Bandung, ligar.id – Dewan Perwakilan Rakyat Daerah (DPRD) Provinsi Jawa Barat menggelar rapat paripurna kalayan agenda nepikeun pandangan umum fraksi-fraksi kana dua Rancangan Peraturan Daerah (Ranperda) strategis di Gedong DPRD Jabar, Kota Bandung, Senén (28/9/2026).
Dua regulasi éta ngawengku parobahan kadua kana Perda Nomor 22 Taun 2013 ngeunaan Pembentukan BUMD Pengelola Bandar Udara Internasional Jawa Barat (BIJB) jeung Kertajati Aerocity, sarta Ranperda Pembentukan dan Susunan Perangkat Daerah Provinsi Jawa Barat.
Dina pandangan umumna, Wakil Ketua Fraksi PAN DPRD Jabar, Toto Suharto, medar sawatara poin krusial, hususna rarancang nambahan modal dasar PT BIJB tina Rp2,5 triliun jadi Rp8 triliun. Nambahan modal téh pikeun nadah diasupkeunana asét tanah ngaliwatan mekanisme inbreng, restrukturisasi keuangan, sarta muka lawang pikeun investor strategis.

Toto nandeskeun yén ditambahanana modal dasar téh teu saukur nyaluyukeun administrasi. Fraksi PAN ngadongsok tarékah reorientasi bisnis jeung ngabebenah tata kelola perusahaan (Good Corporate Governance). Pemprov Jabar kudu medar peta jalan (roadmap) komersialisasi kawasan nu kaukur, utamana ngokolakeun séktor pangasilan non-aeronautika.
“Parobahan régulasi éta henteu mung saé dina keretas. Pemprov kedah ngajaga kapentingan daérah tiasa kacepeng. Kadali strategis ka BIJB gé kedah dina kawasa pamaréntah,” ceuk Toto tandes naker.
Toto ngémbohan yén dampak ékonomi tina operasional bandara jeung Aerocity téh kudu karasa ku masarakat wewengkon Ciayumajakuning (Cirebon, Indramayu, Majalengka, Kuningan). Carana bisa ngajak partisipasi UMKM lokal, lolongkrang pagawé local, mimitran BUMD antardaerah, nepika nguatan sistim logistik.
Sagigireun éta, patali jeung Ranperda Susunan Perangkat Daerah, F-PAN ngadorong dilarapkeunana asas right sizing sangkan struktur birokrasi dumasar kana beban kerja riil jeung kabutuhan palayanan publik. Nata lembaga téh kudu bisa ngurangan balanja operasional sarta balanja pagawé. Ku kituna rohang fiskal APBD bisa dipindahkeun ka séktor prioritas saperti pendidikan, kaséhatan, jeung infrastruktur dasar. Toto peupeujeuh kana pentingna nguatan Sistem Pemerintahan Berbasis Elektronik (SPBE) sarta merenahkeun aparatur sipil nagara sacara profesional. Transisi lembaga henteu ngganggu palayanan dasar masarakat. Prinsip the right man on the right place kudu larap sangkan organisasi perangkat daérah nu anyar bisa mairan isu strategis, ti mimiti katahanan pangan, ngungkulan musibah, nepi ka panalungtikan jeung inovasi daerah.***

