Ku Yadi Karyadipura
Hujan ngaririncik. Aspal nu baseuh téh ngagurilap kasorot lampu jalan. Peuting téh teuing ku simpé. Padahal karék jam dalapanan. Dion nginget-nginget omongan nu boga warung, kudu sagancangna kaluar ti Manjahlega. Bisi kaburu halimun ngandelan. Ngan Dion téh bangun nu wegah rék kekebutan. Keur mah jalanna pungkal-péngkol. Ati-ati pisan nyupiran téh. Panan jalan téh meulah gunung jeung pasir. Bisi méngkol tekor, tigebrus ka jurang nu ngalungkawing.
-Tiddiitt-
Dion nepak klakson basa rék ngaliwatan sasak. Ceuk tukang warung deui, unggal rék ngaliwatan sasak kudu méré klakson, minangkana mah nyebut punten. Laju di péngkolan katilu sanggeus tugu patung sapi, ulah pirajeunan eureun, ulah kabongroy ku hayang heula nempo pamandangan, balanja, atawa naon baé.
“Naha kunaon kitu, Mang?” tanya Dion bangun panasaran.
“Mémang di palih dinya mah témbong pamandangan éndah, nu ceuk urang kota mah Citylight. Panyangkana eureun téh di sisi, padahal tengah jalan. Atuh katabrak ku nu sologoto mah”.
“Kutan téh kitu?!”
Loba pisan nyarita nu boga warung téh. Cenah sanggeus péngkolan katilu gé ngadadak aya warung. Haneuteun. Timbul kahayang rék sindang heula. Ngopi heula, balakecrakan heula. Kadaharan nimat jeung murah. Ngan isukna bakal dibawa ka alam siluman.
“Upami aya nu ngagentraan, titinggalan naon baé, omat di péngkolan katilu ulah lirén!” cenah omat-omatan.
Ti kajauhan geus katingali tugu sapi. Dion posisi di lebah kénca, pas manggih pudunan. Tugu ngajungkiring luhur pasir. Sanggeus deukeut mah ngahajakeun eureun. “Rék moto jeung midio keur kontén. Pan Si Emang warung mah omat-omatanana di péngkolan katilu lin?” Dion ngagerentes.
Jadi wartawan jaman kiwari mah teu cukup ku mahér nulis berita. Da luangna lain ukur media massa. Media sosial gé butuh bahan nu bisa dijieun adonan susuganan viral, monetisasi, aya keur tambah-tambah.
“Daérah éta mah loba pisan nu bisa diolah. Pertambangan illegal, alih fungsi leuweung jadi kebon sawit, dugaan korupsi PJU, jeung urband legend. Nu panungtung mah mun daék wé sok tulis,” omong Pimred basa Dion namprak duit operasional.
Henteu lila cekrak-cekrék téh. Najan maké rain cover gé Dion angger hariwang. Halimun beuki ngandelan. Pangpangna mah basa tadi isuk-isuk ngaliwat gé, jalan téh sakitu ngebat panjang.
Mobil ngabelesur ngajauhan tugu sapi. Hujan can raat baé. Halimun beuki ngandelan. Lampu mobil ngan nyaangan sababaraha méter di hareup. Nalika asup ka péngkolan kahiji, sagalana masih normal. Jalan simpé, tatangkalan kalimpudan halimun.
Péngkolan kadua ogé euweuh anu anéh. Iwal ti jalanna teu pati pungkal-péngkol. Tapi waktu asup ka péngkolan katilu, kadéngé sora awéwé ceurik. Ngabangingik bangun nu kanyenyerian. Sora téh bijilna ti sisi gawir.
Inget kana omongan tukang warung, Dion nincak gas satarikna. Jantungna ngageder. Sanajan ngarérépéh gé angger tagiwur. Lantaran sora nu ceurik téh terus ngukuntit.
Dina cahaya samar lampu mobil, lebah jalan nu leumpeng, katempo awéwé leumpang. Daék teu daék Dion ngerém. Awéwé pakéan bodas téh eureun hareupeun mobil. Buukna ngarumbay panjang.
Késang badag, késang lembut, Dion ngawanikeun. “Punten, badé ngalangkung!”
Awéwé éta teu némbalan. Angger ngabangingik.
“Punten!”
-Tidit…, tidiitt-
Satutas diklaksonan ku Dion mah éta wanoja téh jep répéh. Jempling. Kaayaan kacida jemplingna. Malah sora sasatoan peuting ogé ngaleungit.
Éta wanoja téh ngalieuk lalaunan. Némbongkeun beungeutna nu sepa. Panonna mencrong, beureum burahay.
Nénjo Dion nu ngadégdég awahing sieun. Beuki ngompod baé satutasna éta wanoja téh nyéréngéh. Laju seuri nyikikik.
Dion ngagerung-gerung mobilna. Geus teu puguh pipikiran. Nu aya mah hayang geura ninggalekun Jalan Manjahlega.
“Paduli teuing ku aing tabrak!”
Dion ngumpulkeun kawani. Geus buleud mah manéhna nincek gas satarikna. Mobil ngabelesur, ngan… les éta wanoja ngaleungit. Ngiles kitu waé. Siga nu diteleg halimun.
Dion soak. Gas dilaunan. Panonna gular-giler sakur nu kasorot lampu mobil.
Awéwé tadi ngahiang.
Najan masih tagiwur, Dion nyoba ngayakinkeun dirina yén éta téh halusinasi. Ukur tetempoan. Tapi nalika rénghapna mimiti ngalogoran, aya deui hiji hal anu muringkak bulu punduk. Dina kaca spion hareup, kaciri aya awéwé baju bodas diuk di korsi tukang. Padahal ti indit gé éstu nyorangan.
“Aa’, dihaturanan linggih di rorompok…”
Dion ngabirigid. Sora éta awéwé téh matak linu kadéngéna. Eungap ngarénghap gé. Awak garejed, tapi leungeun jeung suku mah usik ilaharna keur ngajalankeun mobil. Ngajalankeun tarik.
Mobil lumpat ngabelesat norobos halimun. Dion teu bisa mikir logis. Leungeun jeung sukuna téh siga dikadalikeun.
“Hah! Patung… patung sapi!” Dion ngaronghéap. Ti kajauhan kaciri patung sapi nu tadi kaliwatan.
“Aa’ linggih nya ka rorompok, Néng badé dangdos…” ceuk éta awéwé deui. Ditungtunhan seuri nyikikik.
“Astaghfirullah!” Teu kedal istigfarna téh. Semet ngagerentes. Pikirannana pagaliwota. Sieun jurig, sieun cilaka. Ngajalankeun mobilna geus apung-apungan.
Ngaliwatan péngkolan kahiji. Jero mobil ngahiek bau bangké.
Ngabelesur tarik. Tepung péngkolan kadua ukur memenitan.
“Aa’, hoyong dipangadamelkeun naon? Engkin pangmasakeun ku Ema”.
“Teu, teu hayang nanaon aing mah!” Dion hayang némbalan, ngan sorana ngait dina tikoro.
Manggih deui péngkolan katilu!
“Ujang, bageur, sing panceg kana paniatan nya!” muncul deui sora anyar. Sora ibu-ibu. Peura, siga sada tikoro nu garing kacida.
Kaca spion jero, némbongkeun deui ‘penumpang’ anyar. Ibu-ibu kabaya héjo.
“Gusti…” Dion gogodeg. Kaayaanana beuki teu beres.
Tugu sapi témbong deui ti kajauhan. Siga jalan téh teu boga tungtung. Késang tiis ngoprot dina tarangna. Dion inget kana carita tukang warung. Jalma anu ditémbongan ku lelembut péngkolan katilu, bakal terus dibawa pupuihan di jalan nepi ka subuh.
“Aya anu kapanggih dina kaayaan teu sadar. Aya ogé anu teu kungsi kapanggih deui,” kitu pokna téh.
Dion soak kacida ras inget ka dinya. Mobil ngabelesur tarik. Jalan nu disorang salawasna sarua. Péngkolan kahiji, péngkolan kadua, péngkolan katilu. Melenghir deui bau bangké.
“Ngawiat pun anak nya, Jang. Omat ulah dinyenyeri,” sora lalaki di gigir.
Bijil deui nu anyar. Diuk di korsi hareup. Lalaki tengah tuwuh. Totopong barangbang semplak. Baju kutung. Beungeutna pias. Panonna kosong.
Kabéhanana mencrong ka Dion.
Simpé. Tiis. Ngan kari sora rénghap ranjug nu paudag-udag jeung ketug jajantung.
“Rorompok tos caket, A'”.
“Dihaturanan linggih, Ema tos ngadamel pais lauk”.
“Omat, Ujang. Kukuh kana jangji!”
Tiluanana nyora. Dion teu wani némbalan, komo ngalieuk, rarat-rérét.
“Aa’….”
Haréwosan karasa tiis kana beuheung Dion. Awak Dion ngadégdég. Keur tagiwur pipikiran téh inget kana amanat nu boga warung.
Lamun nyasar di jalan éta, baca doa sarta ulah kungsi nuturkeun sora naon waé. Kalawan sora ngageter, Dion ngado’a sabisa-bisa. Panonna peureum. Leungeun jeung sukuna antep baé. Dion sadrah
.
***
Nyah beunta. Panonpoé mimiti némbongan. Nu boga warung neuteup lila. Dion nguniang hudang. Awak lungsé. Tikoro garing. Rikat nampa cai nu diasongkeun. Leguk diinum.
“Peuting tadi kantos lirén nya?”
Dion neuteup nu boga warung. “Kumaha Bapa tiasa uninga?”
Lalaki kolot éta teu némbalan. Ngan nuduhkeun ka luar, kana mobil nu aya di tengah kebon. Mun dipikir logika mah ka mana jalanna. Dina norobosna gé moal nepi ka tengah-tengah. Ban mobil bakal mebes.
“Aa’ mah masih ditangtayungan. Seueur nu teu tiasa uih deui”.
Dion ngahuleng tarik. Kajadian peuting téh asa ngimpi. Ngilikan diri, taya nu kurang. Pakarang gawé gé lengkep. Jalujur urang lembur mah. Dion digotong, barang-barangna diampihkeun.
“Saha—atawa naon—nu kitu téh? Dongéng nu ahéng téh?” Dion masih pabeulit nyaritana.
“Kana dongéng mah teu kedah disusud. Keun kitu baé. Kedah muntang ka Nu Maha Kawasa. Yén sagala nu tumiba téh éstuning titis tulis ti mantenna”.
Dion leungiteun kekecapan. Tumarima baé. Bisa balik deui gé uyuhan.
“Dion, geus hudang, euy?” sora Pimred.
Aya kareugreug dilongok pimpinan.
“Untungna maps aktif nya? Kuring téh teu puguh pipikiran basa ningal maps pupuihan. Maksakeun wé indit ti Bandung,” ceuk Pimred téh.
Pimred indit ti Bandung jeung wartawan duaan. Nu duaan sina nguruskeun mobil Dion. Demi Dion mah balik jeung Pimred.
Sajajalan terus hulang-huleng. Diajak nyarita ku Pimred téh ngabigeu baé. Ngarasa bangbaungeun. Masih dédéngéan.
Jalan nyorang pudunan. Basa mobil rék asup péngkolan, aya wanoja keur ngajanteng sisi jalan. Dion neureup éta wanoja. Laju silih teuteup. Basa mobil ngajauhan, dina spion gigir masih kaciri, wanoja neuteup Dion.
Mobil terus ngabelesur. Wanoja leungit dina spion. Dina ngadayagdag di korsi hareup. Basa ningali spion jero, Dion ngaronghéap. Wanoja nu ngajanteng tadi, pindah ka korsi tukang. Neuteup ka Dion. Curukna dianteulkeun kana biwir. Dion surti kana rindatna.***
Bandung, Juni 2026.
Ket:
Dongéng Ahéng nu judulna Basa Halimun Ngandelan karya Yadi Karyadipura téh kantos medal di Majalah Ligar No. 001 | 7 – 21 Juli 2026


Sieun, bet jadi diapétan jurig atuh Diooon.