Bahasan

Frida Nursanti: Mekarkeun Batik Lokal ka Dunya Global

Boga élmu pangaweruh, kamampuh jeung kaludeung, desainer batik teureuh Sunda Frida Nursanti kiwari beuki kasohor. Lain ukur di nusantara, tapi ogé di mancanagara. Kituna teh luyu jeung angen-angenna, nyaéta geusan ngangkat kaarifan lokal Jawa Barat ka tingkat dunia. Kumaha kiprahna jéntréna? Masih dina suasana Hari Batik Nasional, Téh Frida, owner Batik Neng Geulis jeung pemilik brand Frida Aulia Indonesia brukbrak ka Majalah Ligar.

Miang ka jauhna, saperti sering diangkir kagiatan fashion show kelas dunya di mancanagara, nurutkeun Frida Nursanti, lain lantung tambuh laku, lain lunta tanpa seja. Da, kagiatanana téh, lian ti némbongkeun kapunjulan raksukan has Indonesia, ogé ngawanohkeun kaarifan lokal batik has tatar Sunda Jawa Barat ka jauhna.
“Seueur pisan hikmah tina rupa-rupa pangalaman dagang kapungkur téh. Sabada teras dikeureyeuh, ti ngawitan icalan produk lokal dugi ka ayeuna, alhamdulillah nyandak barokah, jadi seueur jalan, kalebet tiasa miang ka luar negeri, nu utamina mah tiasa ngiring miara sareng ngamumulé ku cara ngawanohkeun produk lokal has Sunda tatar Jawa Barat ka dunya global,” ceuk ieu alumni Magister Manajemen Agribisnis (S2) IPB témbrés kacida.
Cita-cita hoyong usaha bari tiasa miara kaarifan lokal, ahirna katedunan. Atuh ahirna jadi loba jalan. Ngan nya kitu, ceuk ieu owner Batik Neng Geulis, dina prakna mah henteu babari atawa henteu ujug-ujug, tapi nété tarajé nincak hambalan.
“Tos ilahar, namina usaha mah pasti aya rupa-rupa tangtanganana. Mana ka dieunakeun, saatos rada majeng sareng dipikareueus, lian ti teras inovasi rupa-rupa motip batik sareng ningkatkeun kualitas, ogé ngawangun komunikasi jeung para pihak. Sapertona waé, harita dina Hari Jadi Bogor, Batik Neng Geulis dipercaya sangkan nyieun batik ramah lingkungan, nu meunang pangrojongna ti dr. Malam Sawit hasil panalungtikan BRIN. Jinekna, mémang, antara bisnis sareng tékad ngamumulé produk lokal has budaya Sunda, butuh pisan kadariaan, utamana dina ngawangun komunikasi sareng kapercayaan,” pokna deui.

Édukasi jeung Ngamumulé Budaya
Tékad kuat seja miara jeung ngamumulé kaarifan lokal batik Sunda Jawa Barat, ieu pemilik brand Frida Aulia Indonesia, ahirna ngalanglang mancanagara. Kituna téh nu utama lantaran tigin miara modal kapercayaan, inovasi jeung ajén motipna ka para pihak. “Alhamdulillah, seueur jalan kapercantenan ti para pihak, dugi tiasa nebarkeun sareng ngawanohkeun batik lokal ka dunya global, utamina kaarifan lokal batik has Sunda ka mancanagara. Sapertos kantos ka Rusia, Turki, Australia, ka New York Indonesia Fashion Week atanapi NYIFW 2023 di Amerika, Brunai Darussalam, jeung seueur nagara lianna. Hasilna, urang deungeun ogé geuning katajieun pisan kana batik bangsa urang téh. Waktos fashion show di Melbourne Australia, seueur pisan nu kabitaeun kana motif batik sareng craft has Bogor Jawa Barat téh. Ieu buktos, poténsi bangsa poténsi Sunda di pasar dunia, kacida saé,” ceuk Téh Frida alumni SMP jeung SMA Pasundan 1 Bandung teh.
Malah lian ti éta, lantaran tekadna lain ngudag bisnis wungkul, atuh upama aya giat di luar negeri, Teh Frida ogé bari ngajar ka para mahasiwa luar. “Waktos ka Amerika ogé, ngiring ngajar ka mahasiswa Fashion Institute of Technology, kumaha cara ngadamel batik angklung sareng mekarkeun batik nu saé motifna sareng nu pikabitaeun,” pokna deui.
Kitu deui, dina nebarkeun edukasi di nasional, ceuk Teh Frida, sabada 17 Oktober 2026, Batik Neng Geulis karya Frida Aulia Indonesia bakal muka gallery munggaran di Tectona Resto Bogor gawé bareng jeung Amira Myscha Muslim Colection. Di éta tempat, dilengkepan deui ku kagiatan édukasi, ku cara muka sababaraha kelas, saperti diajar ngabatik, palatihan ékonomi kréatif, ogé palatihan bisnis pra pangsiun.


Loba kasempetan kawas kitu, ceuk ieu alumni S1 IPB deui, teu weléh muji sukur ka Gusti. Kituna téh lantaran salaku desainer, dirina gé boga karep geusan mekarkeun kaunggulan poténsi lemburna ka mancanagara. Hikmah séjénna, jadi loba rélasi jeung silaturahmi. Malah, kiwari mah sering diondang jadi dosen tamu di universitas jeung ngajar dina sababaraha palatihan ngeunaan cara ngaronjatkeun ajén UKM jeung dunya fashion.
Hikmah di luar negeri deui, seperti waktu di Philadelphia, jadi biasa milu aub jeung desainer kelas internasional, saperti jeung Troy Anthony (Amerika), Natasha Khan (Pakistan) ogé Dr. Rosa Rumaseuw, Theodora Matrutty, Stephanie Zhang, ogé Zuebarqa by Benz.
“Jinekna, kana batik Neng Geulis beuki pada mikareueus. Urang Amerika ogé raresepeun pisan, sapertos kana batik motif angklung, lawang salapan éndah, mulyaharja, sempur nu diadumaniskeun sareng kaén tenun, lurik sareng perca ti Bogor Barat. Di Australia ogé sami, seueur nu katajieun,” ceuk ieu garwa bapa Zakaria téh.
Kiprah Frida Aulia lianna, geus sababaraha kali miluan Fashion Show, di antarana: Gold Coast Fashion Week, Ajang Fashion Internasional di Gold Coast Australia & Sustainable Fashion &Wellbeing Marker KIRRA HILL Méi 2023, Festival Indonesia Moscow 2017-2019, Fashion Show Tunggal di Brunei Darusalam, atawa di nasional, dipercaya keur ngawanohkeun batik kajayaan nusantara di balapan MotoGP di Sirkuit Mandalika – Lombok.
Ngawanohkeun batik lokal, henteu leupas tina daya tarik nu pikabitaeun. Tah palebah dieu, inovasi batik Frida Aulia Indonesia, terus narékahan cara nu luyu jeung pasar kalawan motipna henteu leungiteun akar budaya nusantara. Sapertina waé ngawanohkeun Batik Peta Indonesia jeung Batik Peta Dunia. Tinimbanganana, batik peta Indonesia téh, jinek mangrupa gambaran kaéndahan gugusan pulo sarta rupa-rupa ragam budaya di Indonesia. Kitu deui aya motip angklung nu diadumaniskeun jeung motip hiu botol. Motip Kebon Raya Bogor, nu mawa carita has éta tempat, jeung motip-motip séjénna.
Tina kapercayaan jeung inovasi, kamari -kamari ieu dina Hari Batik Nasional 2026 ogé, Batik Neng Geulis brand Frida Aulia Indonesia, dipercaya ku Dinas Pariwisata dan Kebudayaan/Disparekraf pamaréntah Kabupaten Bogor geusan tampil keur ngawanohkeun motip has Bogor dina kagitan INACRAFT Oktober 2026 nu diayakeun di Jakarta International Convention Center (JICC). “Haturkeun nuhun ka Bupati Kab. Bogor, ka Ibu Kepala Dinas Pariwisata jeung Ekonomi Kreatif Kab. Bogor, sarta ka sadayana tim nu ngarojong kana suksésna Batik Neng Geulis dina kagiatan Inacraft 2026.

Nété Tarajé Nincak Hambalan
Téh Frida nu dumukna di Perumahan Bogor Baru Taman, Jalan Cimandiri Blok A3 No. 5 Bogor kiwari bisa suksés, singhoréng mimitina mah henteu lungsur langsar. Komo deui nu ngaranna usaha mah, apan maju atawa turun ogé geus ilahar pisan. Ngan upama usahana nu ceuk paribasa ‘dihandap’ henteu jadi matak leutik haté, malah jadi pamecut sangkan dina saban waktu bisa ngahudang sumanget keur leuwih maju.
Tah, dina nataras usaha Téh Frida ogé, kasebutna nété tarajé nicak hambalan. Hartina, teu ujug-ujug. Malah, harita mah, teu ieuh kapikir bakal kasebut jadi ‘fashion designer’ atawa bisa makalangan ka mancangara. Lantaran, ieu wanoja anu lahir di Bandung 26 Maret 1977, harita mah ukur icalan barang lokal sareng jadi supplier hijab nu barangna ti batur. Ngan kumaha sangkan sangkan beuki laku? Ahirna kapikir, nyaeta nyieun ciri hasna. Ahirna muka produk sorangan. Jinekna, diresmikeun ‘FridAulia’ tanggal 3 Januari 2014. Atuh ti waktu ka waktu usahana beuki mekar jeung ngalegaan, kalawan beuki laluasa ngadesign sorangan sarta dilengkepan ku muka sababaraha outlét butikna Neng Geulis di Bogor jeung di tempat lianna.
Beuki lila beuki maju, atuh Téh Frida beuki loba préstasi jeung pangajén. Sapertina waé tina kagiatan Fashion Show & Fashion Display (2017-2021), Discovery Indonesia Fashion Show KJRI Istanbul Turki 2021, Panghargaan Alisa Khadijah – ICMI 2021, Festival Indonesia-Moscow Rusia (2017-2019), Mumbai Expo (2017), Remarkable Indonesian Brunei Darussalam 2019 jeung 2020 sarta The Best Mentoring Group Mentoring Leader DPP HA IPB (2021), Lampung International Movement by NYIFW July 2026, jeung réa-réa deui.
Ieu wanoja Sunda nu tigin jeung henteu pegat tina akar budayana, dina dunya raksukan ogé, lain waé sual mampuh miluan ‘fashion’ nu keur usumna, tapi ogé geusan ngawanohkeun raksukan lokal Jawa Barat nu ramah, élegan di dunya global.
“Mudah-mudahan sadayana tiasa ngamumulé budaya batik, ngaranggo batik sareng tiasa numuwuhkeun pangrajin batik katut ékonomina,” ceuk ieu wanoja nu kasinugrahan IPB Award Kategori Alumni Pengusaha 2021, nutup obrolanana.*** (RH)- Ligar 08, 22 Agustus 2026

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *