuk ieu panaliti nu kungsi tolab élmu di University of California di Berkeley, Amerika Serikat (AS) téh, upama hayang séhat, urang gé kudu diajar ka luluhur urang baheula, lolobana karuat umurna paranjang, nu cukang lantaranana mah, nu dikonsumsina luyu jeung ’kabutuh’ awakna.
Tah, naon nu dikonsumsi luluhur Sunda baheula? Ti antarana, boros kunci, daun putat, buah kupa, haréndong (ayeuna mah tong boro nuang éta bububahan, dalah wanoh gé henteu). Nu dituang ayeuna, kiwi, apel, pear, naha séhat pikeun urang? Naha cocok pikeun genetik urang?
”Pamanggih akang munculna rupa-rupa kasakit téh, contona, jalma ngora kénéh geus nyeri tuur, ku sabab bahan asupan geus ganti,” pokna.

Tatahar Nangkis Ancaman


Patali jeung sual pangan, Kang Ya nyutat katerangan Food and Agriculture Organization (FAO) – PBB. Ceuk balitungan FAO, kamungkinan taun 2050 bakal kajadian kakurangan bahan pangan ku sabab global warming, wabah kasakit, jeung sajabana.
”Pikeun ngungkulanana, urang kudu nguatan deui deui ”neglected crops” atawa tutuwuhan anu geus kapopohokeun jeung ”underutilized crops” atawa tutuwuhan anu kurang dimanpaatkeun,” pokna.
Dina kamandang Prof. Yaya, tutuwuhan anu geus teu kapaliré atawa geus kurang dimangpaatkeun téh loba pisan mangpaatna keur kaséhatan lantaran loba komponén bahan aktifna.
”Jadi, dina mangsa kiwari, tutuwuhan neglected crops jeung underutilized crops kacida pentingna,” pokna ngingetan.
Pentingna turuwuhan nu kawas kitu, lantaran 1. Tutuwuhan éta ngandung komponén nutrisi anu lengkep tur séhat. 2. Penting pikeun ketahanan pangan. 3. Tahan dina nyanghareupan parobahan iklim. 4. Tahan tina tekenan stress biotik jeung abiotik. 5. Euyeub ku komponén nutraceutikal ogé jadi bahan obat, sarta 6. Bisa jadi donor gén pikeun rékayasa genetika tutuwuhan. Cindekna, cenah kudu direvitalisasikan deui jeung dipertahankan.
Tutuwuhan neglected crops jeung underutilized crops sacara alami, umumna geus aya ditempatna ti baheula. Atuh, tangtuna deui ceuk Prof Yaya mah, adaptasina geus kauji jadi tutuwuhan nu kawas kitu, bakal tahan kasakit ogé tahan stress alamna, jadi produktivitasna bakal kajaga.
”Upama kajaga, jelas bahan pangan tina tutuwuhan nu kawas kitu mah bakal langgeng ayana, mayeng mangpaatna. Hartosna, katahanan pangan ogé bakal kajaga,” ceuk Kang Yaya nebarkeun harepan.
Saterusna, ieu Profesor nu remen ngalanglang mancanagara nataan sawatara tutuwuhan nu dianggap ngabogaan mangpaat nu lain lalaworakeuneun. Warna-warni tutuwuhan, saperti haréndong, putat, génjér, kangkung, kupa, jambu batu, huni, sintrong, jonghé, kahitutan, cincau, temu kunci, kélor, ki bunut, paré-paré buhun di Baduy, jeung réa-réa deui tuwuh subur di tanah Sunda.
”Tah, keur urang Sunda mah, cocog jeung genetik Sunda. Naha ayeuna mah, jadi tumis kaelan lain tumis génjér nu dikonsumsi ku urang Sunda téh? Mangga populérkeun deui, aya nu mikabutuh, aya pasar, tah kadaharan nu kawas kitu téh ’hirup’ deui,” pokna semu mulangkeun panineungan.
Conto suksés miara pakaya alamna, ti antarana, Korea, Jepang, jeung China. Arinyana micinta pisan kadaharan tradisional bangsana. Atuh, katahanan panganna gé, weweg pisan.
Kitu deui tina serangga kawas simeut, jangkrik, gaang, turaes, siraru jeung sajabana ngandung 30-80%, ogé ngandung lemak anu kacida alusna saperti lauric acid, oleic acid, jeung omega-3 jeung 6.
Loba artikel ngeunaan ”Insect for Future Food”. Baheula, ceuk Kang Ya keur budak kungsi nuangan serangga anu ditataan bieu, matak séhat.
“Nepi ka ayeuna akang masih sok ngadahar simeut. Ieu katahanan pangan anu geus ampir musnah. Hartina kudu dihudangkeun deui. Kitu deui, dagé katuangan hasil fermentasi tina sisikian, dagé wijén, contona (geus musnah), padahal super antioxidant alus keur kaséhatan,” ceuk Kang Ya nyoréang mangsa ka tukang deui.
Kiwari lain bihari, baheula urang Sunda ngarujak huni, paribasa ”rujak huni haseum lada”. Ayeuna mah hésé ngawanohkeunana, keur mah bahan dasarna ogé hésé néangan buah huni téh, dina ayana kudu dimodernisasikeun.
”Ulah dirujak huni ayeuna mah, tapi coba ékstrak jieun tipung huni, warnana alus beureum kolot, terus adukeun jeung adonan kuéh atawa permén, perménkarét atawa ager-ager, warnana jadi alus pikabitaeun. Tah, sajaba mangpaat keur kaséhatan ogé jadi pewarna alam,” ceuk Kang Ya témbrés deui.
Saterusna Prof. Yaya Rukayadi nyebutkeun, tutuwuhan anu geus kapopohokeun jeung kurang dimangpaatkeun téh, dianggapna food of the poor – kadaharan jalma sangsara. ”Padahal teu kitu, barudak teu nyarahoeun naon ari buah kupa, da leuwih apal kana buah kiwi. Jadi sakuduna, ulah éra lamun urang ngadahar tutuwuhan anu geus kapopohokeun nu kurang dimangpaatkeun. Ngan sangkan nu nuangna percaya diri, nya kudu dipopulérkeun deui,” ceuk Kang Ya pinuh ku kayakinan.*** (Rudi/Ensa-Ligar edisi 02, 22 Juli 2026)

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *