Salila puluhan taun sengkéta lahan di Désa Sukawangi can bisa dianggeuskeun. Legana 1.800 héktar nu masih padungdengan di éta lembur nu perenahna di Kecamatan Sukamakmur, Kabupatén Bogor. Antukna réwuan masarakat nu nyicingan éta lembur diganggayong ku teu puguhna kapastian hukum.
BOGOR, ligar.id – Komisi I DPRD Provinsi Jawa Barat ateul dampal leungeun. Nguruskeun deui éta pasualan ngaliwatan rapat evaluasi di Kantor Sekretariat Daerah Kabupaten Bogor, Rebo (4/11/2026). Hadir dina éta rapat Biro Hukum Pemprov Jabar, Bagian Hukum Pemkab Bogor, Dinas Pemberdayaan Masyarakat Desa (DPMD) Provinsi Jabar jeung Kabupaten Bogor, serta Kantor Pertanahan ATR/BPN Kabupaten Bogor.
Anggota Komisi I DPRD Jabar, Dindin Abdullah Ghozali, nétélakeun yén digelarna rapat evaluasi téh lantaran can katémbong ketak pibéréseun. Padahal, rupaning tarékah tas dipetakeun, kaasup ngaliwatan jalur hukum ogé koordinasi jeung kementerian.
“Ieu téh pasualan nu teu tiasa diantep. Jalaran pasualanana sanés mung administrasi. Aya patalina sareng kahirupan sosial, sarta kapastian hukum masarakat,” ceuk éta pulitisi PKB.

Dindin ngémbohan yén pasualan éta geus ngajiret sababaraha warga. Arinyana kudu nyanghareupan prosés hukum lantaran status lahan nu disebut aya di jero leuweung. Padahal pamaréntah désa geus ngagugat kaputusan Kementerian Kehutanan nu netepkeun wilayah Désa Sukawangi bagian tina wewengkon leuweung.
Dumasar éta mah pihak désa geus bener. Ku kituna kudu aya putusan ti pamaréntah pusat. DPRD Jabar nalék geus nepi mana prosés administrasi jeung téhnis nu kudu dianggeuskeun, sangkan aya kapastian.
“Tos kitu mah kantun ngantos kaputusan, lajeng disusul tepus, dugi ka éta lembur teu kasebat deui aya di wewengkon leuweung,” pokna.
Dindin nandeskeun yén DPRD Jabar baris mawa kawasa lembaga pikeun nganggeuskeun éta pasualan. Teu lila deui, DPRD Jabar baris lolongok ka Kementerian Kehutanan.

Pasualan Désa Sukawangi téh pabeulit. Ampir kabéh tanah lembur nu legana kira-kira 1.800 héktar téh disebut asup wewengkon leuweung nu dikokolakeun ku Perum Perhutani. Padahal éta lembur téh panyicingan 17.000 jiwa atawa 4.000 umpi. Nu diklaim di éta lembur gé kaasup rupaning fasilitas publik, ti mimiti kantor désa, sakola, masigit, puskesmas, pasantrén, nepi ka jalan désa.
Désa Sukawangi téh ngadeg ti taun 1930, saacan Indonésia merdéka. Warga désa gé mayar Pajak Bumi dan Bangunan (PBB). Ngan teu dibéré luang lebah ngurus sértifikat tanah ngaliwatan program Pendaftaran Tanah Sistematis Lengkap (PTSL).
Administratur KPH Bogor, Eris Mulyana, ngadadarkeun proses nu kudu dilakonan pikeun mérésan éta pasualan. Ti mimiti kudu divérifikasi deui widang tanah nu geus dicicingan jeung dikokolakeun ku masarakat, sinkronisasi peta kawasan leungeun kalayan dikuatan ku data tanah sarta kondisi faktual di lapangan, nepi ka ngajukeun lahan ngaliwatan mekanisme Penyelesaian Penguasaan Tanah dalam rangka Penataan Kawasan Hutan (PPTKH).
“Peryogi koordinasi lintas séktor antawis pamaréntah kabupatén, pamaréntah désa, Kementerian Kehutanan, sareng pamaréntah pusat. Perhutani ngadorong saénggalna aya kaputusan kana widang tanah nu tos nyumponan sarat kaluar tina wewengkon leuweung,” pokna.
Eris ngémbohan yén lahan garapan masarakat tiasa diperenahkeun jadi perhutanan sosial. Demi widang tanah nu nyumponan sarat mah baris diprosés luyu jeung katangtuan undang-undang.
Saacanna dina bulan Juni 2026, Kementerian Kehutanan ngeureuyeuh 35,183 héktar lahan di Désa Sukawangi ngaliwatan mekanisme PPTKH. Béwara éta ditepikeun basa lawungan jeung masarakat tanggal 9 Juni 2026.
Ngan nu dikeureuyeuh téh leutik pisan batan usulan pamaréntah désa nu nepi ka 1.800 héktar. Hartina masih butuh tahapan verifikasi jeung pedaran nu gemet pikeun nangtukeun widang-widang tanah nu nyumponan sarat.
Pikeun masarakat mah, pasualan teu ngan status administratif lahan. Lantaran teu puhuh téh, nya teu boga kapastian hukum salaku mukimin, teu bisa narima program pamaréntah, nepi ka kahirupan sapopoéna dikukuntit kamelang.***

