Tandang

Pépéling Ceu Popong: Sunda Waluya Nyorang Hirup jeung Huripna

Basa ais pangampih ngayakeun acara Gelaring Ligar di Kampus UPI Jalan Setiabudhi Bandung, salah saurang inohong Sunda nu hadir téh, Popong Otje Djundjunan atawa nu katelah Ceu Popong téa. Ieu inohong wanoja Tatar Sunda téh lima periode jadi pulitisi nu mancén gawé di législatif. Anjeunna ti Partey Golkar nu mancén gawé salila lima mangsa bakti jadi anggota DPR-RI, ti taun 1987 nepi ka 1999, sarta ti 2009 nepi ka 2019.
Harita, dina lolongkrang waktu nyalsé acara Ligar, wartawan ieu majalah ménta idin ngawangkong. Nya, anjeuna méré waktu ngobrol, Rebo (8 Juli 2026 pasosoré) di bumina, Jalan Cipaganti, Kota Bandung.
Sabada marén pancén tina anggota legislatif, kagiatanana mah teu ngurangan. Anjeunna aktif dina rupa-rupa organisasi. Atuh, teu anéh upama remen ngahadiran rupa-rupa ondangan, di antarana jadi nara sumber, ceramah geusan nebarkeun pangaweruh ka balaréa.
“Unggal jalmi ngagaduhan bakat masing-masing. Tah, éta kapunjulan pribadi-pribadi téh, sakedahna diasah; ulah (ukur) tuturut munding, ulah sakadar nurutan batur,” pokna.
Upama pihak séjén bisa ngajalankeun pancénna kalayan hasilna alus, heug urang nurutan, hasilna mah can karuhan hadé. Kituna téh, ceuk Ceu Popong, lantaran kabisa manusa mah, rupa-rupa.
Upama ieu wanoja ngabogaan kamampuh dina widang pulitik, organsiasi, kamasarakatan, jeung sajabana, mémang ditaratas ti baheula. Sepuhna, ngajurung tur nuyun Ceu Popong getol nyiar élmu. Dituyun jeung ditungtun, dirojong disumangetan. Atuh, mangsa SD jeung SMP, geus biasa disiplin dina diajarna. Malah, tina upayana nu soson-soson kawas kitu téh, jadi juara kelas, malah jadi juara sakola.
“Peran ibu rama ageung pisan, nya kitu deui pangrojong ti nu sanésna. Hasilna, mangaruhan pisan ka pribadi-pribadi murangkalih nu aya di lingkungan éta kulawarga,” pokna nyoréang mangsa ka tukang.

Nebarkeun Pépéling

Dina riungan-riungan organisasi, ceramah-ceramah, jeung sajabana, Ceu Popong tara tuna tina pepelingna. Nu remen ditepikeun ka balaraéa téh, ‘jurus hirup waluya’ malar masing-masing pribadi bisa hirup jeung huripna. Ahirna, tina rupa-rupa pangalamanana, ieu wanoja Sunda kalahiran Bandung 1938 téh, remen nebarkeun pépélingna ka balaréa boh dina acara-acara organisasi profési, kamasarakatan, boh di kampus-kampus.
Keur Hj. Popong Otje Djunjunan, kekecapan silih asah, silih asuh jeung silih asih téh, lain ukur dina lalambé jeung kakara ‘nembé bade’ tapi geus jeung prakna. Pakarepan nebarkeun kahadéan, tara pipilih tempat jeung kagiatan.
“Silaturahmi téh, penting pisan. Da, dina kagiatan-kagiatan riungan, bisa jadi tempat keur nebarkeun kahadéan. Prak tepikeun, kahadéan naon nu ku urang bisa disebarkeun ka balaréa!” pokna pinuh ku ajakan.
Dina sawatara pidato atawa ceramah, nu remen ditepikeun ku anjeunna téh, pépéling nu ceuk Ceu Popong mah, bisa dilarapkeun ku saha waé dina kahirupan nyata. Keur anjeunna mah, naon nu diomongkeun téh, lain ukur konsep, tapi (nu penting mah) cenah, larapna jeung nu saterusna jadi cecekelan paripolah.
Sawatara konsép ‘hirup’ nu remen ditepikeun ka balaréa téh, Lima A, Lima B, Tilu O, jeung Opat As. Tah, éta ‘rumus kahirupan’ Ceu Popong téh, medal tina pangalaman nu kacida panjangna. Intina, éta padika paripolah téh geusan campur gaul jeung papada manusa anu silih pikanyaah.
Sateruna, Ceu Popong téh, medal ‘rumus-rumus’-na téa. Naon atuh Lima A téh? A nu kahiji, cenah afiat, dina basa sapopoé, runtuyan kecapna téh, séhat wal afiat (kecap serepan tina basa Arab shihhah wal ‘afiyah) kaayaan nu bener-bener séhat, kuat, tur seger (bugar). Cindekna, séhat di dinya mah, nuduhkeun kana kondisi fisik anu fungsina alus; ari afiat, patalina téh jeung kasalametan batin.
Tina afiat téa, dina kamandang Ceu Popong mah, lega naker. Da, alusna kaayaan lahir jeung batin téh, medalkeun kaayaan, pasipatan, jeung kaayaan anu hadé, saperti cageur, bageur, bener, pinter, singer (kalayan diémbohan ku teuneung tur ludeung).
Saterusna, A nu kadua, ceuk ieu inohong wanoja Sunda mah, agama. Éta ageman, téh jadi panungtun jeung panuyun hirup geusan nyorang kamaslahatan jeung kasalametan lahir batin. Dina agama, saperti umat Islam, saéstuna euyeub ku tungtunan kahirupan geusan nyorang kabagjaan dunya jeung ahérat. Kalayan didadasaran ku iqro, (prak) baca, ceuk Ceu Popong, jadi akar kahirupan geusan ngahontal kamajuan jeung kamaslahatan hirup. Da, ceuk kamandangna mah, mimitina tina maca téa, manusa bisa mekarkeun rupa-rupa poténsina, boh lahirna boh batinna.
Ari A nu katilu, ahlak (ajén-inajén paripolah hadé) nu lain ukur panungtun jeung panuyun kamajuan, tapi ogé kahadéan paripolah. “Jadi pajabat, nu ahlakna hadé mah, moal korupsi!” pokna daria naker.
Saterusna, Ceu Popong gé medar A anu kaopat, nyaéta akal. Ceuk kekecapan karuhun mah, ti antarana, manuk hiber ku jangjangna, manusa hirup ku akal-na. Akal téh, lir pakakas dina kahirupan, nu dina kamandang ieu inohong Sunda mah, salah sahiji modal penting geusan nyorang kamajuan jeung kamaslahatan. Da, cenah, akal mah, jadi tuduh jalan atawa panungtun kana paripolah nu pinuh ku balitungan jeung karancagéan.
“Jalma nu loba akalna, bakal loba kabisa jeung kadaékna sarta laludeung geusan milampah naon waé asal keur kahadéan jeung kamaslahatan balaréa,” pokna.
Nu pamungkas tina Lima A téa, dina kamandang Ceu Popong mah, amal atawa prakna milampah kahadéan keur balaréa. Paripolah jeung pagawéan hadé nu mangpaat tur maslahat keur papada manusa, ceuk ieu tokoh nu katelah Indung saréréa téh wujud nyata ‘tanggung jawab’ pribadi-pribadi dina kahirupan nyata.
Hadé-goréng paripolah jeung pagawéanana, masih ceuk ieu tokoh nasional ti tatar Sunda téh, kawas ceuk kekecapan karuhun, hadé-goréng paripolah téh, enas-enasna mah keur nu migawéna. Cindekna, cenah, melak hadé moal jadi goréng, kitu deui sabalikna!

Dibarung ku Prakna

Wangkongan jeung Ceu Popong di bumina Jalan Cipaganti kawilang nyalsé. Ieu aktivis rupa-rupa organisasi téh geus ‘manukna’ dina sual ngedalkeun gagasan mah. Hal nu ditepikeunana, dirangkum dina istilah-istilah nu gampang kaharti. Kawas papagon 5 B gé apan, nu jadi tetengger ingetan téh (B) dina harti banyak, saperti (B)-anyak baca, banyak lihat; banyak dengar; banyak tanya; jeung banyak berbuat.
Dina nyaritakeun hal-hal nu sakuduna dipilampah, Ceu Popong mah, ngarumuskeunana téh, dina basa nu basajan. Ku cara kitu, babari apal jeung gancang kaharti kalayan ‘méré kesan’ hal-hal nu dilisankeun ku anjeunna téh, bisa dipilampah ku saha waé.
Saenyana, ajakan loba maca, apan gampang, asal daék. Ngan nya kitu, ceuk ieu wanoja nu jadi ‘pangaping’ dina sababaraha organisasi téh, ngalarapkeunana mah teu gampang. Malah kanyataan ayeuna, dina jaman digital atawa média online, perpustakaan-perpustakaan gé (di urang mah) mingkin tiiseun, kitu deui toko-toko buku, kawas nu ilang dangiang. Padahal, urang deungeun mah, ceuk Ceu Popong, kadaékna maca téh, taya usumna. Di mana waé, boh di tempat ramé, saperti di statsion atawa bandara, angger masih kénéh bariasa maca (buku).
“Kawasna, patali jeung banyak lihat gé, kudu tuluy-tuluyan diingetan,” pokna daria naker.
Maksud anjeunna mah, nu loba ningali téh loba ngimeutan. Lain ukur sarwa ditingali, tapi hal-hal nu sakuduna diimeutan téh, kudu sing teleb ningalianana. Tina loba titingalian nu dipilihan, pangaweruh gé bakal nambahan.
“Tah, patali jeung banyak dengar, maksudna urang kudu daék loba ngadéngékeun batur; lain ukur urang wé nu hayang didéngékeun ku batur téh,” pokna kawas nu ngingetan.
Saha waé nu nyarita, ceuk anjeunna mah kudu didéngékeun. Kituna téh, cenah, sangkan urang nyaho kana eusi atawa maksud nu nyarita téa.
“Ulah salah déngé atawa salah harti!” pokna.

Ulah Nunda Hanca

Sabada nyaritakeun sual pentingna ngadéngékeun, Hj. Popong Otje Djundjunan téh medar topik tilu O. Tah, naon téa? Taya lian ti tilu padika paripolah anu neueul kana olah otak, olah rasa, jeung olah raga.
Otak nu biasa dipaké mikir, sakuduna terus kajaga jeung kaasah. Da, kawas anggota badan séjenna, kudu tetep kapiara. Kamandangna nu kawas kitu, keur Ceu Popong mah, lain sakadar lalambé atawa tiori, da puguh dibarengan ku prakna.
“Otak urang tetep kudu mikir, matak Ceuceu mah, biasa kénéh ngalatih pikiran, copélna ku ngabiasakeun ngeusian teka-teki silang (TTS),” pokna bari némbongkeun buku TTS nu geus méh pinuh dieusian ku anjeunna.
Saterusna, kudu tetep olah rasa. Ngalatih jeung ngabiasakeun ngagunakeun rasa dina nyanghareupan pihak séjén. Apan, cenah, urang gé remen ngalaman rupa-rupa rasa, boh resep atawa teu resep. Atuh, sabalikna, batur gé boga rasa pribadi masing-masing.
“Nu jelas, rasa batur gé moal bina ti rasa urang!” pokna.
Nu pamungkas pedaran tilu O téh, nyaéta, nyadiakeun waktu keur olah raga, saban poé. Nya tangtu, diluyukeun jeung kamampuh séwang-séwangan.
“Ceuceu gé, biasa kénéh senam, biasa kénéh leuleumpangan, najan teu lila jeung teu kudu jauh,” pokna dibarung mésem.
Minangka pamungkas, Ceu Popong nataan, Opat As, nyaéta kekecapan nu nandakeun kondisi pagawéan nu sakuduna dipilampah kalayan pinuh tanggung jawab. Basajanana mah, dirangkum ku Ceu Popong dina kekecapan: metakeun pagawen kalayan, cerdas, keras, ikhlas (ihlas), jeung tuntas.
“Cindekna, sagala pagawéan téh kudu dipilampah kalayan pinuh ku tinimbangan jeung itung-itungana (cerdas); dipigawé kalayan satékah-polah, sakuat-tanaga (keras), kalayan léah haté dina ngalaksanakeunana (ikhlas/ihlas), tur éta pagawéan téh réngsé luyu jeung anu samistina (tuntas).
“Cindekna mah, naon waé pagawéan urang, kudu anggeus, kudu réngsé, ulah ninggalkeun pagawéan nu can anggeus,” pokna mungkas wangkongan.*** (Gun/Tim Ligar-edisi 02, 22 Juli 2026)

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *