Carpon

Di Lodaya Naratas Jalan Kahadéan (ku Rais Purwacarita)

Rérés solat lohor, awéh salam, nilepan sajadah, tuluy pindah ka patengahan. Gék diuk na korsi sopa. Nyokot hapé dina méja.
“Halo, Fred, di mana euy?”
“Sayah ayeuna otw ti Kebon Jukut,”
“Enya, kadé béjaan Burhan, jeung Tinceu.”
Anton gancang bebenah, bieu geus pesen taksi online nu rék nganteur ka jalan Lodaya. Teu ngadagoan lila, mobil geus deukeut ka buruan. Hideng driver téh mukakeun panto tukang. Sup Anton asup. Mobil maju mapay jalan Kebon Kawung, ngaliwatan Viaduct, bras ka alun-alun, jog ka jalan Lodaya.
Kari sagorolong deui ka warung Baso Akung. Katingal aya awéwé ngais orok, jeung nungtun budak umur lima taunan.
“Lirén di payun gé teu sawios, Pa,” ceuk Anton nitah eureun.
Jrut tina mobil, mayar ongkos, tuluy nuturkeun awéwé nu ngais budak bari ngarépéhkeun budak nu balita, duméh ceurik jiga nu dipagak ku indungna,
“Kunaon nangis, Kasép?”
“Éta, badé mésér baso, tapi merenyéng hoyong ka baso Akung. Nuju dipupujuhkeun mésér baso éta wé nu mirah,” ceuk indungna bari beungeut nu semu pegat harepan. Ambek bari ngemu piceurikeun,
“Hoyong baso nu aya jajandoan,” témbal budak téh bari nginghak.
“Oh, hoyong baso éta. Hayu ngiring sareng Uwa. Urang mésér,” ajak Anton.
Budak téh bangun nu rék hayang nuturkeun. Ku indungna dicekelan, meureun aréra téa da bari jeung saha. Ngan ningali budak nu sahing-hingeun ceurik, atuh ngulapés. Malah milu nuturkeun. Budak nelenyeng ti heula.
“Mang ngabungkus dua nu spésial”.
Rikat ngaladangan téh. Barang dibikeun téh indung éta budak bangun asa-asa nampana. Mun teu digogonyéng ku budak mah meureun narah. Teu kuhanteu, ditarima baé. Nganuhunkeunna gé mani disusuhun. Uluk salam. Budakna gé nurutan. Anton ngeupeulan. Kitu ceuk gerentes haténa.
Teu kanyahoan kajadian éta katempo ku Fredi, Maria, Burhan jeung Tinceu. Horéng geus dariuk. Milih tempat pangsisina, deukeut jandéla.
“Alus Ton, wayah kieu geus meunang rejeki,” ceuk Fredi basa Anton nyampeurkeun, uluk salam.
“Saayeunaeun, isuk géto mah kumaha boa,” témbal Anton bari leungeunna mapay ngajak sasalaman ka sobat-saobatna.
Geus salsé nyaritakeun pagawéan sapopoé. Kakara Burhan mindahkeun jejer wangkongan, hanca pamaksudan, duit nu geus kakumpul. Arinyana téh sosobatan ti keur SMP. Najan SMA jeung kuliahna teu babarengan, angger baé sok ngahajakeun ngariung. Ti mangsa ka mangsa béda waé obrolan téh. Geus umur papada leuwih ti satengah abad mah, jejer wangkongan papada silih nguatan dina ékonomi, silih élingan dina bebeneran.
“Jadi kumaha sapukna niatan urang taun hareup téh? Rék umrah nu 40 juta, rék nu 32 juta, pan kitu lain rencana travel umrah piliheun urang téh,” Burhan muka wangkongan.
Geus tilu kali umroh babarengan, pada-pada mawa baturna. Hasil usaha dikukumpul babarengan. Taun hareup aya paniatan umroh nu kaopat kalina.
Obrolan kaselang ku datangan pelayan mawa pesanan. Kitu baé ngamalir balakecrakan.
“Sugan ieu mah teu matak ngaruh kana mirasana ieu baso, sayah mah asa ngaganjel rék umroh téh, ningali kaayaan hirup kiwari,” Fredi mairan pangheulana.
“Enya, nu matak ayeuna ngariung gé. Da bet asa sararua postingan téh, ngébréhkeun jalma-jalma nu sarusah wé,” ceuk Burhan.
“Ieuh di lembur Tinceu mah, masih sa-RT, aya wanoja nu ngumbara, asalna ti Majaléngka. Sabulan kamari ditinggalkeun maot ku salakina. Boga budak tilu. Nu panggedéna opatwelas taun, nu bungsu lima taun. Keur pangupajiwa, éta wanoja buburuh nyeuseuh. Aya kahayang dagang sorabi cenah,” ceuk Tinceu.
“Tos diétang sabarahaeun tah?” Fredi bangun nu seurieus ngabandungan.
“Nu sidik mah kudu aya hawu. Modal sorabi, goréngan, jeung resiko sabulaneun,” Tinceu teu ngajéntrékeun angkana mah.
Jep heula. Ku bareng kabéhanana papada méakeun baso.
“Perkara nulungan mah, kuring gé aya paniatan,” ceuk Burhan. Ngalegik heula cientéh. “Pun alo rék nuluykeun sakola ka PTNBH. Duitna kurang sababaraha rupiah. Bakal dipulangkeun deui, ngadagoan baé kiriman duit ti bapana nu jadi pelaut. Bubuhan kudu aya ayeuna-ayeuna”.
Silih pelong heula. Can waka dipairan. Tinceu mah malah kacirina masih seuseuhah.
“Geus kitu kuduna meureun. Papada hayang nulungan,” Fredi miheulaan nyora. “Ngan, pan nulung téh nu utamana mah, ka kolot, ka dulur, jeung ka tatangga,” pokna deui.
“Tah terus kumaha?” Burhan bangun nu surti ka mana léokna omongan Fredi téh.
“Ieu mah adi beuteung nu katipu jasa wedding. Da semet boga kahayang, pagawé leutik, hayang hajat téh éstuning mareketkeun. Ari ieu duit ladang ngungumpul téh kadon dibangsat.” Ceuk Fredi mani ngahégak bangun nu nyidem piambekeun.
Jep jarempé deui.
“Musibah téh rupa-rupa nya?” ceuk Anton méh teu jempling.
“Musibah teu apal di mangsa, apes teu nyaho di waktu. Ngan lebah dieu mah kuring moal ngasongkeun kotrétan. Manga baé éta mah rék nyumbang sabaraha.”
Tiluanana mareng unggut-unggutan.
“Ari Anton kumaha?” tanya Tinceu. Kari Anton nu can betus.
“Geus jadi cita-cita hayang umroh babarengan deui. Ngan tina mangpaatna duit mah nya mending nulung ka nu butuh, nalang ka nu susah, peurih peujit, pahang tulang. Boga rejeki téh éstuning paméré ti Gusti. Nya urang babagi wé utamana ka fakir miskin, jalma teu boga, teu boga daya,” Anton norowéco.
“Nya geus sapuk kitu mah, ulah waka indit umroh taun ayeuna mah,” Burhan nyieun kacindekan.
“Mun kuring mah geus bisa indit umroh,”
Burhan, Fredi, jeung Tinceu kompak tarangna karerung.
“Panan rejeki téh éstuning paméré ti Gusti. Saha nu nyangka, Kosasih, babaturan urang kénéh, boga perusahaan travel jeung haji. Kuring mah lain ukur ditawaran umroh, rék haji pleus gé bisa. Duméh baheula keur ripuhna, Kosasih mindeng ditulungan. Ayeuna minangka mah manéhna hayang mulang tarima,”
Kompak deui tiluanana unggut-unggut. Samalah Tinceu mah paromanana bungah.
“Geus baé atuh indit haji, dua kali haji!” ceuk Fredi.
“Dua kali haji gé da ngaran mah moal robah. Béda jeung taun 1916, jaman Walanda mah balik haji garanti ngaran. Kiwari mah ngaran Frederik gé pan jiga karésten, geus haji geus umrah, pan ngaran téh teu jadi Faisal Ansori,” Anton ngageuhgeuykeun.
“Kuring gé ngaran Burhan téh ti baheulana geus Burhan. Ka Mekah gé kapan diarolo ku maranéh sangkan ibadah babarengan cenah!”
“Atuh Tinceu gé aya baé rasa hayang dipireueus jeung dipiagul disebut bu hajjah ku balaréa!”
Ger saleuseurian. Kadituna mah ngobrol ngalér ngidul. Ilaharna sobat nu lawas teu panggih, papada ngemu kasono, betus wéh sagala dicaritakeun.***

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *