“Carita klasik, Mang!”
“Naon téa, Lo?”
“Carita anu ‘awét’ ti mangsa ka mangsa, Mang!”
“Enya! Lalakon naon téa nu dimaksud ku Alo téh?”
“Kamiskinan di urang, Mang! Apan, éta mah, carita heubeul. Kawas nu hésé pisan diungkulanana!”
“Béda atuh Lo?”
“Béda kumaha, Mang?”
“Béda harti, klasik jeung heubeul mah!”
“Maksud Emang?”
“Mémang, klasik gé nuduhkeun kana hal-hal anu geus lila ayana atawa geus heubeul. Tapi, ari konteks kamiskinan mah, teu bisa diasupkeun kana ‘kolom’ klasik, Lo.”
“Kitu nya, Mang?”
“Saperti carita klasik, apan éta mah, ti antarana, sesebutan kana carita-carita heubeul atawa lagu-lagu lawas nu tetep dipigandrung.”
“Pada mikaresep nya Mang?”
“Enya, lagu klasik mah tetep jadi panglilipur keur nu ngabandunganana! Lian ti kitu, klasik mah mawa harti positif! Awét jeung alus!”
“Ari tuluy-tuluyan aya dina kamiskinan mah, matak loba mamalana!”
“Kitu pisan.”
“Saperti kamiskinan, di urang nya?”
“Naha ujug-ujug ka dinya, Lo?”
“Apan, perkara éta mah, geus sakitu heubeulna. Ti sainget alo, sual kamiskinan di ieu nagri kawas nu hésé pisan diungkulanana. Malah, jumlahna gé masih kénéh kacida lobana!”
“Ah, sok nyanyahoanan, Alo mah!”
“Ceuk béja, Mang.”
“Ulah waka percaya kana béja, Lo”.
“Ieu mah écés sumberna, Mang. Alo nyutat Kompas Kom, ( 9 Mei 2025). Rahayat di urang téh, kaasup 10 Nagara nu preséntase kamiskinanan panglobana!”
“Jadi nomer sabaraha cenah?”
“Ceuk éta warta mah, urutan kaopat, panghandapna!”
“Urutan kaopat mah alus atuh, Lo?”
“Ah, puguh sabalikna. Jadi nagara kaopat panglobana rayat nu miskinna.”
“Ceuk saha cenah, Lo?”
“Versi Bank Dunia, Mang!”
“Sok atuh tataan!”
“Kieu, cenah, Mang! 1. Afrika Selatan: 63,4 persén 2. Namibia: 62,5 persén 3. Botswana: 61,9 persén 4. Indonesia: 60,3 persen 5. Guatemala: 57,3 persen 6. Guinea Khatulistiwa: 57 persén 7. Armenia: 51 persén 8. Fiji: 50,1 persén 9. Georgia: 35,6 persén 10. Gabon: 34,6 persén.”
“Ih, geuning loba kénéh ‘balad’, Lo?”
“Ah, Emang, mah!” (*)

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *