Sajak

Sajak Yus Rusyana : Ya Muhammad Rosululloh (Puisi Pupujian)

Solawat sinareng salam,
haturan jungjunan alam,
nya Muhammad Rosulullah,
nabi anu panganggeusan.

Anjeun téh éstu utusan,
ka sagemblengna manusa,
ngembarkeun warta gumbira,
pépéling kasalametan.

Sangkan manusa ariman,
ka Alloh miwah Rasul-Na,
teu aya deui Pangéran,
anging Alloh mung nyalira.

Salam haturan salira,
anu ngagem ahlak mulya,
madeg dina jalan lempeng,
bebeneran anu céngéng.

Abdi umat ahir jaman,
tumut nuturkeun piwulang,
mugi paparin safaat,
dina dintenan kiamat.

Gajahlangu,
Saptu, 12 Rabiul Awal 1444.

Suhud dina Lampah Hadé
(Puisi Pupujian)

Kukuh pengkuh ngagem iman,
teu aya deui Pangéran,
Allah nu diibadahan,
mo aya nu nyasamian.
Ger giat milampah hadé,
poma ulah sok leleda,
masing suhud barang gawé,
garapan mah béda-béda.

Bari akur reujeung batur,
towéksa silih tulungan,
bari bener teu ngalantur,
jembar sabar babarengan.

Mun meunang halang harungan,
teuneung ludeung henteu ringrang,
da kapan éta ujian,
wayahna kudu disorang.

Muga meunang kabagjaan,
najan karasana beurat,
muga pareng tinekanan,
salamet dunya ahérat.

Gajahlangu,
Ahad, 12 Juni 2022. (Ligar edisi 02, 22 Juli 2026)

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *