BANDUNG, ligar.id — Atikan seni mah medalkeun lulusan nu nyongcolang ku karya-karyana. Sajeroning éta, mahasiswa seni gé kudu dibekelan cara ngolah rohangan apresiasi sangkan mibanda ajén ékonomi. Hartina mahasiswa kudu mekar di kampus, tur meta di buana sabada lulus.
Pedaran éta mucunghul dina acara Talent Fest 2026 Manajemen Talenta Nasional (MTN) Goes to Campus di Gedung Kesenian Sunan Ambu, Institut Seni Budaya Indonesia (ISBI) Bandung, Kota Bandung, Senén (26/10/2026).
Éta kagiatan téh digelar kalayan gawé bareng Kementerian Perencanaan Pembangunan Nasional/Badan Perencanaan Pembangunan Nasional (PPN/Bappenas) nu jejerna “Menguatkan Ekosistem Talenta, Menuju Indonesia Emas 2045”.

Wakil Rektor Bidang Akademik dan Kemahasiswaan ISBI Bandung, Indra Ridwan, nétélakeun yén perguruan tinggi seni téh lahan subur pangipukan talénta ngora. Ngan pakasaban satutasna lulus téh masih jadi pasualan nu kudu dipikiran babarengan.
“Talénta mah seueur. Nanging satutasna lulus, badé ka mana sareng kedah kumaha? Tah éta nu nuju diwangun ku ISBI téh, aya cukang nu nepangkeun antawis prosés pangajaran di kampus sareng réalitas dunya industri,” ceuk Indra tandes naker.
Indra ngémbohan yén seniman gé kudu bisa ngadagangkeun karya. Demi pintonan nu alus téh butuh minijemen seni nu masagi. Ku kituna ngatik talénta butuh kolaborasi. Tah ngaliwatan Manajemen Talenta Nasional mah bisa muka rohangan pikeun mekarkeun kamampuh mahasiswa nu luyu jeung kabutuhan dunya profesional.
“Sanés mung medalkeun karya. Langkung ti kitu, kedah tiasa mastikeun yén éta karya téh tiasa nebarkeun mangpaat tur aya kontribusi ka nagara,” pokna.
Direktur Agama, Kebudayaan, Pemuda, dan Olahraga Bappenas, Didik Darmanto, nétélakeun yén program MTN Goes to Campus téh minangka pamarekan kawijakan mekarkeun talénta ka mahasiswa. Perguruan tinggi téh salasahiji puseur pangipukan talénta nu nyambung jeung rupaning kapentingan.
“Tarékah nu dilakonan ku ISBI Bandung téh luyu sareng agénda pamaréntah dina ngawangun sistim pangipukan talénta nu kaukur. Manajemen Talenta Nasional dirancang pikeun ngaraketkeun prosés mekarkeun talénta di widang panalungtikan seni budaya sareng olahraga.
Direktur Pendidikan Tinggi, Ilmu Pengetahuan, dan Teknologi Bappenas, Endang Sulastri, nétélakeun yén program MTN téh miang tina Peraturan Presiden Nomor 108 Tahun 2024 tentang Desain Besar Manajemen Talenta Nasional dan Peraturan Menteri PPN/Bappenas Nomor 1 Tahun 2026 tentang Rencana Aksi Desain Besar Manajemen Talenta Nasional.
“Dina mekarkeun talénta téh nété tarajé nincak hambalan. Ti ngawitan pabinihan, janten sirung, dugi ka talénta unggul. Pamaréntah tas nataharkeun instrumen basis data pikeun metakeun jalan dina ngaping talénta,” pokna.

Wakil Rektor Bidang Kerja Sama, Hubungan Masyarakat, dan Sistem Informasi ISBI Bandung, Supriatna, nétélakeun yén kolaborasi téh lolongkrang pikeun ngalegaan ékosistem seni di lingkungan kampus. Gawé bareng éta dipiharep bisa ngajurung ludeung mahasiswa, ngasah kaparigelan dosén, jeung ngariksa lingkungan akademik.
“Mimitran pamaréntah, paguron luhur, sareng komunitas seni téh janten ekosistem nu manjangkeun tatali antawis mahasiswa, élmu, sareng almamaterna. Janten kampus téh tempat nyadap pangaweruh, ngasah kaparigelan, sarta nataharkeun generasi seniman nu mampuh mapakan dinamika kabudayaan di dunya professional,” pokna.
Talent Fest 2026 midangkeun kamonésan mahasiswa ISBI Bandung, di antarana layeutan sora Gita Suara Choir, penca silat, rampak kendang. Laju dina éta kagiatan gé aya sesi Talenta Bicara kalayan narasumber Mariam Sofrina, nu midang di Venice Biennale 2026; Rino Rakhmata Mukti, nu narima Habibie Prize 2025 kategori Ilmu Pengetahuan Dasar; sarta Herlin Aprilin Lali, nu nyangking medali perunggu nomor canoe sprint putri 200 meter basa Asian Games Aichi–Nagoya 2026 di Jepang.***

