Carpon : Imam Mutaqin
Lima kali dina sapoé, sora Mang Suéb ngalanglaung tina spiker masigit sisi lembur. Saméméh adan, manéhna sok pupujian heula. Sorana ngaweuhan ka madhabpapat, kabawa angin. Halimpu, melas-melis, matak sumérédét nu ngadéngé. Ngageuing insan nu katalanjuran, lali kana purwadaksi.
Manéhna nu sok pangheulana aya di masigit téh. Dalah hujan- atawa harérééng gé manéhna mah tara ieuh niggalkeun naon nu jadi kawajibanana.
Pikeun Mang Suéb, lian ti hiji kawajiban, ogé hiji amanat ti Bah Daim, bapana, yén Mang Suéb kudu nuluykeun kabiasaanana dina ngahirupkeun masigit. Numatak jadi marbot jeung muadin téh geus teu bisa dipisahkeun tina jalan kahirupan Mang Suéb.
Tapi pangabutuh sapopoé nu beuki beurat, teu bisa katutupan ku pagawéanana jadi marebot. Nasib Mang Suéb teu samulus kalimah toyibah nu ngagalindeng tina sorana. Sabulan ka tukang manéhna ditinggalkeun ku Bi Inah, pamajikanana nu teu kuat ku kamasakatan. Pangabutuh jeung angen-angen Bi Inah nu luhur mapakan langit, ngudarkeun tresna jeung kasatiaan.
Kabayang kénéh dina kongkolak panon Mang Suéb basa pamajikanna tutunjuk.
“Kami mah kaduhung daék ka didinya téh. Didagoan ti ngongora, sugan téh bakal aya menyatna, horéng ukur ngadagoan kalangkang nu pamohalan kacangking!” Bi Inah nyarékan béak beresih.
Mang Suéb tungkul. Manéhna gé ngarumasakeun, pangala salaku marbot téh teu nyukupan, nepi ka pamajikanana buburuh nyeuseuh. Si Abdul, anak hiji-hijina ngalaman teu jajan di sakola. Buku jeung saragam gé dipangmeulikeun ku Pa Ganjar, guruna. Nu jadi pangbeberah pikeun Mang Suéb, anakna kaasup budak nu nyongcolang di sakolana. Manéhna onjoy dina sagala widang. Cacakan lamun ayana di jelema beunghar Abdul téh baris kajamin sagalana.
“Cik atuh, néangan deui kasab lian! Ulah ngan saukur meresihan masjid jeung muazin. Da ngajar ngaji barudak di dieu mah geuning teu ngahasilkeun duit!” ceuk Bi Inah deui.
“Ulah ngarémbét kana masalah éta atuh, Nah! Pan apal, marbot, muazin jeung ngajar ngaji mah amanat Abah sateuacan anjeunna ngantunkeun,” Mang Suéb dumareuda, sakapeung nyusut cipanon nu mimiti ngalémbéréh kana pipina.
“Cik ayeuna pikiran ku Akang! Leuwih penting mana, amanat kolot atawa ngabayuan anak pamajikan?” Bi Inah molotot deui. Geus kitu kojéngkat ka jero kamar. Teu lila kaluar bari mawa gémbolan dieusi ku papakéan.
“Rék ka mana, Nah?” tanya Mang Suéb bari ngadeukeutan pamajikanana.
“Kami mah geus teu kiat, Kang. Pék ayeuna mah bawa budak, Teu kudu néangan kami deui!”
“Ulah sok luluasan, Nah! Urang téh kapan geus aya taunna sapapait samamanis. Maenya kudu runtag kitu waé mah,” Mang Suéb lumengis.
“Pangrasa kami mah ukur papait wungkul. Can kungsi kami dibéré mamanis. Unggal poé ukur disampakkeun karupek. Kami téh geus teu kuat. Coba mun baheula narima Kang Yayat bandar buah mah, meureun hirup téh bakal bagja,” Bi Inah ngajéngkat. Jrut turun ka buruan, gidig, leumpangna beuki jauh.
Sedeng Mang Suéb ukur bisa carindadak, ngembeng cipanon. Nyérangkeun pamajikanana, nepi ka ngilesna di lebah péngkolan.
Kira-kira sajam ti harita, kurutak anakna balik. Uluk salam. Mencrong ka bapana nu némbalan salam kalawan paneuteup nu culeuyeu.
“Pa, aya naon?” tanya Abdul.
“Teu, teu nanaon, Jang. Sok abus, geura ucul-ucul. Tuluy dahar. Tadi aya nu ngirim goréng tahu,” ceuk Mang Suéb, bari angger nyérangkeun ka jauhna.
“Ari Ema ka mana?” tanya Abdul deui.
Mang Suéb peureum sakeudeung, tuluy nyusut cipanonna nu ngagéndang dina jurueun panonna.
“Bapa teu nanaon?” Abdul nyekel leungeun bapana.
“Teu, Jang. Sok geura dahar!” témbal Mang Suéb.
Sanggeus Abdul réngsé dahar, derekdek Mang Suéb nyaritakeun kajadian saméméh Abdul balik.
“Tah kitu, Dul. Keun wé da hidep geus ngarti ayeuna mah. Ku Bapa didadarkeun kabéh.”
Abdul ngeluk, cipanonna nyurucud maseuhan pipina.
“Wios atuh Pa, ti kawit énjing mah Abdul badé nyungkeun damel ka Juragan Sasmita. Wios purah ngoréd kebonna gé,” Abdul nyaritana dibarung ku nginghak.
“Hih, ulah, Jang! Pancén hidep mah diajar. Sugan wé atuh kahareup mah aya milik urang. Bapa gé lain embung gawé ka dayeuh téh, kapan hidep gé apal sorangan, Bapa kudu jadi marbot masigit, sakumaha nu diamanatkeun ku aki hidep saméméh tilar,” Mang Suéb nyaritana tandes.
Abdul unggeuk bari nyarandékeun sirahna kana bilik. Tuluy panonna neuteup lalangit, teuing naon nu norowéco dina pikirna.
Peutingna, sanggeus salat Isa, Mang Suéb wiridan nepi ka peuting. Jam nu ngadaplok dina témbok masigit nuduhkeun jam salapan leuwih lima welas menit.
Di palataran masigit aya mobil eureun. Jrut hiji lalaki turun, tuluy leumpang ngadeukeutan téras masigit. Sapatu kulitna nu hérang dibuka. Manéhna asup ka jero bari uluk salam.
Mang Suéb ngeureunkeun wiridanana. Tuluy ngajawab salam bari malik ka tukang. Témbong aya nu nangtung. Hiji lalaki ginding seuri ka manéhna.
“Suéb cageur?” si lalaki nyolongkrong, ngajak salalaman.
“Pangésto. Ieu téh saha téa?” Mang Suéb nampanan leungeun sémah.
“Cikan sidik-sidik. Maenya poho,” ceuk si lalaki.
“Damas?” Mang Suéb satengah ngagorowok.
“Tah…geuning inget. Enya kuring Damas. Tapi kadé ulah aya nu nyaho kuring ka lembur. Pan Suéb gé nyaho kumaha urang lembur ka kuring,” Damas nyaritana dibarung ku ngantelkeun curuk kana biwirna.
“Enya inget, Mas. Hébat Damas mah, geus maju,” Mang Suéb neuteup ti luhur nepi ka handap.
“Hirup mah kudu aya menyatna, Éb. Ari Suéb kumaha ayeuna?” tanya Damas.
“Kieu wé kuring mah, Mas. Sarua jeung baheula.”
“Marbot? Ngajar ngaji barudak? Euweuh gajih bulanan?”
“Enya!” angger wé.
“Embung ngarobah nasib kitu?” Damas neuteup.
“Hayang, tapi….”
“Amanat?’ tanya Damas deui.
Mang Suéb unggeuk.
“Duh, naha pikiran téh asa heureut teuing. Amanat mah tinggal amanat. Geuning témpo susah mah euweuh nu nulungan. Cik ka mana nu ngarojong Suéb pikeun jadi marbot nalika Suéb susah? Naha maranéhna nulungan?”
“Henteu, Mas. Nya da maranéhna gé sarua wé jalma asakat,” témbal Mang Suéb.
“Numatak, ulah teuing pengkuh. Sok sing motékar!” Damas nyaritana tandes.
Mang Suéb unggeuk.
“Ari kulawarga Suéb kumaha ayeuna? Budak kasakolakeun? Pamajikan boga emas?”
“Jajauheun, Mas. Nya ari sakola mah ngeureuyeuh. Aya wé rejeki budak mah. Tapi pamajikan…” Mang Suéb teu nuluykeun caritaanana.
“Aya naon, Éb?” tanya Damas.
Barabat Mang Suéb nyaritakeun kajadian sabulan ka tukang, basa Bi Inah indit ti imah. Damas ungut-unggutan.
“Tah geuning kitu balukarna,mun urang teu daék usaha,” Damas seuri leutik.
“Ari Damas usaha kana naon kitu, nepi ka ginding tur boga mobil alus samodél kitu?” taya Mang Suéb bari anggeur neuteup ka Damas.
Damas ngadeukeutan Mang Suéb, laju ngaharéwos.
Mang Suéb katémbong siga nu reuwas. Diukna rada ngajuhan Damas.
“Baruk?” Mang Suéb olohok.
“Ssttttt! Enya, Éb. Ieu mah antara urang wé,” manéhna culang-cileung ka sabudeureun masigit. “Ayeunna mah sok pikir-pikir heula wé. Lamun arék, milu ka kuring. Lamun moal, asa piraku teuing Suéb teu bosen hirup balangsak,” Damas nuluykeun caritaanana.
Ti saprak peuting éta, Mang Suéb mindeng hulang-huleng. Tapi unggal ditanya ku Abdul, jawabna ukur ku gideug.
Hiji poé, wanci geus manjing adan lohor. Tapi sora Mang Suéb teu kadéngé ngalanglaung. Urang lembur silih tanya.
“Moal gering?” ceuk Mang Lebé.
“Tapi tadi subuh mah jagjag, Mang,” témbal Wardi.
Antukna poé éta mah nu adan téh Wardi. Najan sora teu saalus Mang Suéb, tapi lumayan batan euweuh.
Réngsé solat lohor, bring urang lembur ka imah Mang Suéb. Kasampak Abdul kakara balik sakola, manéhna mah sok solat lohor di masigit sakola.
“Dul, ari bapa hidep ka mana?” tanya Mang Lebé.
“Abdi nembé wangsul. Manawi téh aya di masigit,” témbal Abdul.
Sanggeus kitu mah béja ngeunaan Mang Suéb nu leungit téh sumebar, malah nepi ka lembur séjén. Éta gé aya nu kungsi nempo Mang Suéb nangtung di sisi lembur. Aya ogé nu poé éta manggihan Mang Suéb leumpang mapay jalan leutik, nu aya di tengah sawah. Taya nu bisa mastikeun Mang Suéb ka mana.
Abdul kacida leungiteunana. Ti saprak bapana euweuh di lembur, Abdul sok buburuh sagawé-gawé di imah Juragan Sasmita. Manéhna ogé nu ngagantikeun Mang Suéb, jadi marbot di masigit.
Dua taun geus kalarung, ti saprak Mang Suéb leungit. Sabada solat subuh, Abdul cumarita ka Mang Lebé. Cenah aya nu mihapé duit pikeun ngawangun masigit. Basa ditanya saha jalma nu méréna, Abdul teu betus. Ceuk manéhna éta amanat nu méré sangkan teu diuar-uar.
Duit téh gedé naker. Da éta wé, masigit leutik nu asalna teu diaci, ayeuna mah ngajengléng jadi tempat ibadah gedé, lantai dua. Paméré téh datangna teu sakali, tapi tiap bulan. Lamun teu tanggal lima, nya tanggal sapuluh.
Lian ti kitu, kahirupan Abdul, ayeuna leuwih undak. Manéhna geus teu buburuh di Juragan Sasmita deui, samalah bisa ngawangun imah jeung meuli sawah.
Tapi tiap ditanya, saha nu méré waragad, manéhna angger teu betus. Jawabanana angger, ukur, “éta amanat.”***

