Tandang

Prof. Hendra Hermawan: Guru Besar di Kanada Sumangetna Lir Bujangga Manik

Urang Sunda mah turunan Bujangga Manik, nu di abad 15 geus ludeung ingkah ti Tatar Sunda pikeun nyiar pangaweruh, ngumbara nepi ka tungtung wétan Pulo Jawa. Catetanana jadi warisan sumber sejarah penting ngeunaan geografi jeung kahirupan masarakat Sunda jeung Jawa abad 15. Kitu di antara jejer obrolan Majalah Ligar jeung Prof. Hendra Hermawan, P.hD. nu kiwari suskés jadi Guru Besar Laval University – Kanada.

Lalakon Pangéran Jaya Pakuan, ngaran sabenerna Bujangga Manik, bisa disebut laku batin demi nyiar lemah pamasaran, nyiar tasik panghanyutan, pigeusaneun aing paéh, pigeusaneun nunda raga. Tah, jaman ayeuna ogé loba urang Sunda nu ngalalana jeung ngumbara nepi ka mancanagara. Salah saurangna nu ngumbara nepi ka nagara Kutub Utara. Ngan nu ieu mah lain pangéran, komo ménak, tapi Hendra Hermawan, anak tukang sapatu ti Cibaduyut.
Tina soson-soson diajar jeung resep maca, kaasup kana sajarah Sunda ti leuleutik, najan ékonomi kulawarga sarwa seuseut, terus ngalirkeun tékad hayang junun nu ngagedur. Atuh sabada bisa kuliah S1 sareng S2 ITB, ahirna ku kenyeng nu kuat, ieu élmuwan Sunda ditarima S3 di Kanada.
“Dina nyiar élmu mah, asal keyeng tangtu bakal pareng. Ieu papatah karuhun urang, saterasna kedah ogé janten spirit generasi Sunda saterasna. Sok komo, urang Sunda mah tos gaduh tatapakan warisan nu katelah Bujangga Manik téa, nu ngalanglang ti Pakuan ka buana Wétan, nyiar élmu kasampurnaan bari niténan alam jeung kahirupan masarakat nu kaliwatan,” ceuk Prof. Hendra waktu komunikasi ngaliwatan médsos ti Kanada.

Guru Besar di Kanada
Pas pisan nincak umur 50 taun, atawa 15 taun sanggeus diwisuda S3, Hendra Hermawan narima surat pengangkatan ‘full professor’ (guru besar) di Laval University, Kanada. Matak reueus, lantaran kasebut urang Sunda pangheula jadi Guru Besar di Kanada.
Karir dosen di Kanada umumna ti mimiti pangkat assistant professor (satingkat lektor di Indonesia). Sanggeus lulus prosés rékrutmen nu brukbrak ka sakuliah dunia, terus narima kontrak kerja (lima taun masa percobaan) jeung meunang waragad atawa dana riset awal (start-up funding). Dina taun kahiji, minimal kudu nedunan pancén ngajar, kituna téh sangkan bisa pokus nulis proposal keur meunangkeun waragad riset ti luar kampus. Keur dosen sains jeung teknik, udagan pangheulana nyaéta aprogram hibah riset Discovery Grant (DG) ti Natural Sciences and Engineering Research Council. Sanggeus narima DG, aranjeunna ngajukeun hibah peralatan lab ngaliwatan program John R. Evans Leaders Fund (JELF) ti Canadian Foundation of Innovation. “Kapungkur ogé, pribados ngawitan kénging DG téh $24.000 saban taun dugi ka lima taun. Kitu deui JELF ageungna $300.000. Ngalangkungan waragad dana riset éta, janten tiasa dianggo para dosen kanggo ngawangun lab sareng ngarékrut mahasiswa S2/S3 sareng tiasa masihan béasiswana. Teras, upami risetna tos jalan, atuh aranjeunna ogé janten gampil ngalamar rupa-rupa program hibah riset sanésna, boh ti pamaréntah provinsi, pamaréntah federal atanapi kolaborasi industri,” pokna deui.

Keyeng Tangtu Pareng
Saterasna, sateuacan masa percobaan réngsé, éta dosen ngajukeun promosi kanaékan pangkat ka associate professor (lektor kepala). Tah, urusan naékna pangkat akademik di Kanada mah, éta wewenang universitas. Ku kituna, sanajan kriteria promosina sacara umum sarua, tapi detilna mah bisa béda. Di kampus University Laval, proses promosina dimimitian ku nyusun dossier promosi keur diajukeun ka Ketua Departemen, nu saterusna ditiléy jeung dirékomendasikeun ka Dekan keur diteruskeun ka Komite Promosi Universitas. Dossier ieu eusina laporan préstasi kerja salila lima taun panganyarna dumasar kana kriteria promosi nu dilampirkeun dina kontrak kerja. Kriteriana tilu aspek tridarma perguruan tinggi: pangajaran, panalungtikan, jeung palayanan.
Dina aspek pangajaran, éta kandidat kudu ngabuktikeun pangajaran nu hadé ajénna nu buktina tina hasil évaluasi mahasiswana. Dina aspek panalungtikan, kudu ngabuktikeun dirina geus jadi panaliti mandiri atawa principal investigator (PI) nu nyumponan tilu indikator, nyaéta kahiji, masukan riset, nyaéta minimal boga hiji hibah riset taunan ti luar kampus (saperti hibah DG). Kadua, prosés riset, nyaeta jadi pembimbing utama minimal dua mahasiswa S2/S3, jeung katilu, luaran riset nyaéta ngahasilkeun minimal tilu publikasi bareng mahasiswa bimbinganana. Sedengkeun dina aspek palayanan, kudu némbongkeun bukti partisipasi aktif dijero kampus.
“Pami kandidat keyeng nedunanana, lian ti pangkatna naék, ogé statusna robah jadi dosen tetap (tenure). Di Kanada dosen tetap tiasa teras aktif berkarya sok sanaos tos pangsiun. Namung, upami promosina ditolak, mangka masa kerja dosenna teu tiasa neraskeun deui,” ceuk Prof. Hendra nu ogé jadi Pupuhu Komisariat Panguyuban Pasundan Kanada tandes.
Husus keur para dosen teknik, aranjeunna diwajibkeun meunang lisensi insinyur profesional (IP) ti Asosiasi Insinyur Profesional di Kanada. Hal ieu, patali jeung proses akreditasi program S1 teknik nu saterusna sangkan mata kuliah nu aya unit akreditasi jeung desain teknik bisa diampu deui atawa diajarkeun deui ku dosen nu boga lisensi IP. “Pribados ogé lisensi IP ti Professional Engineers Ontario saatos lulus tilu tahap proses évaluasi: akademik (ijazah sareng transkrip S1 teknik), ujian étika sareng hukum profesi keteknikan di Kanada, sarta pangalaman kerja. Sanaos henteu prakték kainsinyuran sacara langsung, namung tiap taun ngiringan kursus penyegaran sareng continuous development program,” pokna deui.
Saterusna, keur kanaékan pangkat ka guru besar, di Laval University aya tilu pilihan jalur, nyaéta pangajaran, panalungtikan jeung palayanan. Masing-masing saratna kudu tos boga hontalan nu istiméwa dina jalur pilihanana sareng hontalan minimal di dua jalur lianna.
“Kedah ogé tiasa ngabuktoskeun minimal hiji hibah riset taunan (berjangka opat taun atawa leuwih), ngabingbing minimal opat mahasiswa S2/S3 sareng ngaluluskeun minimal dua mahasiswa S3 minangka pembingbing utama, sarta ngahasilkeun minimal genep publikasi di jurnal internasional nu ditulis bareng jeung mahasiswa bingbinganana,” ceuk Prof. Hendra ngingetan deui.
Minangka gambaran, Prof. Hendra ogé geus ngabuktikeun dua hibah lima taun. Hiji hibah tilu taun, hiji hibah dua taun sarta tilu hibah keur sataun. Terus ogé jadi pembingbing utama opat mahasiswa S3 jeung dua mahasiswa S2, ngaluluskeun duaan S3 jeung duaan S2, sarta ngapublikasikeun 18 paper di jurnal internasional bareng mahasiswa bingbinganana. Dina pangajaran, Prof. Hendra ogé geus némbongkeun perhatianana nu dibuktikeun ku meunangna pangajén tropi préstasi “Étoiles de l’enseignement” ti Universitas. Dina palayanan, jadi anggota senat fakultas jeung ketua prodi pascasarjana di departemen program S2 jeung program S3, editorial board member di beberapa jurnal penting, penguji disertasi S3 di beberapa universitas luar Kanada, visiting professor di Australia, ogé jadi invited speaker di sababaraha konferensi internasional di Amerika.

Ngajak Maju Babarengan
Ti mimiti jadi dosen di Kanada nepi ka ayeuna, Prof. Hendra ogé geus ngarékrut mahasiswa S2/S3 ti Indonesia kalawan béasiswa ti hibah riset di Kanada. Keur saurang mahasiswa S3 disadiakeun $25.000 per taun keur béasiswana, sarta $10.000 sataunna keur waragad risetna atawa sarua jeung Rp400 juta dina sataunna. Kitu deui, ieu alumni Fakultas Teknik Mesin dan Dirgantara (FTMD) ITB ogé geus ngarékrut mahasiswa S2/S3 Indonesia kalawan béasiswa Canada-ASEAN SEED nu gedéna $12.700 keur genep bulan riset di Kanada, ditambah $3.000 keur waragad risetna. Kitu deui, jadi invited speaker dina sababaraha konferensi ilmiah di Indonesia.
“Seueur ogé diaspora Indonesia nu gaduh pangalaman sareng préstasi nu langkung-langkung. Jinekna, generasi Sunda dina nyiar pangaweruh ogé, kudu ludeung ingkah. Da, nu katingal, urang Sunda nu sarakola, ka dituna mah karuat bersaing nepi ka mancanagara. Contona aya nu janten profesor di Amerika sapertos Kang Deden Rukmana ahli tata kota di University of Texas at Arlington, nu janten peneliti di Jerman sapertos Kang Uceu Fuad Hasan Suhuddin ahli pengelasan di Helmholtz-Zentrum, sareng Kang Reiza Zakia nu ahli metalurgi di Swinburne University Australia. Pokona mah, hayu urang napakkeun sumanget Bujangga Manik. Generasi Sunda kudu sakola jeung disiplin. Ti ayeuna, susun rencana, terus buka Google, ketik «how can I get scholarship in Canada» misalna. Jinekna mah, lamun keyeng tangtu pareng!” ceuk Prof. Hendra Hermawan nutup obrolanana.*** (RH) Ligar edisi 02, 22 Juli 2026

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *