Rumaja putri anu diibabarkeun di Bandung ping 2 Séptémber 2011 ieu nami lengkepna Claudya Mozeta Septiani. “Tapi cekap ku nyebat Zeta baé,” saur putri Bapa Taupik Hidayat sareng Ibu Ratna Sari ieu bari imut.
Mojang manis soméah ieu, mimiti latihan ténis méja atawa pingpong ti taun 2020. Dirojong pisan ku sepuhna supaya Zeta bisa jadi atlét anu bisa nyambuangkeun ngaran daérah, leuwih jauhna nasional. Buah tina tékad kuat, latihan disiplin taya kacapé, Zeta lulus SDN Sayang nu ayeuna jadi siswa SMPN1 Jatinangor téh, geus bisa nyangking sababaraha kajuaraan.
Waktu ditaros naon baé anu bisa dijadikeun catetan salila ancrub dina olah raga ténis méja? jawab Zeta, ”Pangalaman luar biasa, bisa diajar rupa-rupa, ti mimiti disiplin, usaha sakuat tanaga ngalawan kahoréam jeung kacapé, ngalatih méntal mangsa nyanghareupan pameredih pihak-pihak anu ngaharepkeun jadi juara dina unggal turnamén.”
Kagiatan olah raga anu ngandelkeun kakuatan pisik, pasti téh gampang. Tapi numutkeun Zeta, sagala kacapé, késang badag késang lembut salila latihan jeung waktuna turnamen, bakal kabayar lunas ku hasil kajuaraan nu geus kawilang ngantay lamun ditataan hiji-hiji. Salila kurang leuwih genep taun, anu kacatet ku Ligar wungkul, Zeta geus milu 25 kajuaraan.
“Mangga dipilih baé anu mana anu badé dimuat dina Ligar mah,” pokna bari ngasongkeun daftar kajuaraanana. Diantarana baé: taun 2021 nyangking medali pérak dina Kejuaraan Daerah Tingkat Sekolah anu diayakeun ku UPI Sumedang. Dina taun 2022, nyangking medali perunggu dina Kejurda Putri Pemula sa-Jawa Barat anu diayakeun ku UPI Sumedang. Dina taun éta kénéh, nyangking médali pérak Kejuaraan Tingkat Sekolah anu diayakeun ku Beacukai. Taun 2023, Zeta geus hasil nyangking médali emas, dina kajuaran anu diayakeun ku Al-Ma’soem, jeung Kejuaraan Tingkat Sekolah anu diayakeun ku MD 34 Tasikmalaya. Dina taun 2024 kawilang euyeub, bisa nyangking nepi ka 13 kajuaraan, di antarana nyangking 4 médali emas. Malah dina kajuaraan anu diiluan dina taun 2025 mah, Zeta nyangking 3 médali emas dina Kejurnas IPL Tingkat Beregu Putri U15 Jakarta, Kejurnas Cigrasindo Tingkat U16 Putri di Bekasi.
“Kapayunna mah hoyong ”Go Asean”, milari pangalaman tanding di luar negri, tiasa tanding sareng atlét-atlét hébat,” saur Zeta anu bumina di Jl. Kolonel Ahmad Syam RT.04/RW.07, Désa Sayang, Kacamatan Jatinangor Kab. Sumedang, mungkas obrolanana sareng Ligar.*** (Kang Rudi/Poto: Istiméwa). Ligar 02, 22 Juli 2026

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *