Bahasan Opini

Prof. Karim Suryadi; Walurat Adab

“Moral pamingpin leuwih utama tinimbang kaputusan anu dijieunna.” Kitu salah sahiji wejangan Plutarch pikeun pamingpin nu can kasipuh ku pangaweruh (Uneducated Leader). Hal ieu kaunggel dina buku klasikna, How to Be A Good Leader: An Ancient Guide to Wise Leadership, hasil terjemahan Jeffrey Beneker, Princeton, University Press, 2019.

Naon nu ditepikeun ku Plutarch dina taun 50 M nandeskeun yén pulitik miboga dua pakarang: siasat jeung adab. Siasat mangrupa cara atawa téhnik pikeun ngahontal naon nu jadi udagan. Sedengkeun adab mangrupa kayakinan ngeunaan hadé goréng, kaasup hadé goréngna siasat nu dipaké. Cindekna bag-bagan hadé goréng nu ngadalian nafsu pulitik.
Siga keur usum halodo, kaayaan pulitik Indonesia ayeuna karasa panas. Sajaba ti urusan korupsi nu méh euweuh usumna, pacéngkadan ijazah palsu can manggih tungtungna. Malah siga katurug katutuh, acan gé urusan ijazah palsu réngsé, jol deui masalah ijazah SMA, nu jadi sarat pendidikan calon presidén jeung wakil presidén.
Boro-boro perkara nu can disidang, dalah masalah nu geus divonis hakim, sahanteuna geus jadi fakta hukum, masih kénéh diadurényomkeun. Pola samodél kieu geus heubeul pisan. Apan dina tradisi Yunani-Romawi ogé aya nu disebut kolakeia (panjilat, ngabudi ucing). Julien Benda ogé nandeskeun ayana “pengkhianatan kaum cendekiawan”.
Jadi lamun diringkes, kaayaan pulitik di urang ayeuna: nguyang adab, panén siasat. Pulitik Indonésia nyongcolang dina widang siasat, tapi hanjakal dina adab katétér pisan.
Matak teu anéh urang remen pisan ngadéngé atawa ningali tindakan pulitisi nu “tunggul dirurud catang dirumpak”: anu penting kahayang kahontal. Teu boga kaéra, walurat rasa rumasa.
Siasat pulitik urang beuki canggih: survéy éléktabilitas unggal poé, pemetaan pamilih dumasar data, pasukan digital, jeung kampanye anu diwilah-wilah dumasar golongan sasaran pangleutikna. Tapi adabna hengker pisan. Arang langka ngaku salah jeung némbongkeun rasa rumasa. Antukna tanjeurna adab gumantung panggeuing ti luar (samalah, loba nu geus digeuing gé nogtrog waé, keukeuh piteukeuh ngarasa bener). Dalihna téh, mundur lain adab bangsa pejuang.
Majelis Kahormatan MK nétélakeun dina 7 Nopémber 2023 yén Ketua MK Anwar Usman ngarumpak kode étik dina perkara wates umur capres-cawapres. Dina 28 Agustus 2025, Affan Kurniawan, supir ojék daring, tiwas kagiles ku mobil taktis Brimob nalika démonstrasi di sabudeureun DPR. Dina Pébruari 2026, Transparency International nyatet skor Indéks Persepsi Korupsi (IPK) Indonésia turun tilu poin jadi 34, jeung réngkingna turun tina 99 jadi 109. Majelis étik, démontrasi, jeung lembaga pemeringkat: kabéhanana nu nagih ti luar. Anu jarang kadéngé téh pamingpin nu nyarita leuwih ti heula, “Kuring rumasa salah”, “Kuring ngeureunkeun manéh, sabab teu mampuh”, atawa “geus ngarumpak adab”.
Haneut kénéh pisan, Salasa, 6 Oktober 2026, Mahkamah Konstitusi (MK) macakeun putusan sidang Perselisihan Hasil Pemilihan Umum (PHPU) patali ijazah Gibran Rakabuming Raka. Sanajan MK teu nedunan “permohonan para pemohon”, tapi palebah macakeun tinimbanganana, hakim teges nétélakeun: teu manggihan dokumén ijazah, atawa sertifikat setara SMA/sadarajat ti luar negeri, nu jadi syarat pencalonan presiden/wakil presiden.
Asa ngadéngé geledeg tengah poé éréng-éréngan. Ku naon ari daptar pacabakan biasa-biasa kudu maké foto copy ijazah nu dilégalisir, malah ijazah aslina kudu dibawa?
Mangsa siasat keur panén, hanjakal adab usum nguyang terus. Kasalahan nu dipigawé ku jalema jegud dimomorékeun, bari ngagugulukeun kasalahan leutik nu dipigawé rahayat biasa.

Rasa-rumasa
Mun urang rajeun maluruh buku-buku étika kapamingpinan, neuleuman ajaran agama jeung bab adat istiadat, urang baris manggihan yén adab kapamingpinan nyoko kana rasa rumasa: kadali diri, panyangreud karep. Surti saméméh ditagih, méré saméméh dipénta, jeung wakca saméméh dinaha-naha.
Rasa rumasa méh kapanggih di sakabéh basa daérah di Indonesia. Nu béda ngan kekecapanana. Hal ieu nandeskeun yén rasa rumasa geus jadi ahlak mulya, adab hadé sing saha baé, tur ditarima ku balaréa.
Geus puguh ari pamingpin mah. Pan aranjeuna mah dipeunteun ku dua norma. Kahiji, norma umum nu biasa dilarapkeun ka jalema. Kadua, norma husus patali jabatan nu dicangkingna.
Jadi saha waé nu hayang jadi pamingpin atawa pangagung kudu lulus heula ujian moral salaku manusa biasa. Persis saperti saha waé nu hayang jadi pamaén bal profesional kudu lulus heula ujian moral jeung kaparigelan jalma biasa (bisa lumpat, luncat, atawa nyepak), saméméh lulus ujian téknik dan taktik maén bal.
Dina basa Jawa aya kecap rumongso nu hartina ngarasa, béh dituna mah sadar kana diri: kalungguhan, bagéan, jeung kakurangan sorangan. Ungkara anu kasohor ngabédakeun rumongso bisa (ngarasa mampuh) jeung bisa rumongso (mampuh ngarasa, bisa ngaragap angen sorangan). Pamingpin anu jago siasat gampang tisolédat kana rumangsa bisa. Ngan pamingpin nu teu nguyang adab nu bisa rumangsa.
Konsép ieu aya tapakna dina étika kapamingpinan Jawa. Mangkunegara I, Pangéran Sambernyawa, ngarumuskeun Tri Dharma: rumangsa melu handarbeni (ngarasa milu miboga), wajib melu hangrungkebi (wajib milu ngabéla), jeung mulat sarira hangrasa wani (mawas diri kalawan wani). Runtuyanana penting. Rasa ngaheulaan kawajiban, jeung mawas diri merlukeun kawani, sabab anu dipariksa téh diri sorangan.
Rumangsa leuwih lega tinimbang ngarasa salah. Éta ngawengku ngarasa nyekel amanah, ngarasa nyaho wates kamampuh, jeung ngarasa milu nanggung balukar.
Kasalahan pamingpin ibarat hutang ka rahayatna. Pamingpin nu ngarumasakeun boga hutang ka rahayatna baris ngalunasan saméméh ditagih. Sabalikna, pamingpin nu ngapilainkeun hutang, atawa ngadagoan ditagih, sabenerna manéhna keur ngagadékeun kahormatanana bari ngaborahkeun amanah nu dicangkingna.

Pericles jeung Kasieunna

Plutarch méré contoh Pericles, negarawan sakaligus jenderal Athena nu pangkasohorna. Unggal maké saragam jenderal, Anjeuna sok ngelingan manéh: yén Anjeuna mingpin jalma-jalma anu merdéka, warga Athena, jeung salaku pangawasa Anjeuna ogé dikawasa ku hukum jeung atasan. éta wujud mulat sarira nu saéstuna: ngahisab diri saméméh disidang di ruang pangadilan. Pericles bisa tur daék ngaragap angen sorangan, tuluy nataharkeun laku lampah kapamingpinanana.
Plutarch ogé méré ukuran moralna. Pamingpin kudu leuwih sieun nibankeun bangbaluh atawa karugian tinimbang ngalaman nalangsa atawa rugi. Para pamingpijn kudu sieun ku rupa-rupa perkara nu baris nyangsarakeun rahayatna. Kasieun samodél kieu nu baris ngajaga marwah pamingpin jeung nyalametkeun harkat kapamingpinanana.
Ieu conto rasa-rumasa nu datang miheulaan tumibana balukar goréng. Pamingpin nu bisa ngarampa angen sorangan nanya saméméh néken, “Saha nu baris tatu balukar kaputusan ieu?”. Sedengkeun pamingpin nu saukur sieun kaleungitan pamorna saukur tumanya, “Saha nu bakal mikangéwa kuring?”
Ku naon rasa-rumasa gampang kasilep pangaruh kakawasaan? Dina waruga rahayat biasa nu heureut pakeun, kabodoan geus nyampak tur gampang robah jadi kaayaan teu walakaya, tapi moal matak ngaruksak. Sabalikna, kakawasaan méré tanaga ka hawa nafsu, balukarna amarah jadi rajapati, jeung kasarakahan jadi ngaguna sita harta, atawa ngarah ngarinah ka sasama.
Teu saeutik pangawasa nu ngarasa jabatan téh cukang lantaran kahayang gancang kahontal. Beuki deukeut antara kahayang jeung akibatna, méh teu méré lolongkrang pikeun ngarénghap tur nyawang naon kagoréngan nu baris tumiba ka balaréa. Siasat pulitik modern lain saukur ngadeukeutkeun udagan, tapi méré jalur mabal.
Putusan MKMK 90/2023 contona, siasat bisa teu bareng jeung adab. Nu diadili naha sikep hakim nu ngarobah wates umur calon presiden jeung wakil presiden téh teu cueut ka nu hideung, teu ponténg ka nu konéng, mibanda integritas, jeung kamerdékaan hakim? Sanksina, Emangna salah saurang calon dieureunkeun tina ketua, tapi masih jadi hakim konstitusi. Ieu conto kumaha panggeuing, malahan sanksi, ti luar saukur ngeunaan kulit, lamun rasa-rumasa teu nyangkaruk dina ati sanubari.
Rasa-rumasa teu cukup dipibanda ku sorangan, tapi kulawadet pamingpin kudu miara éta ajén. Hal samodél kieu penting pisan, sabab kapamingpinan bisa ruksak alatan dulur, jeung jalma nu deukeut.
Dina sajarah pulitik jeung kapamingpinan Yunani aya tokoh kasohor, Solon ngaranna. Inyana téh nu nyusun hukum Athena. Anjeuna boga niat ngasupkeun pasal mupus catetan (ngalunaskeun) hutang rahayat. Tapi Solon hayang untung tina éta pasal ku cara méré nyaho heula dulur-dulurna sangkan buru-buru ngahutang sagedé-gedéna. Geus kitu, hukum diumumkeun, nya puguh dulur-dulurna nu raweuy hutang téh teu kudu mikiran kumaha mayarna.
Nu matak remen pisan urusan dulur jeung sobat dibahas dina filsafat kapamingpinan. Kabéh pedaran museur kana kawijakan praktis, yén pamingpin ulah milu tisolédat alatan (atawa kabawa ku) sobatna, tapi kudu waspada ulah nyieun kasalahan sanajan sobatna migawé salah.
Sanajan luhung, rumasa teu meunang robah jadi ngahukuman diri. Kitu deui rahayat ogé kudu boga karep pikeun nyumangetan pamingpin nu katideresa cobaan tapi lain karana kasalahanana. Iklim kapamingpinan samodél kieu tangtu ngan bisa tumuwuh mun rahayat lain saukur nagih tanggung jawab, tapi ogé muka jalan pikeun pamingpin babalik pikir jeng ngoméan adabna. Hal ieu penting pisan, sabab mun rahayat ukur resep ngahukuman, pamingpin baris diajar nyumput. Sabalikna, mun rahayat gampang ngahampura, pamingpin bakal diajar nyieun kasalahan nu kadua, atawa katilu kalina.
Jadi dina wilayah pulitik, bab rasa-rumasa ngawengku tilu perkara. Kahiji, kamampuh ngukur kakujur, jeung kawani mariksa diri sorangan saméméh dipariksa ku hakim, atawa ditagih ku rahayat. Kadua, ngaku jeung ngarumasakeun salah bari jeung teu neumbleuhkeun kasalahan ka batur. Katilu, wani mémérés, mélaan korban, jeung ngoméan kaayaan. Lamun kasalahanana beurat, mundur mangrupa wangun rasa-rumasa nu paling jujur.
Siasat ibarat layar nu ngalantarankeun kapal pulitik bisa ngambah sagara. Rasa-rumasa (jeung adab séjénna) mangrupa juru mudina. Nafsu pulitik ibarat angin gedé nu neumbrag layar, lamun juru mudi teu gancang diuk dina kokpit tangtu kapal tikelebuh. (*) Edisi 08, 22 Oktober 2026
*) Prof. Karim Suryadi, Guru Besar Komunikasi Politik Universitas Pendidikan Indonésia

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *