Lembur Urang Warta

CERAGEM; Terapi Asal Koréa nu Dideugdeug Para Lansia

Réa jalma nu can apal persis. Siga kumaha terapi di Ceragem téh? Ligar Basa Sunda langsung datang ka tempatna. Lian ti ngobrol jeung para tamu atawa pasén, sakalian ogé ngajaran métodeuna sacara langsung. ***

Ngaran Ceragem, métode terapi alternatif ti Koréa Selatan nu ngagabungkeun unsur modérn jeung tradisi saperti pijet akupresur, téknik kiropraktik, jeung terapi panas ngagunakeun sinar inframerah jeung batu giok sabenerna henteu pati anéh. Sabab Ceragem mémang geus welasan taun aya di Indonésia.

Enéng-Enéng jeung Kang Dandi, para staf di Ceragem nu kabéhanana soméah, bageur jeung tulatén.

Tapi masih réa jalma nu henteu apal persis naon ari Ceragem. Prakprakan terapina siga kumaha, saha baé nu jadi pasén atawa tamuna, panyakit naon anu bisa cageur ku terapi Ceragem, naha kudu mayar atawa henteu jeung anu lianna.

Komo deui ayeuna mah di Ceragem téh alatna ditambahan, leuwih hébat batan baheula Ceragem mimiti aya, nyaéta ngagunakeun alat nu disebut Master V3.

Dina Master V3 téa, tamu atawa pasén ukur nangkarak, tapi bagéan awak tukang ti mimiti luhureun pingping nepi ka sirah téh karasana asa dipencétan ku leungeun anu ahli. Bari kituna téh aya rasa nu ngahéab kana awak balukar tina sinar infra mérah.

Nurutkeun para staf di Ceragem anu kabéhanana saroméah, sabar jeung tulatén saperti Néng Yuli, Néng Ida, Néng Cindy, Néng Fitriah sarta Kang Dandi anu managerna Néng Bubuy Bulan, loba kasakit anu bisa dicageurkeun di Ceragem saperti diabét, syaraf kejepit, asam lambung, nyeri tuur, kasakit mata jeung anu lianna.

Pasén anyar kudu ngawanohkeun diri. (éép nr)

“Tapi nurutkeun survéy tina pangakuan para tamu nu sumping ka Ceragem, panyakit asam lambung nu pangseueurna damang, margi mémang pangseueruna nu karaos ku para tamu,” ceuk Néng Bubuy Bulan.

Ngan rék panyakit naon waé, anu diterapi téh tetep dina bagian tulang belakang (tulang tonggong) ti mimiti tulang ékor (cungcurungan), cangkéng, walikat, punduk, beuheung jeung sirah bagian tukang.

Lamun terapi di Ceragem tingkat cageurna leuwih gancang téh kaharti ku akal. Komo keur nu boga panyakit syaraf kajepit mah, sabab titik-titik anu nyerina sakumaha anu dicaritakeun ku para pasén, beunang pisan ku alat batu giok téa anu tinggulusur dina tulang tonggong. Bari sakali diterapi téh waktuna 40 menit.

“Ari di rumah sakit mah lian ti ukur saminggu sakali téh sakali terapi mung 15 menit,” ceuk Bu Yayah warga Cibiru Wétan Kacamatan Cileunyi, Kabupatén Bandung.

Haratis

Nu daratang ka Ceragem lian ti nu harayang cageur, aya ogé anu ukur sangkan ngajaga awakna nu keur  séhat tetep séhat. Hal kitu saluyu jeung misi Ceragem Cikadut nu intina milu kontribusi dina ningkatkeun ajén kahirupan sakabéh tamu di dunya, nu miharep hirup séhat jeung bagja ku nyadiaan produk jeung pelayanan, sarta meunang kapercayaan ti para tamu.

Préséntasi ti para staf, nambahan kaweruh jeung kagumbiraan keur para pasén. (éép nr)

Dina acara babagi pangalaman, réa hal anu matak ahéng. Diantarana pangalaman Pa Dikdik anu panyakit matana ku sababaraha dokter geus divonis moal bisa normal deui. Malah bakal moal bisa nempo keur salilana.

“Alhamdulillah sapantos dikeureuyeuh di Ceragem, soca sim kuring tiasa ningal deui kalawan jelas,” ceuk Pa Dikdik hareupeun para tamu.

Pangalaman Ibu Megah béda deui. Nyaéta katarajang panyakit diabét anu parna pisan. Nepi ka dina bagéan sukuna kudu diamputasi. Padahal Ibu Megah téh sapopoéna karyawan bank bari sok jadi instruktur senam. Alhamdulillah teu jadi diamputasina. Ibu Megah kiwari cageur sanggeus diterapi di Ceragem.

Suasana interaksi para staf jeung pasén saméméh diterapi. (éép nr)

Kitu deui H. Koswara anu pangalamanana sarua jeung Ibu Megah. Teu jadi diamputasina. Malah ayeuna geus bisa momotoran deui. Jeung réa-réa deui pangalaman anu sabenerna mah siga pamohalan bisa dicageurkeun.

Anu jelas, diterapi di Ceragem mah henteu mayar alias haratis. Henteu kudu ngonsumsi obat-obatan deuih. Bisi panasaran, datang baé ka Ceragem nu alamatna di Ruko Cikadut Nasution Square No. 9. Jalan AH Nasution No. 103, Karang Pamulang, Kec. Mandalajati, Kota Bandung. (éép nr)

One thought on “CERAGEM; Terapi Asal Koréa nu Dideugdeug Para Lansia”

  1. Ceragem memang jempol dan hebat
    Pengalaman saya baru 3 minggu terapi
    Di seragem cikadut banyak sekali kemajuan yg terjadi pd sakit yg sy alami
    Meskipun sy datang nya sering bolong bolong terimakasih Ceragem dan para staf dan manager nya yg sangat ramah
    Semoga tetap jaya semangat💪💪🙏🏻🙏🏻

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *