ku Yadi Karyadipura
Wanci janari ngadaweung di tepas. Nyesep hawa tiis nu melenghir bau rupa-rupa, asin cai laut nu kacampur hanyir lauk sarta leutak muara. Najan aambeuan geus dalit puluhan taun, rajeun aya waé murelna. Mun irung geus karasa géték téh sok ngahajakeun ngabekem sorangan. Nyesep seungit malati. Matak seger, ngan tungtungna punduk muringkak.
Nyuruput kopi nu masih panas. Laju nyekéskeun korék. Ngalepus. Imah téh nyanghareup ka muara. Salila puluhan taun tetempoan téh angger. Ti kajauhan, lampu-lampu nu ngagantél dina parahu téh siga cika-cika nu tingrariung luhureun cai. Mun aya lampu nu kacirina rada gedé, nya éta pamayang nu balik ti laut. Beuki gedé parahuna, beuki loba lampuna.
Di lebah wétan témbong parahu nu lampuna buburicakan. Pulas bulao bodas nu masih kaciri ti kajauhan. Kapal cai paranti néwak lauk, nu pangalusna, panganyarna, modéren, kiriman ti Cina.
Mun parahu éta geus némbongan, beuki nyambuang baé seungit malati. Ras inget ka nu méréna. Nu datang wanci janari maké motor kolot. Eureun hareupeun tepas. Teu waka turun. Dina sikepna bangun nyidem kasieun. Sanggeus ngalaan hélem full face, asa teu bireuk. Rada pangling téh pédah ngabegangan. Bangun nu ripuh.
“Irfan?” ditanya, najan mangmang.
Ditémbalan ku seuri konéng. Setélan nu dipakéna mah masih nu mahal jeung boga mérek. Ngan sasarina mah datang téh maké mobil méwah. Irfan, pangusaha lauk kasohor. Béréhan. Unggal dipuntangan téh teu ngorétkeun. Surti, créng baé méré.
“Bagéa, Ki Sobat!”
Karék gék diuk gigireun, kadéngé sada hapé di jero saku jakét Irfan. Sabot ditingali, bray foto budak leutik. Rikat ngiserkeun gambar telepon. Kadéngé sora budak keur ceurik.
“Ayah… iraha uih?” sora budak awéwé.
“Énjing, nya, Bageur,” ceuk Irfan bangun ngemu kasedih.
“Ayah mah sok bohong ah. Kaka téh hoyong sapédah…”
“Énjing Ayah mésér sapédah kanggo Kaka nya.”
Telepon dipareuman. Irfan ngahelas. Bangun nu eungap. Lain ku panyakit, tapi ku bangbaluh. Ngungun. Henteu ari rék ceurik mah.
“Bro, anteur uing rék munjung!” sora Irfan ngageter.
***
Mungguh hirup mah pasangka-sangka. Nu sangsara ripuh ku katuna, nu beunghar beurat ku babanda. Nu usaha leuleutikan, modalna remen kacocéng ku pangabutuh beuteung. Nu usaha gedé gogodana leuwih pohara. Irfan kajiret hutang leuwih ti samiliar. Ti mimiti relasi luar negeri nu megatkeun kontrak sapihak, kapal dibawa kabur, duit macét, nepi ka pamajikan hayang ditalak.
“Hayang hudang uing téh, Bro!”
“Bisa. Sok dibantuan,”
“Hayang gancang, Bro. Nu leungitna lain ukur duit. Harga diri, nyeri haté,”
Sabisa-bisa dipeper. Beuki diomongan, beuki gilig hayang indit. Mun teu inget kana kahadéan mah, teu hayang ngaganteur. Ngalalakon ka pasisian. Jalan nu tadina aspal mulus téh obah jadi naringgul. Tina jalan batu jadi taneuh beureum. Beuki dieu jalan taneuh tuluy ngaheureutan jadi jalan satapak.
Leumpang ka tengah leuweung. Beuki jero, tatangkalan beuki rembet. Semu rusuh sieun kapeutingan. Inggis nyasab, palias teuing panggih jeung nu belang, nu totol.
“Tuh itu imahna,” Irfan nuduhkeun ka hiji imah di lahan nu negla. Imah panggung suhunan julang ngapak.
Ngaléngkah ka buruan nu katutupan daun garing. Suku karasa beurat dikebatkeun. Ngajanteng baé. Irfan nu ngaringkang ka hareupeun panto. Saacan diketrok téh, pantona muka sorangan. Bral aki-aki. Maké pangsi jeung kutung bodas. Iket perekos jéngkol. Neuteup seukeut.
“Bagéa, Anaking!”
***
Udud satengah batang deui. Kopi nu dibekel di imah Abah gé kari gedohna. Peuting kahiji maturan Irfan. Kuring ngadagoan di saung. Irfan sila nyanghareup tangkal caringin. Tangkal nu kacida gedéna. Nyiru eusi sasajén gé bisa ditunda dina kolak batangna.
Panceg jam duawelas peuting. Angin ngadalingding. Anéhna, dangdaunan teu arusik, hawa tiris gé karasana ngahaneutan. Kuring nu keur ngalepus gé haseupna henteu ngelun. Ngarérét jam tangan, angger baé pukul 00:00 WIB.
Tak… Tak… Tak… Tak…
Ngoréjat ngadéngé sora léngkah. Teuing sato, teuing jelema. Mun sato, sato naon? Haté teu puguh rarasaan. Sora léngkah nu beuki deukeut. Tetempoan ngulincer ka mana mendi. Tapi sakuriling poék. Sénter teu pati jauh nyorotna.
Tak… Tak… Tak… Tak…
Leuweung nu rembet, geueuman. Di antara tatangkalan, ngadeukeutan cahya nu dina wangunna ngawujud kuda. Sora léngkahna beuki harus. Kuring ngadégdég awahing sieun. Angot éta kuda téh eureun di antara kuring jeung Irfan.
“Omat, mun aya nanaon, ulah ngageroan Irfan, ulah lumpat. Cicing baé di saung,” inget pépéling ti Abah.
Kuda nu awakna hurung. Kuda ahéng éta leumpang igel-igelan ngurilingan Irfan tilu balikan. Reug eureun. Huluna unggeuk-unggeukan. Laju ngalieuk, mencrong ka saung, ka kuring. Ngaringkang ngadeukeutan saung.
Cahaya mamandi cahya
ya iku anganggo cahyaning macan gebong
maka wulung ati digugul sia bagulong-gulong
beunang gulungan pantang sia bagolong
tek anceup tek sieup ka awaking
Abah mapatkeun jangjawokan. Datang mawa obor. Angin karasa deui. Dangdaunan tingsariak.
***
Dina bagbagan munjung gé aya prosésna, aya ogé gagalna. Mun seug téa mah didatangan kuda leuweung téh ujian kahiji, meureun masih aya pilihan antara nuluykeun atawa eureun.
“Aing mah hayang tuluy, geus kagok. Sia tong sok kitu? Teu inget sabaraha kali sia nginjeum duit ka aing?!”
Kitu omongan Irfan basa diajak balik. Hésé ari geus kapoékan mah. Pikiranana geus pabeulit. Léngkah kateug. Ditinggalkeun asa piraku. Nya kapaksa maturan deui.
Peuting kadua mah leuwih keueung. Halimun ngandelan. Leuweung mingkin poék baé. Uyuhan di saung dibaturan ku Abah. Mekel kopi hideung, lalawuh seupan beubeutian, ditunda deukeut patromaks.
“Mun aya tetempoan, ulah ngagorowok. Mun teu kuat mah peureum wé,” ceuk Abah.
Kuring unggeuk.
Wanci ngagayuh ka tengah peuting. Rarasaan asa sarua, taya sora, taya angin. Halimun teu usik. Laju aya cahya nu kaluar tina tangkal caringin. Cahya sumirat. Ngaringkang wanoja tangtungan putri karaton. Makuta emas mapaés kageulisan. Raksukanana lir ditinun ku cahya bulan.
Éta wanoja téh ngadeukeutan Irfan. Siga nu haharéwosan. Irfan unggut-unggutan. Teuing naon nu diomongkeun. Da si wanoja bangun nu bungah. Pepeta badis nu tari. Hawa ngadadak haneut. Tatangkalan aroyag. Ngurilingan Irfan tilu kali, laju sup deui kana tangkal.
“Hayu, Jang,” Abah ngabetot kuring. Ngabingbrit nyampeurkeun Irfan. “Naon anu disungkeunna, Jang?” tanya Abah bangun hariweuweus.
“Pamundutna mah itik atanapi induk!” témbal Irfan.
Abah ngarénghap panjang. “Nyungkeun wadal, pamajikan atawa budak!”
Waktu asa eureun. Masing-masing bisa ngitung ketug jajantung.
“Abot ogé nya, Bah!”
“Sadayana gé aya tinimbangan,”
***
“Manéh rék téga ngawadalkeun pamajikan atawa budak?”
“Ceuk Abah gé masih bisa négo,”
“Kumaha mun angger pilihanana?”
“Teuing atuh! Sia mun rék balik mah jor téh teuing!”
Kesel, ambek, asa dosa. Beurat ku karunya jadi tuluy maturan. Masih dibaturan ku Abah nu mekel kopi jeung lalawuh seupan beubeutian. Patromaks ditunda di gigir. Deukeut karung goni.
Panceg tengah peuting, wanoja rancunit kaluar deui tina tangkal caringin. Henteu ukur haharéwosan, wanoja téh ngajak sasalaman.
Pas keur sasalaman, karung goni gigireun patromaks téh ngabeukahan. Hémeng puguh gé. Panasaran naon eusina. Ngan Abah geus peupeujeuh, engké baé dibuka mah geus nepi imah.
***
Udud geus béak tilu batang. Kopi kari gedohna. wanci janari gedé. Lampu-lampu nu ngagantél dina parahu téh siga cika-cika nu tingrariung luhureun cai. Loba lampu nu kacirina rada gedé, ciri geus loba pamayang nu balik ti laut.
Parahu pulas bulao bodas geus di darmaga. Kuli panggul sayaga ngadagoan piriwit. Haget manggulan lauk nu rék diangkeun ka sababaraha wewengkon.
Ampir sataun ti saprak balik ti imah Abah, loba waé nu butuh lauk. Hasil laut nu kagémbol poé ayeuna, tara kungsi nyésa. Malah sok ngaborong ti pamayang lian.
Can panggih deui jeung Irfan. Kuring sok rajeun nelepon keur nanyakeun kumaha usahana, kumaha rumah tanggana. Unggal ditelepon sok dialihkeun kana video call. Meureun rék némbongkeun yén manéhna geus balik deui ka mangsa jaya. Awak sentegu, pamajikan reunceum, budak keur meujeuhna lucu-lucuna. Justru éta nu matak hariwang téh. Sainget kuring mah Nyi Putri ménta induk atawa itik.
Tak…Tak…Tak…Tak… sada sora suku kuda. Najan maneuh datang saban poé Jumaah, angger baé gegebegan. Kuda bodas némbongan, ngurilingan imah tilu kali. Laju nyambuang seungit malati. Nyi Putri némbongan, ngagandeuang. Imut ngagelenyu.
Punduk masih muringkak. Sieun négo peuting katilu téh nyérédna ka kuring. Peuting harita téh karung goni dibukana di imah kuring. Ngaborotokeun duit. Nyambuang seungit malati. Kuring gé nyabak, milu ngitung. Seungit malati tina duit, napel kana dampal leungeun. Awet. Pageuh. Malah nyambuang mun rék meunang milik.
“Kang punten pesenan tambihan ku balakutak. Sapuluh kilo, Kang, manawi aya?” ceuk langganan ti Pasar Caringin.
“Kang ieu seueur nu naroskeun kuek. Kumaha tos aya?” ceuk nu boga ténda seafood.
“Tongkol sareng tenggiri tambihan 20 kilo deui, Kang, punten!” ceuk bos baso ikan.
Kitu chat WA nu asup unggal wanci nyedek ka subuh. Pesenan ti nu maneuh atawa nu anyar. Ngan aywuna mah aya nu béda, chat ti Ki Sobat. Atuh panasaran da ngadadak ngiberan.
“Bro, isuk anteur ka si Abah. Pangnéangankeun sapi nu pangalusna nya!”***
Bandung, Juli 2026
Ket:
Dongéng Ahéng nu judulna Nyambuang Seungit Malati karya Yadi Karyadipura téh kantos medal di Majalah Ligar No. 002 | 22 Juli – 6 Agustus 2026.

