Susul Tepus

Dr. Dra. R.A. Ikke Déwi Sartika, M.Pd.: Marengan Kaum Wanoja Ngahontal Tujuanana

Nepi ka danget ayeuna loba kénéh anggapan, wanoja mah kurang merenah ancrub kana dunya pulitik. Padahal, urusan hirup warga negara, moal tuna tina urusan kawijakan nu taya lian ti produk pulitik. Tah, naon balukarna upama kaum wanoja api-lain kana urusan pulitik? Ligar ngajugjugan kamandang Dr. Dra. R.A. Ikke Déwi Sartika, M.Pd., salah saurang tokoh wanoja di Jawa Barat.

Teu bisa dipungkir, nu apal kana kabutuh sapopoé kulawarga mah, kaum ibu, hususna ibu rumah tangga. Da mémang, umumna, nu apaleun kana seluk-beluk kabutuh kulawarga gé, nu jadi indung di masing-masing kulawargana.
Ti mimiti bray beurang, nepi ka surupna deui panon poé, nu nalingakeun kabutuh anggota rumah tangga téh kaum ibu. Nya, indung pisan anu nyayagikeun kabutuh sapopoé di masing-masing kulawargana gé. Ku lantaran kitu, naha énya nu ngalantarankeun kaum wanoja (di urang) teu pati katajieun ku urusan pulitik?
“Ayeuna mah, tos tumuwuh minat sareng kasadaran kaum wanoja ancrub kana dunya pulitik, kalebet aya karep janten anggota legislatif. Mung, masih kénéh seueur halangan-harunganana,” ceuk Dr. R.A. Ikke Déwi Sartika, basa ngawangkong jeung Ligar di bumi pamatuhanana Perum Suci Recidence Bandung sawatara waktu ka tukang.
Sawatara aturan méré lolongkrang ka kaum wanoja nu ancrub kana dunya pulitik, hususna keur nu boga karep jadi wawakil rahayat téa. Ngan, nya kitu dina émprona mah, hancengan nu geus disadiakeun téh, tetep can bisa kahontal kalayan lungsur-langsar.
“Nu janten hahalang kaum wanoja nu makalangan di dunya pulitik, sanés sasaha. Nu puguh mah, jolna téh ti kaumna, ti kaum wanojana sorangan,” ceuk Dr. R.A. Ikke Déwi Sartika, M.Pd. tandes naker.
Mémang, ceuk inyana, lolongkrang (peluang) mah, geus muka. Pameredih kaum perempuan malar aya wawakilna di parlemen sakurang-kurangna 30 persén sacara regulasi geus jinek. Tapi, paménta saperti kitu téh kurang dirojong ku balaréa, kaasup ku pihak wanojana.
“Kanyataan hasil pemilu kamari, kuota 30 persén teu kahontal. Hartosna, teu sakumna kaum wanoja nu ngagaduhan hak pilih, milih ti golonganana,” pokna tandes naker.
Hasil pilihan umum pangahirna, némbongkeun angka-angkana. Babandingan jumlah anggota Dewan Perwakilan Rakyat (DPR) RI mangsa bakti 2024–2029, misalna, lolobana mah lalaki. Tina jumlah total 580 korsi, kaum wanojana mah, ngan 22,2%.
Upama hasilna saperti kitu, ceuk Dr. Ikke, lain hartina ajén kaum wanoja dina widang pulitik leuwih handap batan lalaki. Tapi, lantaran hambatan kultural jeung struktural. Apan, aya sawatara hambatan, budaya patriarki, kawatesanan dana kompanye, sarta béban ganda kaum wanoja nu patali jeung urusan doméstik dina hal ieu mah urusan rumah tangga.
“Nu jadi hambatan utama, budaya partiarki, sistem sosial anu masih kénéh ngakar. Dina kaayaan nu sapertos kitu, ancrubna wanoja kana ranah publik téa, masih kénéh seueur halangan-harunganana,” pokna.

Milih Léngkah

Bajuang keur kamajuan balaréa, keur ieu inohong wanoja Sunda mah, teu meunang kateug. Basana ge, loba cara geusan ngabdikeun diri ka sasama mah. Nya, ku lantaran kitu, dina metakeun léngkah geusan ngahontal kamajuan balaréa, inyana mah loba léngkah pilihanana.
Dirojong ku ‘balad-baladna’ inyana aktif dina rupa-rupa organisasi. Atuh, saabreg kagiatanana dina organiasi aya dina ‘kadalina’. Pilihanana babakti ngaliwiatan rupa-rupa organisasi atawa pakumpulan, ti antarana, Persatuan Pejuang Wanita Indonesia (PPWI) jeung Yayasan Pamanah Rasa Nusantara (Yaparanus). Di éta dua organisasi ge, Dr. Ikke kapapancénan jadi pupuhuna.
“Masih seueur nu tiasa dilakukeun ku kaum wanoja,” ceuk ieu garwa RHS Bangsadikusumah, SH., MBA.
Saabreg kagiatan Hj. Ikke, ngabuktikeun yén ieu pangsiunan birokrat mah, lain hartina eureun tina kagiatan keur kapentingan balaréa. Da, malah leuwih loba kagiatanana mah. Inyana jadi Ketua Umum Yayasan Pamanah Rasa Nusantara mangsa bakti 2021- 2025. Lian ti éta deuih, Dewan Pakar Forum Silaturahmai Keraton Kesultanan Nusantara (FSKN ) taun 2015-2020 kapilih deui taun 2020 – 2025; Dewan Penasehat Gabungan Pengusaha Perkebunan Provinsi Jawa Barat dan Banten (GPP Jabar-Banten) taun (2016 -2026)
Legok tapak genténg kadek dina sual organisasi, inyana boga bekel jeung kadaék geusan milu ngungkulan sawatara pasualan nu saupama henteu diréngsékeun bakal jadi bangbaluh keur balaréa. Ku lantaran kitu, naon waé organsiasi nu dicekelna, tujuanana mah, keur kamasalatan balaréa. Cindekna mah geusan ningkatkeun karaharjaan masarakat.
Upama kagiatanan lana manjang lalakonna, lantaran inyana mah, geus asup kana réngréngan nu ceuk kecapan urang Sunda mah, legok tapak genténg kadaék. Dina nyanghareupan bangbaluh moal ngangluh, kitu deuii dina mangsana manggih kabungah, moal poho kana temah wadi. Kituna téh lantaranana mah pangaruh lingkungan kulawaga nu geus ngabiasakeun métakeun kadaék keur kapentingan jalma réa.
“Upama gaduh pakarepan badé midamel naon waé, tara ngaraos jongjon upama henteu laksana,” pokna tandes naker.
Dr. Dra. R.A. Ikke Déwi Sartika, M.Pd., ludeung narima ‘rasikona’. Misalna, dina waktu nyalon legislatif mangsa Orde Baru, inyana téh, jadi caleg keur Golkar di tingkat nasonal. Nurutkeun pooling mah, unggul. Tapi, buktina mah, jauh tina harepan.
Tina kajadian nu kawas kitu, keur pribadina mah, jadi luang jeung pangalaman. Da, cenah, naon waé nu kaalaman ku pribadi masing-masing téh, geus guratan ‘ti dituna’. Nu penting, manusa mah darma ihtiar, da nu nangtukeun hasilna mah Nu Mahakawasa.

Jalan Sorangeun

Nyaritakeun PPWI, Dr. Dra. R.A. Ikke Déwi Sartika, M.Pd. sumanget naker. Da, cenah, geusan ngahijikeun kakuatan kaum wanoja, saéstuna penting pisan. Da, ieu kaum téh tihang strategis pangwangunan bangsa. Tah, ieu pakumpulan téh, kaasup salah sahiji garapan gawé Yayasan Pamanah Rasa Nusantara (Yaparanus).
Sawatara kagiatan nu dilaksanakeunana, ti antarana, Asean Flower Festival taun 2016 nu lumangsung di Grand Hotel Lembang, bandung. Lian ti éta deuih, kagiatan Musyawarah Adat, Lomba Kandaraan Hias, Putri Bunga, Pameran Bunga, Kuliner, jeung Pagelaran Seni Budaya.
Aya opat pilar garapan gawe Yaparanus téh. Kahiji, seni budaya: Ngayakeun festival budaya nu aweuhanan internasional (saperti transformasi APAC Festival jadi West Javanese Culture and ASEAN Flower Festival – WSAFF) sareng pelestarian sajarah/nasab (pancakaki). Kadua, sosial jeung kamasarakatan; Ngabentuk Komunitas Wanoja jeung ngayakeun Kongrés Korp Pajuang Wanoja Indonesia, bakti sosial, sarta nguatan komunitas lokal. Katilu, Agroteknologi, jeung Lingkungan, nu salah sahiji kagiatanana inisiasi proyék tatanén anu tuluy-tuluyan (rejuvenasi kopi), budidaya tanaman hias saperti Ruscus, sarta minijmen pengelolaan runtah. Kaopat, Ekonomi Kreatif; Pamekaran konsep acara kreatif (saperti festival pernikahan adat) keur ngarojong UMKM lokal, jeung rencana pengembangan Festival Kreasi Nusanatara (Feskraf 2026).
“Éta ogé sajalan sareng kiprah Yayasan Pamanah Rasa Nusanatara. Apan, éta yayasan téh ngawengku Majelis Persaudaraan Keraton, Kesultanan dan Lembaga Adat Nusantara, Jawa Barat. Tangtos, udaganana mah, kahontalna karaharjaan sareng kajayaan warga Sunda, pamingpin Sunda, ogé rahayatna di bumi Nusantara,” ceuk Dr. Ikke Déwi Sartika.
Dr. Ikke nandeskeun, daék teu daék urang téh aya dina persaingan global nu mikabutuh ketahanan sosial. Atuh, cenah, tangtuna oge, butuh wadah perjuangan nu lain ngan ukur nyorakeun aspirasi, tapi ogé cara ngungkulananam hususna geusan ngajawab pasualan-pasualan nu biasa karandapan ku kaum wanoja.
PPWI nyorakeun patékadan anu buleud. Aweuhanana diémbarkeun ti Universitas Pendidikan Indonésia (UPI) Bandung, 12 November 2025. Nu ngagabung dina ieu organisiasi téh rupa-rupa kalangan, saperti akademis, praktisi, jeung pihak-pihak nu ngagerakkeun widang ékonomi.
Mimitran atawa upaya ngarojong kaum wanoja malar leuwih rancagé, ti antarana, dilakukeun di Bogor. PPWI ngabina kaum ibu nu matéahkeun lahan tatanén nu legana kurang leuwih 400 héktar kalayan nu ngagarapna 60 persén kaum wanoja nu diluluguan ku Ibu Siti Rumiatun.
“PPWI, sanés sakadar pakumpulan sosial, tapi gerakan intelektual sareng éknonomi anu ngagaduhan komitmen ngawal kadaulatan wanoja Indonésia muru mangsa ka hareup anu langkung bermartabat,” pokna tandes naker.
Dina waktu nu can sataun, garapan gawé PPWI geus loba nu dilaksanakeun. Hartina, dina kagiatan mah, lain kakara ‘nembe bade’, da geus jeung prakna. Nu sidik karasa mangpaatna ku balaréa, apan welasan UMKM aya dina papayung binaan PPWI.
“Tujuanana, nu tadi disebatkeun téa, PPWI mah, sanés ukur ngadugikeun aspirasi, namung maparin solusi nyata nu katara sareng karasa langsung, hususna ku kaum wanoja, umumna ku balaréa,” pokna pinuh ku pangharepan. ***(Gun) edisi ligar 03, 7 Agustus 2026

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *