Lembur Urang Warta

Yasri Mustaq Pratama: WASIT PINGPONG INTERNASIONAL nu GEDE WIBAWA

Yasri kiwari  jeneng wasit pingpong internasional. Aya kareueus nu teu bisa disumputkeun. Sabab di Jawa Barat waé ukur tiluan. Kumaha lalakonna jeung naon suka dukana, Ligar Basa Sunda ngobrol jeung Yasri Mustaq Pratama, S.Pd., M.Pd. ***

Teu gampang hayang boga sesebutan wasit internasional téh. Dina olahraga ténis méja (pingpong) mah kudu ngaliwatan sababaraha tahapan. Diantarana ti mimiti kudu boga sértifikat heula ti Pengcab jeung Pengda. Saterusna aya sértifikat anu disebut Nasional B jeung Nasional A.

Jadi wasit di Asian Championship, Yogyakarta 2019.

“Éta sadayana parantos ditempuh ku sim kuring,” ceuk Yasri Mustaq Pratama, S.Pd.,M.Pd. sababaraha waktu ka tukang.

Keur pelajar nu sok milu pertandingan pingpong, sarta komunitas pingpong, ngaran Yasri geus lain si itu si éta. Inyana kasohor wasit nu tegas, gedé wibawa jeung paham pisan kana aturan pertandingan pingpong.

Sanggeus sakitu lilana jadi wasit lokal, mimiti Juni 2018 inyana boga sértifikat wasit internasional. Tangtu waé keur dirina kacida reueusna. Sabab sa Jawa Barat waé ukur aya tiluan anu dua diantarana ti Kota Bandung kaasup jeung dirina téh.

“Kitu gé sim kuring mah nembé gaduh sértifikat internasional téh White Badge. Anu ujianana ukur téori wungkul. Bénten sareng Blue Badge. Éta mah lian ti aya téori téh katambihan ku wawancara sareng prakték,” ceuk Yasri nu jeneng  guru olahraga di SDN 075 Jatayu Kota Bandung.

Soal pangalaman mah teu kudu diragukeun. Yasri welasan taun jeneng wasit ti mimiti nu ‘event’-na leutik nepi ka nu gedé saperti PORDA jeung PON. Éta remen ditempuh ku Yasri. Prinsipna mah angger, “Kedah nétral sareng adil,” Yasri nandeskeun.

Nu jelas, pangna dirina ancrub dina dunya perwasitan téh hayang nanjeurkeun bebeneran. Aturan maén dina pertandingan, para atlit pingpong kudu bener bener paham. Sangkan henteu ngarugikeun dirina.

Légalitas Referee

“Pangpangna mah nu sering lepat téh urusan ‘service’. Éta jelas upami di ‘fault’ téh bakal teras ngaganggu kana konséntrasi pamaén. Sim kuring saparakanca sering sosialisai standar aturan ITTF. Hususna perkawis ‘service’,” ceuk ieu carogé Ikke Siti Rohmatul Jannah tandes

Wasit prinsipna kudu nétral jeung tandes.

Yasri nu ngakuna bisa pingpong alakadarna téh kungsi ngawasitan dina even internasional. Diantarana Asian Game jeung Asian Para Game di Jakarta taun 2018, Thailand Para Table Tennis di Chiangmai 2018, Seatta Senior di Bali taun 2019, Asean School Game di Semarang, Asian Championship di Yogyakarta 2019 nu dihadiran atlét kelas dunya sarta di ITTF Chalange di Batam 2019, Sea Games 2023 di Kamboja, Seatta Youth di Singapura 2026 jeung réa-réa deui.

Salila jadi wasit, loba pangalaman nu matak nyenangkeun haté atawa sabalikna. Senangna lamun pertandingan lungsur langsar. Tapi teu saeutik nu lamun teu gancang diungkulan mah nimbulkeun riributan. Pangpangna cenah lamun aya pihak nu protés sabab ngarasa dirugikeun.

“Padahal kitu téh saleresna ku teu acan pahamna kana aturan,” ceuk Yasri teureuh Ciawi Tasikmalaya kalahiran Bandung taun 1987, nu miharep dina unggal turnamén panitia nyelapkeun katagori kolompok umur. Sabab éta anu engkéna bakal ngalahirkeun atlét pingpong nu hébat.

Yasri jeung istrina dina lolongkrang kasibukanana.

Dina pingpong nu disebut wasit téh nyaéta ‘umpire’ nu langsung ka lapangan mingpin pertandingan. Saperti ngitung skor jeung sajabana. Sedengkeun ari ‘referee’ mah nyaéta inspéktur pertandingan nu nanggung jawab kana sakabéh pertandingan ti mimiti ‘technical meeting’ nepi ka penutupan. Sawatara ayeuna ari di tingkat lokal mah Yasri remen jadi wasit jeung referee.

“Kiwari sim kuring gaduh cita-cita hoyong ngahontal sértifikat Blue Badge anu diteraskeun kana penataran referee internasional. Supados légalitas referee énggal kacangkem ku sim kuring,” ceuk Yasri deui.

Nu jadi masalahna perkara basa. “Tapi insya Alloh perkawis basa ogé sim kuring kiwari teras-terasan nuju diajar. Sangkan sanaos atlét-atlét ténis méja di urang téh kirang aweuhan di dunya internasional, manawi atuh ari wasit atanapi referre mah janten kareueus bangsa,” Yasri Mustaq Pratama pinuh harepan. *** (éép nr)

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *