Bimba Bintang Junior Jatikanti, kawilang “anyar” dina soal ngaran mah. Sok sanajan ari sakolana mah geus ditaratas ti taun 2009. Numutkeun anu ngokolakeunana, ”Harita téh ari niat awalna mah hoyong muka Taman Kanak-kanak, lebetna kana kelompok Pendidikan Anak Usia Dini pormal. Namung kahalangan ku aturan anu ngawajibkeun pengelola sareng guru-guruna kedah sarjana linéar, rada pugag dina ngurus perijinan.”
TK. Jatikanti, anu gelar minangka lembaga pilihan pikeun masarakat ahirna ngajanggélék jadi Bimba Bintang Junior. Tapi ku ayana kawijakan ti yayasan Inspirasi Langkah Maju anu puseurna di Jakarta, sakur cabang Bintang Junior diwenangkeun pikeun ngantétkeun ngaran anu jadi ciri mandiri séwang-séwangan, dina taun 2024, TK. Jatikanti robah ngaran jadi Bimba Bintang Junior Jatikanti.
Sacara umum, boh TK boh Bimba, kasebutna tingkatan pendidikan anak usia dini, tangtu baé udaganana mah sarua. Utamana nungtun barudak umur pra-sekolah dasar supaya siap sacara méntal pikeun nyanghareupan jenjang pendidikan dasar. Sanajan ari dina kurikulum PAUD mah teges dicarék sangkan barudak leutik mah ulah sina waka diajar nu beurat-beurat. Tapi dina émprona mah, tetap eta matéri maca, tulis, jeung ngitung téh jadi udagan kénéh.
“Jujur, upami di nagara urang henteu diajarkeun calistung, masarakat umum di urang mah moal waka bisa narima. Utamana masarakat di daérah bari tingkat pendidikan kolotna menengah ka handap. Aya paribasa, keur naon atuh disakolakeun TK ari salulusna teu bisa maca-maca acan mah,” saur Ibu kepala Bimba ngajéntrékeun.
Dina émprona ngalaksanakeun kagiatan, sabisa-bisa kudu dipikiran kumaha carana supaya barudak bisa nyerep matéri calistung tanpa ngarasa dipaksa.
“Kanggo ngimbangan matéri anu bilih matak abot ka barudak, di Bimba ieu sok diseueuran lagu sareng kagiatan seni sanesna. Lagu-laguna, sajabi ti lagu-lagu barudak Indonésia, sering oge diajarkeun lagu-lagu anu diterjemahkeun tina bahasa asing,” saur Ibu Ngatiyah, salah saurang guru anu tos ngabdi di Jatikanti langkung ti 10 taun. Disarengan ku Bu Yiyin Nurhayati, S.Pd, anu ngawitan gabung ti taun ajaran 2024/2025.*** (Téh Sekar/Poto: Istiméwa) Ligar edisi 03, 7 Agustus 2026
Bimba Bintang Junior Jati Kanti: Ngaheulakeun Eusi Batan Cangkang

