Moal aya nu leuwih nyaah ka dirina, lian ti pribadina. Kitu deui moal aya nu nyaah ka lemburna lian ti padumukna. Hartina, moal aya nu leuwih nyaah ka Tatar Sunda lian ti urang Sunda-na sorangan.

Upama masing-masing manusa nyaah ka sarakanana, lantaran éta tempat téh lain ukur padumukan, tapi deuih nyidem rupa-rupa panineungan. Matak, teu anéh, mun lunta ka jauhna gé, ka sarakan sorangan mah tetep nyaah. Mun téa mah, ngumbara di mana waé, angger ka lembur karuhun mah, moal poho.
Lembur keur padumukna mah, lain ukur tempat cicing. Saperti lahan atawa tanahna, apan lain ukur tempat nancebkeun imah, tapi deui sumber kahirupan jeung idéntitasna. Matak, nu kaleungitan sarakanana mah, lain ukur leungiteun tempat cicing, tapi deuih leungiteun tempat panineunganana.
Robahna lahan, loba rambat kamaléna. Nu biasa tatanén, ngebon, ngukut ingon-ingon, sabada lahan jadi milik pihak séjén, sagala rupa nu aya dina éta lahan téh, jadi milik deungeun-deungeun. Hartina, nu asalna miboga hal-hal nu aya di éta tempat, teu bisa majar kumaha.
Dina mangsa padumuk leuwih loba jeung pagaliwota, lahan jadi kacida pentingna. Ilaharna ‘hukum dagang’, loba nu mikabutuh mah, haregana gé leuwih undak. Nya ku lantaran kitu deuih, urang Sunda di lemburna gé loba nu teu ‘tahan uji’ lebah nyanghareupan harga nu matak ‘uruy’ mah. Antukna, lahan téh ‘diségétan’ dijualan. Bisa jadi mimitina mah, teu ngarasa rugi, tapi lila-lila mah, sabada lahan geus lain milikna, kakara karasa leungiteunana téh.
Kiwari loba padumuk pasisian pakotaan nu geus teu barogaeun lahan. Nu asalna ngancik di lemburna kalayan boga imah di sarakanana, antukna mah, ‘ngoléséd’, kapaksa pindah, lantaran teu boga pitempateunana.
Kanyataan saperti kitu, balukarna mah, lain sakadar urusan tanah, da loba rambat-kamaléna. Apan, urusan lahan mah dalit jeung urusan-urusan séjénna. Hartina, urusan tanah téh perelu nu ngurusna dina rupa-rupa widang.
Dina sual pulitik, nu raket patalina jeung kakawasaan, keur urang Sunda gé, teu bisa ‘api-lain’. Da, mun pituin Sunda nu dumuk di sarakan Sunda henteu ngabogaan kakawasaan, hirup jeung huripna nu luyu jeung harepan gé, bisa jadi jauh tangéh ka langit!
Komo deui, upama ékonomi urang Sunda sacara koléktif héngkér, lantaran teu boga peran nu écés dina wiadang ékonomi, atuh tong boro bisa mantuan batur, da diri soranganana gé batan sakieu. Mémang kanyataan, mun loba pabrik gé, toko, jeung industri di tatar Sunda, invéstorna mah deungeun-deungeun.
Kiwari, mémang kanyataan lahan-lahan di sarakan Sunda gé geus loba jadi milik pangusaha jugala nu lain urang Sunda. Lahan-lahan nu asalna mah milikna luluhur Sunda ayeuna mah, geus jadi nu deungeun-deungeun. Ari lahan téa apan nyidem rupa-rupa poténsi. Hartina leungitna lahan mah, leungitna rupa-rupa poténsi urang Sunda.
Ari nyanghareupan kaayaan, karuhun Sunda mah, boga padikana, kawas nu kagambar dina kekecapan, ‘kudu ditiung méméh hujan’. Cindekna kudu jaga-jaga ti anggalna. Da, mun kaporotan mah, lain pamohalan, kaboga téh kari dongéngna.
Kahariwang kawas kitu, dilisankeun ku urang urang Indian (Warga Asli Amerika). “Upama tangkal nu ngan hiji-hijina deui geus dituar, upama walungan nu ngan éta-étana geus diracun, upama lauk nu pamungkas geus diala, kakara bakal karasa duit téh teu bisa dituang.*** Énsa Wiarna-Ligar 01, 7 Juli 2026

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *