Keur nu resep sasapédahan mun ngadéngé béja aya ‘trék’ nu keur jadi catur téh mangrupa hiji tangtangan nu kudu dicobaan. Salah sahijina nyaéta Jalur Kebon Cengkéh (JKC) Sumedang. Siga kumaha lalampahan ka éta tempat? Majalah Ligar ngobrol jeung Haji Deni Supardan nu anyar kénéh mulang ti éta patempatan. ***
Sasapédahan ngapruk palemburan, mipir gawir, meulah kebon atawa norobos leuweung, hal nu biasa keur nu resep nyapédah mah. Malah upama aya trék anu acan dicobaan téh teu weléh panasaran.

Nu anyar kénéh dilakukeun ku Haji Deni jeung rombonganana nyaéta nalukkeun Jalur Kebon Cengkéh (JKC) Sumedang, nu peresisna tanggal 4 Oktober 2026.
Harita aya 17 ‘goeser’ kaasup Haji Deni nu ka JKC téh. Nu ti Bandung, nu ti Rancaékék, Tanjungsari jeung aya anu ti Malangbong.
“Nu ti Bandung mah salah sawiosna sim kuring. Pokona harita mah gabungan,” ceuk Haji Deni di markasna, wewengkon Cipadung Cibiru.
Iwal urang Malangbong jeung Rancaékék anu nungguan disampeur, nu lianna mah karumpul téh di Cipadung Cibiru nu langsung miang kana mobil séwaan langganan bogana Opa urang Majalaya.
Datang ka tempat ‘star’ di Mulya Jaya, Ciwaru, Kacamatan Wado Kabupatén Sumedang téh jam 9. Langsung digoés ngaliwatan tilu jalur nu disebut SS 1, SS 2 jeung SS 3 anu lamun dijumlahkeun mah kurang leuwih 30 km.
Nurutkeun Haji Deni nu geus biasa kukurubutan di nu bala jeung jalan satapak téh, istiméwana ‘trék’ di JKC loba variasina. Jalan anu ngareunahna aya, nu loba gawirna gé aya, nu pungkal péngkolna siga angka 8 gé aya. Malah di tengah perjalanan gé aya ‘trék’ balapna nu bisa dicoba ku sing saha baé.
“Numawi kanggo pemula mah henteu disarankeun. Komo upami nuju usum hujan mah bahaya,” ceuk Haji Deni.
Sugema
Saperti biasa, upama Haji Deni jeung rombonganana kukurubutan di tempat nu hara-haraeun tangtu sok maké jasa ‘Marshal’ nyaéta purah ngatur jalur, tuduh jalan sangkan lancar salamet jeung anu lianna. Harita nu jadi ‘Marshal’ téh nyaéta Mang Hawie, pribumi urang Kampung Baru Wado.

Meunang ngontak heula saméméhna maké ‘Marshal’ Mang Hawie téh. Nyaeta tina pabéja-béja di antara ‘Marshal’ nu séjén sarta para ‘Goeser’.
“Alhamdulillah Mang Hawie mah ‘The Best’. Ti kawit ngatur jalur, ngurus dokuméntasi sapertos foto atanapi vidéo, kaperyogian PKK sareng sagala rupina leres-leres tanggung jawab,” Haji Deni reueus.
Soal bayaran gé ceuk Haji Deni, Mang Hawie mah teu méré harga. Saiklasna. Ngan ku sabab kapaké téa, “Urangna panginten kedah ngartos,” Haji Deni tandes.
Dina keur kukurubutan, arang pisan istirahat téh. Paling lamun keur aya masalah saperti aya babaturan nu ban sapédahna bitu, potong pedal, nya sakalian nungguan téh dimangpaatkeun istirahat. Atawa keur murak bebekelan jeung waktuna solat.
Nu resmi kudu dibayar téh nyaéta waragad ka JKC nu ukur 15 rébu saurang, sarta ongkos mayar ‘Marshal’ jeung waragad nyéwa mobil.

Nu karasa ku Haji Deni saparakanca tina sasapédahan saperti kitu téh diantarana unsur olahragana aya, gumbirana ogé gedé. Kitu deui bisa nyaksian kaéndahan alamna saperti pamandangan Jati Gede nu atra pisan. Pokona sugema wé najan capé gé.
Teu rék capé kumaha, ‘star’ jam 8.30 nepi ka ‘finish’ téh jam 4 soré anu ngan ukur kapotong ku dahar beurang jeung solat.
“Janten dugi ka Bandung deui téh magriban,” ceuk Haji Deni deui nu geus ngarencanakeun ka hareupna rék nyapédah deui ka sabudeur Garut. *** (éép nr)

