Parlemen Warta

Nguatan Poténsi Désa Miang tina Kaarifan Lokal

Dina raraga ngawalatrakeun pangwangunan nu maliré kana poténsi ékonomi jeung sosial di unggal wewengkon. Kitu deui lingkungan kudu ditempatkeun minangka modal anu kudu dirumat, lain saukur dianggap minangka objék pangwangunan.

Bandung, ligar.id – Pangwangunan désa jeung kelurahan di Jawa Barat dipiharep henteu ngan ukur nyoko kana pangwangunan fisik jeung infrastruktur. Leuwih ti éta, pangwangunan kudu mampuh nguatan poténsi lokal, ngaronjatkeun karaharjaan masarakat, sarta miara lingkungan, nu ngawujud dina kaarifan lokal.


Ketua Komisi I DPRD Jawa Barat, Rahmat Hidayat Djati, nétélakeun yén pangwangunan désa jeung kalurahan kudu dumasar kana kaarifan lokal nu jadi pamiangan dina ngokolakeun poténsi anu aya di unggal wewengkon. Nurutkeun Rahmat, unggal désa jeung kelurahan miboga karakter, sumber daya, sarta kabutuhan anu béda-béda, ku kituna pola pangwangunanana henteu bisa disaruakeun.


“Pangwangunan désa sareng kelurahan téh dumasar kaarifan lokal. Hartosna sanés mung pangwangunan infrastruktur, nanging kedah tiasa nguatan poténsi, ngariksa lingkungan, sarta ngaronjatkeun karaharjaan masarakat,” ceuk Rahmat Hidayat Djati di Kota Bandung, Rebo (19/8/2026).


Gagasan éta, ceuk Rahmat, kacida pentingna dina raraga ngawalatrakeun pangwangunan nu maliré kana poténsi ékonomi jeung sosial di unggal wewengkon. Kitu deui lingkungan kudu ditempatkeun minangka modal anu kudu dirumat, lain saukur dianggap minangka objék pangwangunan.


Lian ti pangwangunan fisik, Rahmat ogé nekenkeun pentingna ngaronjatkeun kualitas tata kelola pamaréntahan désa jeung kelurahan. Infrastruktur anu geus nyukupan, ceuk éta pulitisi PKB, kudu dibarengan ku palayanan publik anu gancang, responsif, transparan, jeung éféktif.


“Ulah dugikeun ka infrastrukturna tos hadé, lebah palayanan pamaréntah masih boyot, teu acan tiasa nyumponan kabutuhan warga. Pangwangunan désa sareng kelurahan téh kedah disarengan ku transformasi birokrasi,” pokna.


Dina kontéks éta, transformasi birokrasi jadi bagian anu teu bisa dipisahkeun tina agenda pangwangunan. Aparatur désa jeung kelurahan kedah surti nyumponan kabutuhan masarakat, muka lawang nu kana informasi, sarta leuwih éfisién dina ngalaksanakeun palayanan. Ku kituna Rahmat ogé nyorot pentingna digitalisasi minangka bagian tina transformasi birokrasi.


Nurutkeun Rahmat, téhnologi bisa jadi instrumén penting sangkan masarakat gampang dina ngaksés rupa-rupa layanan pamaréntahan. Ngan, digitalisasi gé ulah disaruakeun. Kudu nilik kana kaayaan wewengkon. Sangkan digitalisasi henteu mucunghulkeun pasualan palayanan nu ganjor antar daérah.


Ku sabab kitu, ceuk éta teureuh Karawang, digitalisasi palayanan publik kudu dibarengan ku ngawalatrakeun infrastruktur digital. Kitu deui kapasitas aparatur désa jeung kalurahan kudu terus ditingkatkeun, sangkan henteu ngan ukur bisa maké téhnologi, tapi ogé mampuh ngamangpaatkeunana pikeun ngaronjatkeun kualitas palayanan.


“Lajeng literasi digital masarakat ogé kedah teras ditingkatkeun. Digitalisasi langkung karaos mangpaatna upami masarakat anu nganggona mibanda kaparigelan. Ulah dugikeun ka layananan digital téh janten ngarérépot. Masarakat teu uninga pisan, aparaturna gé taram-taram,” pokna.


Rahmat miharep, transformasi digital henteu ngan saukur robahna sistem palayanan tina manual jadi digital. Leuwih penting deui, parobahan éta kudu bisa ngajadikeun palayanan leuwih gampang, gancang, éféktif, jeung méré mangpaat langsung pikeun masarakat.


Pangwangunan désa jeung kelurahan bisa dijadikeun salasahiji ukuran penting dina ngawujudkeun pangwangunan nu walatra. Pamustunganana, pangwangunan kudu bener-bener karasa ku masarakat. Désa jeung kalurahan kudu beuki maju tanpa kaleungitan ciri jeung lingkunganana.***

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *