Aweuhan Atikan Saba Sakola

SMPN 56 Bandung Ngatik Siswa Ngawangun Kabiasaan Hirup Beresih

Atikan karakter micinta lingkungan di SMPN 56 Bandung gé diwuwuhan ku dijieunna sumur panyerepan, biopori, ngurus tutuwuhan, sarta ngabiasakeun ngirit cai jeung listrik. Pikeun nguatan éta kabiasaan, SMPN 56 Bandung gé ngatik siswa dina program kader Adiwiyata.

BANDUNG, Ligar.id – SMP Negeri 56 Bandung dilélér pangajén Sakola Adiwiyata Tingkat Kota Bandung Taun 2026. Pikeun pihak sakola, éta pangajén téh pangéling sangkan leuwih nguatkeun kabiasaan hirup beresih, miara lingkungan, sarta nyiptakeun suasana diajar anu séhat tur pikaresepeun pikeun para siswa.

Pangajén Sakola Adiwiyata Tingkat Kota Bandung 2026 dipasrahkeun ku Pamaréntah Kota Bandung ngaliwatan Dinas Lingkungan Hidup (DLH), Rebo, 14 Oktober 2026, di Pendopo Kota Bandung, Jalan Dalem Kaum No. 56, Kota Bandung.

Kapala SMPN 56 Bandung, Ferry Timorochmadi, nétélakeun yén tujuan utama tina program Adiwiyata téh neueul kana ngawangun karakter siswa sangkan miboga kasadaran jeung tanggung jawab dina ngajaga kabersihan lingkungan.

Kapala SMPN 56 Bandung, Ferry Timorochmadi

“Pangajén mah bonus. Nu utami mah tarékah nyiptakeun lingkungan sakola anu beresih, héjo, resik, hégar. Upami tos merenah mah murangkalih gé betah diajarna,” ceuk Ferry, Salasa, 27 Oktober 2026.

Ferry ngémbohan yén pangwangunan budaya micinta lingkungan téh kudu jadi tanggung jawab babarengan, lain ngan ukur tugas caraka. Salasahiji tarékah anu keur diwanohkeun nyaéta nguatkan prinsip zero waste atawa ngurangan runtah ti sumberna. Siswa dibiasakeun mawa wadah dahareun jeung inuman sorangan, saperti misting jeung tumbler, pikeun ngurangan runtah palastik, stereofoam, jsb.

Lian ti éta, sakola gé dina sakali mangsa mah henteu nyadiakeun tempat pamiceunan runtah. Siswa téh diwangun rasa tanggung jawab kana runtah satutas maké. Ngaliwatan prinsip “Sampahmu Tanggung Jawabmu”, siswa diajak mawa deui runtahna sarta henteu miceun sagawayah di lingkungan sakola atawa masarakat.

“Tangtos tos koordinasi sareng pihak RT, RW, kélurahan. Dipiharep rasa tanggung jawab éta teu mung larap di sakola, nanging tiasa napak di masarakat,” pokna.

Guru IPA anu sakaligus jadi koordinator Adiwiyata, Puspita Rahayu. Nembongkeun wadah proses kompos ti unggal kelas.

Atikan karakter micinta lingkungan di SMPN 56 Bandung gé diwuwuhan ku dijieunna sumur panyerepan, biopori, ngurus tutuwuhan, sarta ngabiasakeun ngirit cai jeung listrik. Pikeun nguatan éta kabiasaan, SMPN 56 Bandung gé ngatik siswa dina program kader Adiwiyata. Guru IPA anu sakaligus jadi koordinator Adiwiyata, Puspita Rahayu, nétélakeun yén pancén para kader miboga téh ngeprik siswa sakelas sangkan milu ngajaga kabersihan jeung miara lingkungan sakola.

“Kader téh janten tuladeun réréncanganana di kelas. Nyontoan sareng ngémutan perkawis kabersihan di kelas, ngirangan runtah palastik, ngirit cai sareng listrik, sarta miara pepelakan di sabudeureun sakola,” ceuk Puspita écés naker.

Di unggal kelas téh aya tujuh siswa nu jadi kader Adiwiyata. Demi di SMPN 56 Bandung aya 28 kelas. Para kader nu dipilih téh ditilik tina sikep jeung paripolah siswa, rékoméndasi ti wali kelas jeung guru, ogé disatujuan ku babaturan sakelas.

Laju para kader Adiwiyata téh sacara périodik diatik ku sakola nu diwewegan ku arahan DLH. Kaasup ngagelar kompanyeu kabersihan. Kompanyeu ngaliwatan poster, video, jeung kamotékaran séjén nu satuluyna dikunjal kana média sosial.

“Siswa tos diatik ékonomi sirkular. Runtah organik diolah janten kompos, teras dianggo ngarawat pepelakan. Upami tos janten kabiasaan mah, lian ti ngirangan runtah nu dikintun ka TPA téh, lingkungan janten hararéjo,” pokna.

Murid SMPN 56 Bandung ngayakeun kompanyeu lingkungan beresih.

Puspita ngémbohan yén ngawangun kabiasaan hirup beresih téh butuh prosés. Siswa kudu terus diaping tur digeuing sangkan kasadaran miara lingkungan bisa tumuwuh tina diri, lain kapaksa lantaran aya aturan sakola.

Ferry Timorochmadi nandeskeun yén program Adiwiyata di SMPN 56 Bandung henteu ngan saukur nekenkeun kana kalengkepan sarana, tapi ogé kana konsisténsi sakumna warga sakola dina ngalaksanakeun kabiasaan anu geus diwangun.

Dina mangsa kapamimpinan di SMPN 56 téh, nu jadi udagan téh pangwangunan budaya sakola anu santun jeung religious. Laju nguatan citra sakola anu héjo, beresih, jeung tumaninah. Laju program Roots, nyaéta nyegah bullying nu ditaratas ku Kemendikbudristek kalayan rukun gawé UNICEF Indonesia.

Ku ayana rupa-rupa program éta, pihak sakola miharep siswa henteu ngan ukur unggul dina widang akademik, tapi ogé miboga karakter anu hadé, disiplin, paduli ka sasama, sarta boga kasadaran pikeun ngajaga lingkungan.***

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *