“Saha téa, éta téh?”
Ah, moal waka dibéja-béja.
Mending gé, urang ngobrolkeun lalakon Ligar tepung jeug si manéhna wé. Harita téh, hiji waktu mangsa ka tukang, salah saurang ais pangampih ieu majalah, ‘nyaba ka Bogor’. Biasa ari dina acara-acara téh sok tepung jeung rupa-rupa profesi, ti antarana, jeung nu bagerak dina widang busana jeung modelling.
Da wawanohan téa, ilahar sok ubral-obrol. Atuh, nyambung wangkogan téh, da ari pihak média jeung ‘urang modelling’ mah, sok silih pikabutuh. Apan, keur mintonkeun hasil karya ti rumah mode, ti antarana téh, ngaliwatan média massa saperti Majalah Ligar. Nya, tina ubral-obrol téa, nyantel pakarepan ‘silih rojong’ geusan kamajuan babarengan.
Minangka wujud geusan silih rojong téa, ahirna mah batu-turun keusi naék. Tah, ti antarana, nu biasa midang dina catwalk téh, salah saurangna, sina mejeng dina cover Ligar nomer ieu!
Saha téa inyana téh? Euh, enya! Nyi mojang téh, urang Cihérang, wewengkon Dramaga, Bogor téa. Sakolana, ti SD nepi ka SMA gé di éta kota. Kitu deui, nyuprih élmuna, dina widang ngadidk barudak, di PGTK Mentari, Bogor.
Karesepna kana seni ti leuleutik. Ti antaran, diéskpresi-keun dina widang busana, ngaliwatan Modél Hijab ti sababaraha merek.
“Nya, pangalaman didamel mah, ti antara, Telemarketing Bank Mega sareng di CS CIA (tempat kursus),” ceuk Fika,” pokna.
“Oh, jenengan téh Fika?”
“Muhun!” (*) Edisi 07, 7 Oktober 2026
Fika; Wanoja Sunda Model Nasional

